Metode Bahasa Inggris 468 x 60

Lalab: Gélang

 
Gélang (Portulaca oleracea) atawa Krokot (Bahasa Indonesia) asup kana Divisio Magnoliophyta, Klas Magnoliopsida, Ordo Caryophyllales, Famili Portulacaceae, Genus Portulaca.

Lalab ieu ngabogaan ciri nu mandiri nyaeta rupa daunna héjo semu beureum sagarédé kwaci, kandel, tur buleud kahareup, méncos kana dahan. Tangkalna beureum hérang tur rangu.  Hirupna namprak mekar ngarayap dina taneuh anu lendo.  Biasana dina heuleuran (jumplukan anu diselangan ku kamalir cai) di kebon, atawa dina sisi jalan, jeung galengan. Rupa kembangna koneng namprak laleutik. Jangkrik kacida resepeunna kana ieu daun Gélang téh.

Lalab ieu diarah kabéhannana. Tangkal jeung daun.  Saacan dituang dileob heula ku cai panas, da ari dikulub mah ledek jeung ancur.

Rasa Gélang asin semu haseum jeung leueur.  Dicoél jeung sambel naon waé gé ni'mat.  Sok komo diasinan mah, ni'matna ditambul.

Lamun diasinan, lalab Gélang meunang ngaléob dihijikeun jeung kulub pucuk daun waluh léjét, léob kacambah, atawa kulub kangkung, atawa kulub génjér.  Laju dikucuran ku sambel goang (céngék, uyah, pécin).  Nuangna ditambul dina piring kicimpring.  Bari seuhah téh kop deui kop deui.

Sajaba ti jadi lalab, Gélang ogé ngabogaan mangpaat keur kaséhatan.  Numutkeun WHO (World Health Organization) tanaman ieu kaasup kana daftar tanaman obat nu diprioritaskeun di dunya.  Cenah teu kurang ti 23 nagara nu ngamangfaatkeun ieu jukut. Di China disebatna ma chia xian, oge sohor di farmakologi China mangrupakeun obat disentri, jeung penenang. 
 
Cara ngagunakeun jang nambaan diantarana:
  1. Ngubaran nyareuri awak, bisul, pegel, radang gusi, panyakit konéng, radang payudara, jeung mejen getih, sarta gangguan sistim saluran kencing. Cara ngagunakeunna : Gélang (Tangkal jeung daunna) 9-13 g, dikulub dina tilu gelas cai, sing nepi ka orot jadi sagelaseun éta cai panguluban téh, terus diinum sing rotin 3 kali dina sapoe.
  2. Borok, eksim, diseureud seungseureudan, jeung radang kulit. Cara ngagunakeunna : Gélang nu meunang ngumbah dibebek sina lembut, ditambahan ku uyah saemét dina éta bebekan téh. Saterusna dipopokeun kana bagéan awak nu keuna ku panyakit tadi.
  3. Harééng. Cara ngagunakeunna : Sakeupeul Gélang diléob terus dahar ditambul
  4. Ratug jantung (seseblakan). Cara ngagunakeunna : 4 gagang tangkal Gélang meunang ngumbah, dirieus. Tambahkeun satengah gelas ciasak hérang, terus diperes. Saring cai peresan tadi terus campurkeun sasendok madu, inum 2 kali sapoé.
  5. Nyeri Beuteung. Cara ngagunakeunna : Leumpeuhkeun (dina panonpoe atawa nu barang panas lianna) 550 gr Gélang salila 3 - 4 menit, terus ditutu nepi ka lembut, peres tutuan tadi nepikeun ka jadi 150 mL (kurang leuwih ¼ gelaseun), terus diinum tiga kalieun dina sapoé éta masing-masing 50 mL.
  6. Radang usus buntu. Cara ngagunakeunna : Sakeupeul Gélang dirieus nepi ka lembut, terus diperes, tambahkeun gula jeung cai haneut, inum 3 kali dina sapoéna.
Kenging nyutat tina seratan Kang Syihabudin di Grup FB Pustaka Sunda
    Mairan ku Google
    Mairan ku Facebook