Metode Bahasa Inggris 468 x 60

Pantun Sunda


PANTUN Sunda, nyaéta carita tutur dina wanda sastra sunda buhun nu dipidangkeun ku cara paparan (prolog), paguneman (dialog) jeung dihariringkeun.  Dina widang mentas, pantun mangrupa lalakon wayang nu teu maké waragad (alat) carita.  Dina widang kasenian, pantun Malayu ngandung harti sisindiran, ngan pantun Sunda nyurup dua bagéan, nyaéta cangkang (sampiran) jeung eusi.

Nurutkeun kana sajarah, pantun sunda geus nanjeur saprak jaman Langgalarang, Banyakcatra jeung Siliwangi, matak teu anéh, pantun loba ngabahas carita nu tilu éta.  Teu saukur di sabudeureun Bandung, budaya mantun midang ogé di Baduy, Kuningan, Majalengka, Garut, Banjar, jeung Sumedang.

Inohong nu kahot Di Cianjur, wastana R. Aria Cikondang (abad ka 17), Aong Jaya Lahiman jeung Jayawireja (abad ka 19). Di Bandung kawentar Ucé, juru pantun Kabupaten Bandung (awal abad ka 20) jeung Pantun Beton "Wikatmana" (nengahing abad ka 20) jeung di Bogor kawentar juru pantun Ki Buyut Rombéng.

Nilik tina rupa pantun, puisi heubeul Indonesia miwanoh istilah Karmina atawa Pantun Kilat, Talibun, Gurindam, Bidal, Seloka, Sékstét, jeung Sonéta. Aya 3 rupa sisindiran nu dipiwanoh masyarakat Sunda, nyaéta paparikan, sesebrét, jeung wawangsalan. Rupa nu ilahar remen dipaké nyaéta paparikan.  

Sesebrét mangrupa pantun heureuy.

Conto:
Samping hideung dina bilik
Neundeun bokor di golodog
Bujur hideung euweuh milik
Kudu dipaléngpéng ku bedog


Paparikan kaasup pantun opat baris nu biasana tiap baris eusina 8 silabe (engang). Kaunikan paparikan, silabe panungtung tina baris mimiti, dibalikan deui dina silabe mimiti ka baris kadua.

Conto:
Ari ayang-ayang gung
Gung goongna ramé
Ongkoh hayang tapi bingung
Teu daek sieun kajampé


Wawangsalan bisa disinonimkeun ku pantun tetebakan.

Conto:
Belut sisit saba darat
Kapi raray siang weungi
Jawabanna nyaéta oray.


Waragad tatabeuhan (musik), dipaké keur pamikat carita nu dipidangkeun.  Jadi kawentar jinis tatabeuhan (pola irama), saperti dorongdong, karatagan, jeung kulu-kulu.

Kulu-kulu, ilahar dipaké dina adegan nyaritakeun Putri keur di taman. Karatagan, biasa dipidangkeun sa'ah satria rék indit ka médan juang, ngan biasana pirigan leuwih digancangkeun dina carita perang campuh (Kulu-Kulu Gancang). Dorongdong, biasa dipaké dina kaayaan satria keur aya di leuweung atawa rék ngapung.

Biasana adat tatali karuhun, sok dibarengan ku sasajén, eusina dua wadah. Ngandung istilah parawanten.  Eusina sasajian sarupaning amis-amisan, cau, leupeut tangtang angin,  bubur beureum-bodas, bakakak, puncak manik, kalapa ngora, surutu, rurujakan, cikopi pait jeung amis, gula batu, entéh sinték, béas (dicampur jeung konéng (kunyit) dihias endog jeung duit (diwadahan kana rantang).
    Mairan ku Google
    Mairan ku Facebook