Metode Bahasa Inggris 468 x 60

Conto-conto Uleman Pernikahan


1.
Murba kawening galih, kasertaan manah pala wargi. Sim kuring seja syukuran walimatul ursy pun anak
…………………………. & ……………………….

nu di laksanaken dina:
Dinten……
Waktos...
Tempat.....

Mung sakitu ti Sim kuring sakulawargi.
Kasumpingan pala wargi, sim kuring sakulawargi negrakeun kabingah nu taya hinggana.

Wassalam....

Keluarga……………….

2.
Assalamu'alaikum Warahmatullahi Wabarakatuh
Nitih wanci takdir Gusti, ninggang mangsa Qodho Allah, cunduk wuku panjurung nu Maha Agung, pasini mugi ngajadi, subaya geusan laksana. Malati ligar na ati, taraté mekar na hate, mawar mangkak kembangan. Beber layar tarik jangkar mungkas mangsa lalagasan, nincak mangsa walimatul usry pun anak Insya Alloh dina:

Dinten                :
Waktos              :
Padumukan       :

Kalintang bingahna ati, upami cunduk waktuna rurumpaheun kersa sumping, kanggo mekelan pidu'a hirup sinareng huripna, nanjung apanjang apunjung, Dianti ku asta kalih, bagja kalingga murda. Hatur sewu nuhun kana du'a sareng kana kasumpinganana.

Wassalamu'alaikum Warahmatullahi Wabarakatuh

3.
Assalamu’alaikum Warahmatullahi Wabarakatuh

Tatandang nu bakal midang, balebat mangsana miang, cunduk waktu nu rahayu nitih wanci mustari ninggang mangsana waluya malati ligarna ati, kembang tanjung nugumulung pameungkeut cangreud kadeudeuh, pakait patali asih pasini rintih ngahiji subaya nyata geugeut layeut laki rabi sareng pamugi dianti-anti nyakseni Walimatul Nikah pun anak anu Insyaallah bade dilaksanakan dina :

Dinten                  :
Ping                     :
Waktos                :
Tempat                :

Mugia dina waktosna Bapa/Ibu/Saderek ngersakeun rurumpaheun sumping ka rorompok riung mungpulung ngedalkeun katresna manah sasarengan jajap du’a pamugi ginanjar kawilujengan ginuluran rakhmat Allah kalayan aya dina karidoan manten-Na.

Wassalamu’alaikum Warahmatullahi Wabarakatuh

 4. 

Bismillahi tawakkaltu ‘alallah laa haula walaa quwwatailla billah. Sanes teu paos salira nuju riweuh pabetot waktos kapentes pancen teu kantos anggeus. Bilih janten carios, pajar …. meuni teu wartos-wartos. Wireh sim kuring baris ngajurung pun anak mungkas lagas ………….  ngadahup ka …………………

Walimatul’urusy insyaallah:

Dinten ………………
Di ……………….

Pamugi dina emprona salira luntur galih ngersakeun atanapi maksakeun rungrum restu ka pun anak sakalih.

Leah manah duum du’a mapatkeun tahniah. Nganteur ngareumbeuy deudeuh ngarunday kanyaah. Timpah nuhun ti anggalna, kawuwuh du’a jazakumullah.

5.
Assalamualaikum Wr.Wb
Geusan nembrakkeun kabingah nu tan wates wangenna a tur tan wiwilangan ka Allah nu murbeng alam manawi tinemu mangsa rahayu tur nyampak mangsa lugina, taya halangan harungan, sim kuring seja mungkas lalagasan seja syukuran ka mantenna, dina raraga jatukrami anu insya allah dilaksanakeun dina :

Dinteun               :
kaping                  :
Tabuh                   :
Tempat                :              

Teu aya sanes, wening galih nu dipamrih, leah manah nu diseja, mugia luntur kalbu kersa rumojong dorong du'a, malah mandar tiasa ngawangun rumah tangga anu sakinah, mawadah, warahmah, tur mangrupi kabagjaan nu taya hinggana saupami kersa sumping rurumpaheun geusan ngariung mungpulung dina waktosna.

Wassalamu’alikum Wr. Wb.

