Metode Bahasa Inggris 468 x 60

Ciwang


CIWANG téh kadaharan nu dijieun tina bahan aci kawung dipurulukan ku bawang beureum beunang ngagoréng jeung salédri saeutik. Ieu kadaharan biasana dijieun pas Bulan Puasa, khususna di pilemburan.

Nyieunna mah teu pira, ukur aci digodog tuluy ditamperkeun kumaha wé nyieun ager-ager. Teu kudu diasupkeun kana kulkas.  Geus ngadagleg, purulukan we ku bawang jeung salédri saeutik meh mantes. Tuluy ngaréndos céngék maké uyah, banjur ku cai minangka keur baturna. 

Segerrrr....

(Ti grup FB Pustaka Sunda)
    Mairan ku Google
    Mairan ku Facebook

0 comments:

Post a Comment