Metode Bahasa Inggris 468 x 60

Ngaran Anak Sasatoan: Ti Menel nepi ka Nanahaon


Duka kumaha mimitina, urang Sunda mun ngagambarkeun hiji hal atawa hiji barang nu kaitung leutik pisan make kecap "menel" (ku e taling). Irungna sagede menel, hartina irungna leutik pisan.  Sok padahal, mun dijujut tina harti sabenerna, menel teh taya lian ti anak gajah.  Ari gajah, apanan sato darat pengedena.

Sabalikna, lamun ngagambarkeun hal anu gede kacida, biasa ku kecap "nanahaon."  Imahna sagede nanahaon, hartina imahna teh gede pisan, nepi ka hese ngagambarkeunana.  Padahal nanahaon teh sabenerna sebutan jang anak lele.  Kangaranging anak lauk, sanajan lele dumbo ge, pasti leutik kacida.  Dibandingkeun jeung menel mah, anak gajah tea, atuh lain tanding.

Tah, kecap menel jeung nanahaon teh 2 conto sebutan urang Sunda jang anak sasatoan, nu ayeuna geus arang langka dipake.  Boa geus jarang nu apaleun.  Najan kitu, dina palajaran basa Sunda, nepi ka ayeuna, masih diajarkeun. 

Kuring sorangan kungsi meunang bbm (blekberi mesenjer) ti saurang babaturan di Bogor, nu nanyakeun soal anak-anakan ieu.  Horeng, manehna nu urang Jawa, keur mantuan budakna ngerjakeun pe-er basa Sunda. Atuh, boro-boro manehna nu Jawa totok, dalah kuring sorangan, urang Sunda pituin, ngan apal hiji dua.  Untung ayeuna mah aya internet, jadi kuring bisa ngajawab eta soal kalayan lancar (bari teu bebeja ka manehna mah hehe).

Tah, di handap, kuring ngahaja nyutat sacara lengkep ngaran-ngaran anak sasatoan ti wikipedia Sunda, bisi aya nu perlu deui:

anak anjing = kirik/kicik
anak badak = putri
anak bagong = begu
anak bandeng = nanar/nénér
anak banténg = bangkanang
anak bangbung = kuuk
anak bangkong = buruy
anak belut = kuntit
anak bogo = cingok
anak boncél = bayong
anak buhaya = bocokok
anak deleg/gabus = boncél/kocolan/kokocolan
anak éntog = titit
anak embé = cémé
anak gajah = ménél
anak hayam = ciak/pitik
anak japati = piyik
anak keuyeup = boncérét
anak kuda = belo
anak kukupu = hileud
anak kutu = kuar
anak lancah = aom
anak lauk = kebul/burayak
anak lélé = nanahaon
anak lubang = leungli
anak maung = juag/aum
anak meri = titit
anak monyét = begog
anak munding = énéng
anak reungit = utek-utek
anak sapi = pedét
anak ucing = bilatung
    Mairan ku Google
    Mairan ku Facebook

2 comments: