
Pirgo
Pagawean nu cocok: dagang jengkol.
Keuangan: hambur pisan.
Asmara: teangan nu rada cageur.
Akuwarius
Pagawean nu cocok: Dagang taraje jeung bilik.
Keuangan: eureunan unjam injem wae.
Asmara: Sakeudeung deui jomblo, dikepret calon mitoha.
Piskes
Pagawean nu cocok: Ngangkutan galon cai, sakapeung ngojeg jeung ngiriman elpiji.
Keuangan: Ledeh, loba urusan pacorokokod,.
Asmara: ditolak deui, angger teu pira pedah rorombeheun.
Ariyes
Pagawean nu cocok: ngamandian domba.
Keuangan: loba ngahutang, gaji kapotongan wae.
Asmara: benerkeun heula beungeut.
Tawurus
Pagawean nu cocok: Ngored jukut keur parab embe jeung dagang lahang.
Keuangan: katipu baturan deukeut. Kudu diruwat.
Asmara: Teu payu payu, ganti peletna.
Gemini
Pagawean nu cocok: Ngurek belut, ngala tutut.
Keuangan: Bangkar, jujualan baju mitoha.
Asmara: ucrat-acret teuing... kabogoh diditu-didieu, euweuh nu eucreug.
Kanser
Pagawean nu cocok: Macul, ngored.
Keuangan: sakarat, tereh bangkrut.
Asmara: Euweuh nu daekeun, modal ipis.
Leyo
Pagawean nu cocok: noelan tukang jajamu.
Keuangan: Ripuh pisan, teu saperak2 acan-.
Asmara: ati2 bakal kapelet, lawan ku dukun ti babakan cibelekok.
Libra
Pagawean nu cocok: ngorehan runtah atawa Tukang beling.
Keuangan: Teu becus euweuh gadag neang duit.
Asmara: malem minggu engke manehna keur hayangeun diwowoy peda beureum+peuteuy.
Sekorpio
Pagawean nu cocok: Moe huntu di buruan sakapeung Menerkeun kenteng batur.
Keuangan: sarua jiga kamari boke
Asmara: boga kabogoh panyakitan
Sagitariyus
Pagawean nu cocok: Mersihan balong, mun keur halodo nyopet di pasar.
Keuangan: pamajikan ngadat menta tambahan resiko dapur.
Asmara: ditampilingan wae ku pamajikan, loba tatanya dukun jig!
Kaprikoren
Pagawean nu cocok: Dagang kurupuk
Keuangan: Pikawatireun, waspada debt kolektor!
Asmara: hambar, kabogoh hoyong kejutan, jig sakali2 jd amroji atuh
Kenging ti: grup Banyolan Sunda
Mairan ku Google
Mairan ku Facebook