6.
Assalamu’alaikum Wr. Wb.

Ngucruk galur sunnah Rosul, nincak lacak Syariat Islam, tresnaning asih nu jadi pamatri salam subaya panyangsang rasa. Gelarna jangji pasini, patepung lawung di balé nyungcung seja miang nyungsi rarabi. Diwuwuh pangersa Gusti Robbul Ijati, dirungrung rahayu indung, dijajap darajat bapa, diaping dangding pepeling, direka endahna tresna, diwuwuhan dunga mugia pinanggih bagja salawasna. Surat dipungkas ku tanggal lumangsungna acara walimatul ursy, dina:

Dinteun               :
kaping                  :
Tabuh                   :
Tempat                :             

Mugia tiasa ngersakeun sumping dina waktosna.

Wassalamu’alaikum Wr. Wb.

7.
Assalamu’alaikum Wr. Wb.

Nyukcruk galur sunnah Rosul, nincak adat Islam. Kersaning asih nu jadi pamatri, salam subaya nyungsi rasa. Gelar jangji nu pasini. Patepung lawung paamprok jonghok dibale nyungcung seja miang dipidangding, pepeling direka dina mangsa. Kalayan teu aya wagelan diwuwuh pangersa Gusti Nu Mahasuci, sim kuring seja ngalaksanakeun syukuran walimatul urusy pun anak.

………………………………………….

Ka

…………………………………………

Anu Insya Allah baris dilaksanakeun :

Dinten                  :
Tabuh                   :
Tempat                :

Bawiraos kapihatur kalintang bingahna saupami bapak/ibu/saderek kersa sumping dina waktosna, kalayan andum du'a mugia aya dina karidhoan Allah SWT.

Wassalamu’alaikumWr. Wb.

8.
Assalamu'alaikumWr. Wb.

Nitih wanci takdir Gusti, nincak mangsa qodlo Allah, neda pangjurung nu Mahaagung. Pasini ngajadi hiji. Beber layar tarik jangkar. Mungkas alam lalagasan. Jangji asih anu bihari kiwari dipatri ku jatukrami, dina:

Dinten, ping       :
Tabuh                :
Padumukan       :

Raos kagunturan madu karagragan menyan bodas saupami Bapak/Ibu/Saderek luntur galih rurumpaheun mekelan pidu'a, hirup sinareng huripna nanjung apanjang-apunjung mugia tinemu kulawarga Sakinah, Mawadah, Warohmah.

Hatur sewu nuhun laksa keti kabingahan kana kasumpingan sareng kana kaweningangalihna

Wassalamu'alaikum Wr.Wb

9.
Assalamu'alaikumWr. Wb.

Kairing laku nu tos baku, ilaharna nu tos biasa, disarengan seja ngalaksanakeun Sunnah Rasul, bari neda ka Gusti Allah nu Maha Suci, mugia kenging Rahmat sinareng panangtayungan disarengan pidu'a ti sadayana kadang wargi sinareng sujud syukurnu dipihero.

Seja nyambung saur nu kapungkur, mapag subaya nu tiheula nyungsi pasini bihari. Awahing bingah sareng panduk, réhna badé gaduh batur hirup geusanpaheuyeuk-heuyeuk leungeun. Kalayan ngahaturkeun sewu nuhun laksa ketikabingahan, kasuhun kalingga murba kaweningan galih kasetraan manah palawargi. Simkuringsakulawargi seja syukuran Nikahkeun pun anak,
…………………………………………………………..

Sareng

…………………………………………………………….

Dina …………………………... di …………………………………………….

Ku kituna simkuring sakulawarga ngantos kasumpingan para wargi, hoyong riung mungpulung mugia ridho galih, etang-etang siduru isuk, bari ngetrukeun du'a kapanganten. Kalintangbingahna nu taya hinggana ku kasumpingana para wargi, simk uring sakulawarga negrakeun kabingah nu tayahinggana.
Wassalamu'alaikumWr. Wb.

10.
Cunduk surup kana waktuna, geus tepi ka tapel watés. Nitih wanci nu mustari, ninggang mangsa nu utama. Kedal katresna geusan meungkeut dua ati kana tatali laki rabi. Nincak walimatul ursy dina:

Dinten                  :
Waktos                 :
Tempat                :

Murba kawening galih, kasertaan manah pala wargi tiasa sumping dinawaktosna. Ngajurung laku, ngajajap ku du’a mugia runtut raut sauyunan, ka ca ijadi salogak. Bébér layar tarik jangkar ngambah sagara kahirupan. Paguneman padungdengan antara batin duaan. Siliasah, siliasih, siliasuh, jeung silitalingakeun. Muru udagan nu jadi panyileukan. Runtut raut sauyunan, lambat-lambut ngawangun rumah tangga nu sakinah, mawadah, tur warohmah.
……………………………. & ……………………………           


