Metode Bahasa Inggris 468 x 60

Mudik

LANTARAN dianggap kagiatan anu pohara pentingna, Rhoma Irama nepi ka nyieun lagu husus ngeunaan mudik. Sabagian rumpakana "Aku mau bicara soal mudiiiiik. Tentu saja bagi penggemar mudiiiik ....."

Di lembur pun uing, Pagerageung Tasik, mudik teh geus dianggap hiji kawajiban. Ari sababna, geus jadi hukum urang Pagerageung, lamun teu mudik salebaran teh dianggapna teu boga ongkos. Teu mudik dua lebaran, dianggapna boga deui nu ngora. Lamun teu mudik tilu lebaran, dianggapna balad Bang Toyib.

Sanajan geus pasti kudu ngalaman macet, tapi mudikwan jeung mudikwati langka nu ngarasula. Demi kandaraan anu digunakeun oge saayana. Aya nu make motor ka tukangna make paranggong awi keur neundeun dus. Aya nu make mobil bak terbuka nu ditiungan ku terpal. Karereanana mah nya tumpak kandaraan umum.

Lantaran kagiatan mudik salawasna kudu ngalaman kerusuhan (sarerea rusuh hayang geura nepi ka lembur), dina ngaliwatan daerah konflik (lamun mudikna ti Bandung ka Tasik mah nu dimaksud daerah konflik teh Rancaekek, Nagreg, Limbangan jeung Gentong), tampolana sok ngalantarankeun kacilakaan nepi ka menta korban jiwa. Lebaran taun ieu, kacatet leuwih ti 500 urang mudikwan jeung mudikwati anu tiwas alatan kacilakaan patalimarga. Lantaran loba menta korban, aya hadena pamarentah ngadegkeun kementrian husus anu ngurus bab mudik, ngaranna bisa Menkopulkam (Menteri Koordinasi Pulang Kampung).
Supaya mudik lancar, aya rupa-rupa pasaratanana, nya eta:
  1. Saacan urang ninggalkeun imah, kudu yakin yen eta imah teh geus dikonci sarta urang teu kakonci di jero imah.
  2. Mawa baju sacukupna we, teu kudu dibawa kabeh, da ieu mah mudik lain rek pundung.
  3. Barang-barang anu dibawa anu dianggap perlu jeung teu matak ngabarabekeun. Komputer, TV, kulkas, lomari jeung ranjang mah asa teu kudu dibawa mudik.
  4. Lamun mudikna tumpak beus, kudu bener jurusanana. Ulah rek mudik ka Tasik, der urang tumpak beus jurusan ka Pandeglang.
  5. Dina jero beus asa teu kudu difoto selfi jeung supir, sabab supir bisa leungit konsentrasi.
  6. Lamun ditanya ku kondektur rek kamana, urang ngajawabna ulah nyebut "ke hatimu", sabab bisi dianggap jalma alay.
  7. Usahakeun diukna dina jok panghareupna, sabab bakal tereh nepi.
  8. Samemeh mudik, kudu yakin yen urang teh bener-bener boga lembur.
  9. Waktu turun tina beus, kudu yakin yen nu diajak turun ku urang teh pamajikan urang, lain pamajikan batur.
Sabada mudik, tangtu urang kudu mulang ka padumukan. Ku nempo sareretan, bakal kabireungeuh jalma nu kakara mulang mudik lebaran mah, diantarana:
  1. Imahna paburantak. Piring kumbaheun, seuseuheun tingtalambru.
  2. Suku rorombeheun, biwir barusuh jeung nyeri beuteung alatan tambarakan sagala didahar teu cageur-cageur.
  3. Listrik, telepon jeung PAM acan dibayar. Teu bisa make duit arisan, sabab memeh mudik urang geus menta meunang arisan diheulakeun.
  4. Saldo ATM kurang ti saratus rebu. Unggal ngasupkeun kartu kana ATM, langsung ATM menta hampura: "MAAF SALDO ANDA TIDAK CUKUP"
  5. Hoream balik ka imah, sabab ditungguan ku debt colector.
  6. Mitoha manyun wae da teu dipangmeulikeun baju lebaran.
Kurang leuwih kitu tah suka duka mudik teh. Kacindekanana, luyu jeung hakekat lebaran mulangkeun urang kana kaayaan fitri, dompet urang ge sarua milu fitri, suci jeung beresih.

Sumber : Majalah Cakakak
    Mairan ku Google
    Mairan ku Facebook