Metode Bahasa Inggris 468 x 60

Génjlong 1845: Konspirasi di Lingkungan Ménak Bandung (Bagean II)

ANU jadi Regen Bandung jenenganana dalem Adipati Wiranatakusumah, anu disebat Dalem Karanganyar, ari anu jadi jaksa ngaranna Radén Naranata. Éta regén jeung jaksa tunggal wargina; kapernah sabrayna mindo. Ari éta jaksa téa adatna kurang pantes, adigung, jeung ana ngomong ka baraya-baraya songong. Lila-lila kalakuanana jaksa kitu téh katingali ku Dalem jeung ku Tuan Asistén anu jenenganana Tuan Nagel. Tuluy éta jaksa dibarempugkeun baris dipocot.

Kacaritakeun aya mualap Cina ngaranna Munada, cicingna di Pasar Baru, dagang leuleutikan baé rupaning boéh, totopong nu bangsa marurah. Dina hiji mangsa éta Munada boga hutang lélang, ajén-inajén dua atawa 30 rupia, geus liwat témpona tacan mayar. Tuluy disaur ku Tuan Asistén, disabab jeung dicarékan. Ku sabab bangsa Cina téa, manéhna ngalawan ka Tuan Asistén, ninggang Tuan Asisténna gedé napsu, éta Munada ditinggang ku korsi datang ka rubuh.

Soréna jaksa meunang béja yén Munada ditinggang ku korsi datang ka rubuh. Tuluy éta jaksa indit ka imah Munada. Ari caturna kieu: “Lamun manéh bisa mah Munada, coba éta Asistén jeung Regén paéhan baé, mangké déwék anu nulung manéh.”

Walon Munada: “Lamun kitu sumangga pisan mangké subuh-subuh kuring rék nyieun kahuruan di Pasar Ciguriang sakuloneun kabupatén.”

Gancangna waktu subuh der aya kahuruan, mimitina ti imah randa. Tuan Asistén jeung kangjeng dalem pada sarumping kana éta kahuruan. Kangjeng Dalem ti beulah kidul angkat ka kalér, ari Tuan Asistén ti kalér ka kidul. Anu pangheulana sumping kana kahuruan Tuan Asistén, saheulaeunana leumpang hiji upas bari nyorén pedang. Barang Munada disingkirkeun ku éta upas, manéhna newek ku keris keuna kana leungeun upas. Tuan Asistén maju rék nulungan, tapi Munada newek ka Tuan Asistén keuna kana harguna tuluy rubuh. Harita sidik katingali kacaangan ku seuneu kahuruan anu newek ka anjeunna, tuluy ngagorowok: “Tangkep Si Munada!”

Ari Munada lumpat ka béh kidul, papanggih jeung Lurah Pasar, bangsa Jawa. Barang Munada rék newek, dipiheulaan newekna ku Lurah, rumpuyuk Munada rubuh, tapi barang rék ditéwak, Munada luncat, ngan beunang kerisna baé. Jadi aya dua keris anu boborot ku getih, nu hiji keris Munada, pinuh ku getih Tuan Asistén, nu hiji deui keris Lurah Pasar, pinuh ku getih Munada. Tapi hiji jelema ogé, sakitu ratusan, taya nu nyaho yén Munada ngamuk. Ngan Tuan Asistén baé anu ningali sidik téh, tapi teu lila lajeng wapat dina éta tempat kahuruan. Upas anu ditewek leungeunna téa henteu nyahoeun saha anu newek ka manéhna, samalah Lurah Pasar oge henteu terangeun di jalmana, sangkilang kerisna beunang. Ngan isukna réa nu nerangkeun yén éta keris bogana Munada.

Ti dinya tuluy Munada ditaréangan ku jelema ratus-ratus, tapi weléh henteu kapanggih. Kacaturkeun waktu tadi di Pasar Ciguriang aya kahuruan, watara pukul tujuh isuk-isuk, aya ménak nonoman nitih kuda sarta panganggona ginding, ménta dipeuntaskeun di Citarum lebah Dayeuhkolot, sabab jaman harita acan aya jambatan di Citarum téh. Ari omongna anu éta numpak kuda téh: “Geuwat ieu déwék peuntaskeun, nya déwék nu ngaran Munada tukang dagang di pasar Bandung jeung anu kongas bobotoh ngadu hayam Kangjeng Dalem téa.”

