Metode Bahasa Inggris 468 x 60

Babasan - Ngadeupaan Lincar

MUN dina basa Inggris mah "proverb" meureun nya, babasan teh. Ungkara nu boga harti metafora, harti injeuman, lain harti sajalantrana sakumaha nu tinulis. Ungkara "ngadeupaan lincar" mun ditoong sahinasna, asalna tina dua kecap: "deupa" jeung "lincar". Ari "lincar" teh cemped pamageuh bilik imah panggung bagian luar nu panghandapna, saluhureun batu tatapakan. Sedeng ari "deupa", ukuran rentangan kadua leungeun, ti tungtung ramo kenca nepi ka tungtung ramo katuhu. Sok dipake keur ngukur panjang. Tangtu euweuh gawe mun aya jelema ngadon ngadeupaan lincar teh. Na matak naon make meteran, mun rek ngukur panjang lincar mah.

Tangtu kudu aya kasang-tukangna, mun ieu ungkara rek dibere harti injeuman mah. Kudu aya konteksna, sangkan kaharti ku akal. Nu antukna eta harti injeuman teh ditarima ku umum. Aya dongeng nu pakait jeung ieu babasan teh: Dongeng "Si Kabayan Ngadeupaan Lincar". Kacatur tatangga Si Kabayan hajat. Ari Si Kabayan kaliwat, teu diondang. Mangsana ondangan barang dahar, Si Kabayan ngamodus, ngadon ngadeupaan lincar imah sohibul hajat. "Ku naon Kabayan, jiga lain kolot wae, ngadon ngadeupaan lincar?" ceuk nu boga hajat. "Mun kolot ge, meureun diondang!" jawab Si Kabayan. Tah make konteks eta dongeng, kaharti weh, yen "ngadeupaan lincar" teh dibasakeun ka jelema nu salandar-séléndér ngadeukeutan nu keur kariaan supaya dihiap, diajak masamoan.
 
Aya conto sejen nu hade, babasan "ngadeupaan lincar" disusun jadi carita fiksimini.

===
 
Ngadeupaan Lincar
Ku Eni Setiani

Jam opat soré, Undi rérés mandi. Satutas disalin, sup ka dapur.
"Masak naon keur buka, Ma?" Irungna ungas-ingus.
"Urang ngarédok wé nya? Asinna urang beuleum!" témbal indungna.
"Ning seungit beuleum hayam!"
"Tuh! Bi Édoh. Tadi hayamna kadupak ojég, terus dipeuncit!" témbal indungna.
Wanci nyérélék ka Magrib. Undi indit nyampeur Oman budakna Bi Édoh.
"Omaaan! Cuang buka bareng, euy!" Undi gegeroan bari gigilisiran di pipir imah Bi Édoh.
"Hayu!" témbal Oman norojol ti jero imah.
Dur, Margib. "Urang rék nyokot heula sangu!" ceuk Undi. Teu lila geus kurumuy deui.
"Ning, sangu hungkul! Mana deungeunana?"
"Nyéta teu boga, matak ngajak bebekelan gé améh ni'mat ari ngariung mah!"
"Ké atuh urang nyokot keur manéh!" Oman ngaléos ka jero imah. Teu lila,
"Yeuh!" Oman ngasongkeun dua jangjang hayam meunang meuleum.
"Nuhun!" Undi nampanan bari ééléngéhan panonna ningali kana alas Oman nu ditumpangan pingping hayam.

(Seratan Ki Hasan dina Grup FB Pustaka Sunda)
    Mairan ku Google
    Mairan ku Facebook

3 comments:

  1. "Hello anjeun boga proyék nu Anjeun niatna keur pembiayaan atawa injeuman a? My name is Antoine DURAND I ngabogaan ibukota € 90.000.000 nu dipaké pikeun nyieun gajian ti 1000 € 50.000.000 € (PLN, CHF, ECTA mana wae jalma serius keur kapentingan 3% Lamun Anjeun kudu nyieun injeuman a, punten dicatet wewengkon mana kuring bisa mantuan Anjeun. * Financing * Real estate gajian * Investment gajian * injeuman Otomatis * konsolidasi Utang * Line of kredit * Kadua KPR * akusisi ti kiridit * Personal gajian.
    e-mail: service.durandantoine@gmail.com

    ReplyDelete
  2. maneh kudu injeuman ka mupus hutang Anjeun / tagihan, atawa ngamimitian nepi usaha? Saterusna mertimbangkeun masalah finansial Anjeun leuwih. Dina iklim ékonomi dinten ieu, manggihan sumber waragad dipercaya bisa frustrating jeung pinuh ku disappointments, tapi jeung rencana repayment injeuman canggih urang, dulur seuri imah. Cincinnati Financial Corporation nyadiakeun pembiayaan pikeun énergi alternatif, proyék real estate komérsial jeung pembiayaan pribadi; sahingga, nyusun injeuman a jeung urang téh basajan jeung lugas, merenah jeung gancang. Urang bisa mere Anjeun hiji saharita 'dina prinsip' kaputusan urang nimu Anjeun sababaraha ongkos injeuman pribadi paling kalapa sadia. Urang Tawarkeun layanan injeuman dijamin tina jumlah nu mana wae nu jeung bagian mana wae di dunya pikeun (individu, pausahaan, Realtors jeung awak perusahaan) di laju dipikaresep luhung urang 3%. tim urang ahli injeuman kahiji listens sasuai klien urang jeung saterusna nyadiakeun poto eta sareng leyuran injeuman pangalusna. Urang Tawarkeun gajian mimitian ti $ 100,000.00 Min. ka $ 900,000,000.00 Max. laju dipikaresep di 3% per taunan, gajian pikeun ngamekarkeun ékspansi bisnis Anjeun. Urang Certified, dipercaya, bisa dipercaya, efisien, Fast jeung dinamis. jeung ko-beroperasi financier keur real estate jeung nu rupa pembiayaan bisnis, urang méré kaluar injeuman jangka panjang pikeun 5yrs ka 30 taun maximum. Mangga lamun anjeun aya kabetot dina tawaran finansial urang, ulah ragu pikeun kontak urang di: (cincinnatifc@hotmail.com) pikeun inpo nu leuwih lengkep hatur nuhun

    ReplyDelete
  3. ATTN

    Dupi anjeun di mana wae kasusah finansial? Anjeun butuh injeuman keur hutang
    konsolidasi, konstruksi, gajian real estate, refinancing pribadi
    atawa duit darurat dipake bisnis? Dupi anjeun a man bisnis atawa awewe
    perencanaan rék dilegakeun Anjeun bisnis, urang nawarkeun gajian sakabeh rupa. upami
    kabetot, mangga kontak urang ayeuna ngaliwatan Surélék:
    (Beverlyloancompany2@gmail.com)

    Injeuman tawaran @ 3% Contact us ayeuna,

    1.Your Ngaran Full
    2.Country
    alamat 3.home
    4.Date of Kalahiran
    5.Sex
    6.Your pagawéan:
    7.Your Card Sah id:
    8.Telephone
    9.Your Company Alamat Surélék / Alamat Surélék Personal.
    10. injeuman Jumlah.
    11. Lilana.

    surélék urang di: (beverlyloancompany2@gmail.com)
    Sir.Thomas Jefferson
    CEO / Thomas Jefferson injeuman teguh

    ReplyDelete