11.
Assalamu’alaikum Warahmatullahi Wabarakatuh

Tatandang nu bakal midang, balebat mangsana miang, cunduk waktu nu rahayu nitih wanci mustari ninggang mangsana waluya malati ligarna ati, kembang tanjung nugumulung pameungkeut cangreud kadeudeuh, pakait patali asih pasini rintih ngahiji subaya nyata geugeut layeut laki rabi sareng pamugi dianti-anti nyakseni Walimatul Nikah pun anak anu Insya Allah bade dilaksanakan dina :

Dinten                  :
Ping                      :
Waktos                :
Tempat                :

Mugia dina waktosna Bapa/Ibu/Saderek ngersakeun rurumpaheun sumping ka rorompok riung mungpulung ngedalkeun katresna manah sasarengan jajap du’a pamugi ginanja rkawilujengan ginuluran rakhmat Allah kalayan aya dina karidoan manten-Na.

Wassalamu’alaikum Warahmatullahi Wabarakatuh

12.
Assalamu'alaikum Warahmatullahi Wabarakatuh

Nitih wanci takdir Gusti, ninggang mangsa Qodho Allah, cunduk wuku panjurung nu Maha Agung, pasini mugi ngajadi, subaya geusan laksana. Malat iligar na ati, tarate mekar na hate, mawar mangkak kembangan. Beber layar tarik jangkar mungkas mangsa lalagasan, nincak mangsa walimatul ursy dina:
Dinten                             :
Waktos                           :
Padumukan                  :

Kalintang bingahna ati, upami cunduk waktuna rurumpaheun kersa sumping, kanggo mekelan pidu'a hirup sinareng huripna, nanjung apanjang apunjung, Dianti ku asta kalih, bagja kalingga murda. Hatur sewu nuhun kana du'a sarengkana kasumpinganana.

Wassalamu'alaikum Warahmatullahi Wabarakatuh

13.
Assalamu’alaikum Wr. Wb.

Cunduk surup kana waktuna, geus tepi katapel wates. Nitih wanci nu mustari, ninggang mangsa nu utama. Kedal katresna geusan meungkeut cinta sajati kana tatali laki rabi. Bébér layar tarik jangkar ngambah jaladri rumah tangga. Nincak walimatul ursy dina:

dinten    :
waktos :
tempat :

Murba kawening ati, rasa, jeung raga. Kasertaan manah pala wargi ngajurung laku, ngajajap ku du’a mugia runtut raut sauyunan. Siliasah, siliasih, siliasuh, siliwawangi, tur silitalingakeun. Runtut raut sauyunan, lambat-lambut muru udagan nu jadi panyileukan sakinah, mawaddah, warahmah. Diantos kasumpinganana.

……………………………………. & ………………………………………………………

Wassalamu’alaikum Wr. Wb.


14.
Assalamu’alaikum Wr. Wb.
Kairing laku nu tos baku, ilaharna nu tos biasa, disarengan seja ngalaksanakeun sunna Rasul, bari neda ka Gusti Allah nu Mahasuci mugia kénging rahmat sinareng panangtayungan disarengan pidu’a ti sadayana kadang wargi. Sinareng sujud syukur nu dipihéro, seja nyambung saur nu ka pungkur, mapag subaya nu ti heula, nyungsi pasini bihari. Awahing bingah sareng panduk, réh séwuna badé gaduh batur hirup geusan paheuyeuk-heuyeuk leungeun. Kalayan ngahaturkeun séwu nuhun laksa ketikabingahan, kasuhun kalingga murda, kaweningan galih kasetraan manah palawargi.

Dinten                  :
Waktos                :
Tempat                :

Ku kituna sim kuring sakulawarga ngantos kasumpinganpara wargi hoyong ruing mungpulung. Mugia rido galih. Étang-étang siduru isuk,bari ngetrukeun du’a ka pangantén.

Kalintang bingahna anu taya hinggana ku kasumpingan para wargi, simkuring sakulawarga negrakeun kabingah nu taya hinggana.
………………………………………… & ……………………………………
Wassalamu’alaikum Wr. Wb.
*****

Catetan: Uleman tiasa waé dikombinasikeun/divariasikeun antawis bubuka, eusi, tur panutup tina hiji uleman nu hiji jeung nu séjénna.

Kenging nyutat ti Facebook Grup Pustaka Sunda
    Mairan ku Google
    Mairan ku Facebook