Metode Bahasa Inggris 468 x 60

Bilatung Ninggang Dagé Geus Jadi Sabiwir Hiji


“Kawas bilatung ninggang kana dagé, anu dimekarkeun ku urang Indramayu seuhseuhanana mah geus nyampak di Subang ....”

Éta ungkara meunang nyutat tina Galura, Edisi Minggu II Méi 2014, judulna “Mamanukan Ngabintih Sisingaan”. Ceuk anu nulisna, Nana Munajat, sisingaan di Subang téh ayeuna kadéséh ku mamanukan. Anu dimaksud sisingaan di dieu nyaéta jenis seni tradisi, anu sakapeung sok disebut gotong singa. Ayeuna mah bentuk singa téh diganti ku bentuk manuk, nya disebut mamanukan. Ku kamotékaran seniman Subang, ieu bentuk manuk anu asalna tina sandiwara masrés has Indramayu téh terus diropéa, tepi ka ahirna kiwari loba nu mikaresep. Mun téa mah mamanukan kiwari mekar, sabab bahan dasarna di Subang geus nyampak, nyaéta sisingaan téa. Nya ku anu nulisna tepi ka dipapandékeun kawas bilatung ninggang kana dagé.

Heup waé lebah kumaha mekarna mamanukan tepi ka ahirna bisa ngéléhkeun sisingaan mah, moal rék dipedar dina ieu tulisan. Ngan anu hayang dipairan téh, éta, lebah ngagunakeun ungkara “kawas bilatung ninggang kana dagé”. Mun téa mah maksud Nana Munajat nyutat paribasa anu geus hirup dina pakumbuhan urang Sunda, ungkara nu aslina “kawas bilatung ninggang dagé”. Jadi teu diémbohan ku kecap “kana”.

Naon ari maksudna paribasa “bilatung ninggang dagé”? Naha payus mun dilarapkeun kana tulisan beunangna Nana?

Ceuk dina kahirupan urang réa, paribasa “bilatung ninggang dagé” téh hartina jalma anu teu jujur bet kabeneran meunang kasempetan anu nguntungkeun dirina, tepi ka manéhna bisa sakama-kama. Jigana teu pati jauh tina harti paribasa “kawas monyét dibéré séséngkéd”. Geus puguh dina urusan tuak-taék tataékan mah monyét téh ahlina, der dibéré séséngkéd, atuh puguh waé beuki palinceng.

Tah bilatung anu kabeneran ninggang dagé gé kitu. Bilatung téh apan sato pikarujiteun, hirupna dina barang anu geus buruk atawa butatayan. Geus jadi kacapangan, mun dahareun geus buruk, kaasup deuih bangké anu teu diruang, ilaharna sok ditapuk bilatung. Mémang enya, kecap “bilatung” dina basa Sunda téh ngandung harti. Harti séjénna nyaéta sesebutan pikeun anak ucing. Tapi ari “bilatung” dina paribasa “bilatung ninggang dagé” mah tujulna kana sato pikarujiteun téa.

Ari dagé, heueuh, apan éta téh kadaharan anu diburukkeun. Puguh waé mun bilatung napuk dina dagé téh nya kahayangna. Éta pangna paribasa “bilatung ninggang dagé” téh dihartikeun sakumaha anu bieu ditétélakeun.

Taya salahna mun urang niténan pamanggih séjén. Ceuk R.A. Danadibrata dina Kamus Basa Sunda, “bilatung ninggang dagé” téh dihartikeun “awéwé nu boga rupa hadé dikawin ku nu beunghar”. Har, naha geuning béda hartina, tur pajauh deuih? Jih, nya keun waé, da meureun aya asbabun nujulna pangna Danadibrata nyebutkeun kitu gé. Tapi ari ceuk didieu mah asa loyog kénéh harti anu kahiji, nyaéta jalma anu teu jujur meunang kasempetan anu nguntungkeun dirina téa. Ari sababna, kecap “bilatung” asa teu keuna mun disurahan awéwé geulis, da apan bilatung mah sato pikarujiteun. Ari ceuk pamangih didinya kumaha?

Kumaha atuh tulisan Nana Munajat téh kuduna? Ceuk pamanggih didieu mah teu kudu ngagunakeun ungkara “bilatung ninggang (kana) dagé”, sabab harti éta paribasa téh négatif. Jadi asa teu cocog mun dilarapkeun kana ungkara anu ngébréhkeun mekarna jenis kasenian, da tangtu waé éta mah positif.

Mun teu remen gé, sok rajeun kapanggih teu merenahna ngalarapkeun babasan atawa paribasa. Geura contona “geus jadi sabiwir hiji”. Ilaharna éta paribasa téh kiwari dihartikeun “geus jadi kacapangan atawa bahan catur balaréa”; bisa jadi lantaran unsur kahadéanana, atawa bisa waé ku sabab kagorénganana.

1. Balabahna Pa Haji Usép ka pakir miskin, di ieu lembur geus jadi sabiwir hiji.
2. Pokona geus jadi sabiwir hiji, lurah téh nilep anggaran pikeun ngawangun balé désa.

Conto kalimah kahiji ngébréhkeun, paribasa “geus jadi sabiwir hiji” téh tumerap dina hal anu positif. Sabalikna, ari dina kalimah kadua mah ngébréhkeun anu négatif.

Naon saenyana ari harti “geus jadi sabiwir hiji”? Naha enya hartina geus jadi bahan catur balaréa, sakumaha dina dua conto kalimah bieu, rék hal nu positif, rék nu négatif?

Lamun dijujut sarsilahna, ungkara “sabiwir hiji” téh tina wawangsalan. Mun biwir ngahiji (maksudna biwir ti sajelema, lain ti dua jelema), hartina balem. Éta pangna eusi wawangsalan “geus jadi sabiwir hiji” téh nyaéta geus jadi pangaleman. Kecap pangaleman téh asalna “alem”, dinasalkeun jadi “ngalem”, terus ditambahan rarangkén barung pa-an, jadi wé “pangaleman” anu maksudna pamujian. Ungkara “balem” padeukeut sorana jeung “alem”. Apan kitu dina wawangsalan mah, méméh diteguh eusina téh kudu ditéangan heula wangsalna. Contona “kauntun tipung katambang béas” anu hartina laksana, sabab wangsalna téh laksa. Kitu deui “kendang gedé pakauman”, anu hartina dag-dig-dug rasaning ati, sabab wangsalna téh bedug. Heueuh, kendang gedé anu aya di kaum atawa di masjid téh apan nya bedug téa.

Ana kitu, ceuk pamanggih didieu, paribasa “geus jadi sabiwir hiji” téh tumerapna ngan wungkul kana hal-hal anu positif. Ari anu négatif mah, kawas lurah anu nilep anggaran keur ngawangun balé désa, ulah maké ungkara “geus jadi sabiwir hiji” atuh, da peta kitu mah henteu matak jadi pamujian. Duka teuing kétang lamun bangsaning nilep anggaran dina jaman kiwari geus dianggap laku lampah positif mah!

Naha urang réa rék maké harti nu mana? Naha “geus jadi sabiwir hiji” téh rék dipulangkeun kana harti asalna, nyaéta geus jadi pangaleman atawa pamujian balaréa, atawa rék dijinekkeun waé hartina geus jadi kacapangan atawa bahan catur balaréa? Jih, nya nyanggakeun, da ari basa mah apan boga saréréa. Didieu mah ukur ngasongkeun pamanggih, dumasar kana alesan katut kasang tukangna. Kitu tah.
    Mairan ku Google
    Mairan ku Facebook