Ari jaman harita samangsa bobotoh ngadu hayam kangjeng dalem sok pada ngajénan.

Tuluy dipeuntaskeun sarta ti lembur ka lembur deui ménta dianteurkeun, kitu baé nepi ka soré, terus mapay jalan ka Tarogong.

Kira geus tengah poé ménak-ménak jeung pulisi-pulisi di kota Bandung pada meunang béja yén Munada geus meuntas Citarum ti Dayeuhkolot sarta ngaku jadi bobotoh ngadu hayam Kangjeng Dalem. Ti dinya brul baé jalma lalaki sakota Bandung pada nyusul sarta marawa gagaman. Tapi teu kasusul, sabab kaelatan teuing, Munada meuntasna lebah Citarum watara pukul tujuh, ari nu nyusul datangna ka dinya geus liwat lohor.

Ti harita jalma sa-Kabupatén Bandung pada ngarahrah di lembur-lembur, di leuweung-leuweung, nepi ka dua bulan lilana teu manggih baé katerangan. Lila-lila aya urang Tarogong anu ngomong yén éta mah anu tumpak kuda, anu dianteur ku urang Majalaya, Radén Wiria, jurutulis jaksa. Ti dinya tuluy dipariksa sarta ditepungkeun jeung tukang meuntaskeun di Citarum Dayeuhkolot téa, jeung nu ngiringkeun ti lembur ka lembur deui, ana dipariksa kabéh pada nujul yén anu ngaku éta Munada téh. Barang dipariksa éta Radén Wiria, pokna meunang paréntah ti jaksa.

Gancangna jaksa ditangkep, tuluy diiangkeun ka Surabaya sarta teu kacatur balikna deui ka Bandung.

Geus nepi ka tujuh bulan ti wates Tuan Asistén Nagel dipaéhan, teu aya kénéh baé katerangan, ka mana bralna éta Munada.

Tuan Asistén tuluy nyanggakeun voorstel ka gouvernement supaya Regén Bandung Raden Adipati Wiranatakusumah dilirénkeun tina jadi bupatina, lantaran katempuhan pédah familina.

Henteu sabaraha lilana datang lepasan sarta dialihkeun linggihna ka Cianjur. Meunang lima taun di Cianjurna, mulih-mulih sanggeus putrana jumeneng Bopati Bandung, anu disebut Dalem Bintang téa.

Sanggeus Jaksa Bandung anu ngaran Naranata téa dibuang ka Surabaya, geus duaan anu ngaganti jadi jaksa, tapi teu kamanah baé ku asistén anyar téh. Tuluy gouvernement ngangkat Raden Suriadilaga, ajun jaksa di Purwakarta, jadi jaksa di Bandung.

Sanggeus tetep dina pagawéanana kabeneran aya randa, urut bojona jaksa anu dibuang ka Surabaya téa, tuluy ditikah. Ti bojona anu anyar téa jaksa téh meunang katerangan, sihoréng téh pangna éta Munada henteu baé katangkep, disumputkeun ku Jaksa Naranata. Sanggeus Munada maéhan Tuan Asistén Nagel, waktu subuh-subuh téa dina kahuruan, soréna poé éta kénéh, éta Munada ditanya ku jaksa anu dibuang, naha mending dihukum gantung atawa rék maéhan manéh baé.

Ari jawaban Munada: “Kuring mah hayang dipaéhan ku Juragan Jaksa baé.”

Kira tengah peuting tuluy Munada diasupkeun kana peti geledeg, beuheungna dicangreudan ku tali, sanggeus paéh tuluy digotong ku opat jalma dipalidkeun ka Citarum.

Semet kitu cariosan Munada téh teu aya deui kebatna, tapi éta katerangan beunang jaksa nu asal ti Purwakarta téa, geus leuwih ti dua taun ti wates Tuan Asistén Nagel dipaéhan.
    Mairan ku Google
    Mairan ku Facebook