Metode Bahasa Inggris 468 x 60

Sambel Jaer

NAON ari sambel jaer teh? Tetela cenah, eta teh ngaran kaolahan urang Sunda (utamana nu hirup di pasisian) jaman baheula. Teu baheula-baheula teuing ketang, paling itungan lilikuran taun katukang. Boa di pelemburan mah ayeuna ge masih aya keneh nu sok pirajeunan nyieun. Na jiga kumaha rupana jeung kumaha nyieunna? Tangtuna wae tina lauk, hususna lauk jaer (nu ngaleuya di pakampungan mah). Jaerna alusna mah kudu nu dadak, meunang nguseup atawa nyair.

Tah si lauk Jaer teh langsung we dikurusukeun kana ruhak. Tangtuna ge samemehna dibedelan heula. Ngan teu kudu disisit. Teu kudu diuyahan deuih. Mun geus katingali asak, kakarek sisitna nu harideung dikerik. Tuluy nyiapkeun samarana kayaning cikur, jahe, bawang beureum, uyah, cengek jeung gula. Eta samara teh laju direndos dihijikeun jeung jaer meunang meuleum tea bari jeung dikucuran cai saeutik. Jadi weh. Kumaha rasana? Leuh, cenah, sanajan rupana teu pikauruyeun ge (kataksir rada ledeg), ceuk nu kungsi ngarasaan mah, pelem pisan. Ngadaharna dicocol ku sangu poe atawa bisa langsung digalokeun kana sanguna. Kutan?

Barudak ayeuna tangtu jarang, malah jigana moal aya, nu nyahoeun kana kaolahan model sambel jaer. Dalah kuring ge, nu kungsi gede di pasisian, asa inget-asa henteu. Padahal keur kolot-kolot baheula mah, aeh budak baheula maksudna mah, enya, nu jaradi kolot ayeuna, eta teh sasat deungeun sangu primadona. Mun balik sakola teu nyampak deungeun sangu teh, tara sing pundung jiga barudak ayeuna, deker we nguseup. Ngaracik sambel jaer. Kumaha ari etim peda, tutug oncom, pencok hiris jeung angeun turubuk? Nyeta sarua bae. Eta rupa-rupa kaolahan teh geus arang langka kapanggih ayeuna mah. Tangtuna ge kusabab geus jarang dijarieun. Tutug oncom onaman masih osok keneh loba disayagikeun di restoran-restoran Sunda.

Naon deuih cenah ieu teh ngadon nyaritakeun dahareun? Hih, lain nanaon. Pedah we dua minggu katukang pareng manggih buku Kang Asep Ruhimat –- saurang guru tur pangarang Sunda nu kungsi dileler anugrah R. Soeria Diradja (2003/2004) jeung Setia Permana Award pikeun karya-karya tulisna-- di Gramedia, nu judulna Sambel Jaer: Tali Paranti, Palakiah, Kaolahan & Pantangan Urang Sunda. Ku sabab panasaran ku judulna der we dibeuli. Lumayan murah, ngan 17.500-an. Pareng dibaca, horeng resep oge geuning.

Naon bae cenah eusina buku teh? Lumayan leubeut. Utamana loba nyaritakeun gambaran kahirupan urang Sunda di pasisian, puluhan nepi ka lilikuran taun katukang. Hususna di wewengkon priangan wetan, kayaning Ciamis, Tasik, Garut jeung sabudeureunana, lembur asal nu ngarangna. Sok sanajan bisa wae hal nu dicaritakeun teh kapanggih oge di wewengkon Sunda sejenna.

Salian ti nyaritakeun rupa-rupa kaolahan jaman baheula, samodel nu ditataan tadi, dina eta buku urang bakal manggih rupa-rupa tatali paranti (tradisi) kolot-kolot urang jaman harita, nu bisa jadi ayeuna mah geus loba dipohokeun. Model kumaha carana ngurus orok, ti lahir nepi ka diajar leumpang. Rupa-rupa kapamalian, samodel budak parawan tong nguah cowet bisi meunangkeun aki-aki. Aya oge palakiah-palakiah, nu sanajan teu asup akal tapi loba maunatna. Contona barudak jaman baheula mah mun ulin teh sok mesakan batu laleutik tilu siki. Eta teh cenah malar teu hayang ngising teu pupuguh. Bab Totonden mah nyaritakeun kapercayaan urang lembur ngeunaan rupaning tanda-tanda alam, samodel naon hartina mun aya caringin rungkad, jeung sajabana.

Aya ge bab-bab nu nyaritakeun model-model imah jeung perwatekan kuda. Bisa jadi nu ieu mah geus moal kapanggih dina kaayeunaan. Enya, ayeuna mah apanan geus arang model-model imah julang ngapak atawa badak heuay. Capit gunting atawa tagog anjing. Oge, geus tara aya nu pirajeunan ngingu kuda, ari lain rukang delman mah. Tuluy aya oge bab nu nyaritakeun karamean nyanghareupan bulan puasa di pilemburan, ti mimiti kuramas nepi ka lebaran.

Bab Ngala Lauk jeung Rupaning Kaulinan mah nyaritakeun kabiasaan barudak jaman baheula. Samodel, naheun bubu jeung ngabungbun. Atawa kaulinan baren jeung gobag. Kuring sorangan masih ngalaman kana dua kaulinan eta mah. Sok resep mun pasosore, samemeh ka masjid, maen gobag di jalan aspal hareupeun imah. Balik-balik tangka ngoprot kesang.

Horeng bener dunya teh teu angger. Salawasna barobah. Nu baheula jadi kabiasaan, ayeuna mah geus beda deui. Kitu satuluyna. Ngan sabisa-bisa urang teh tong gampang teuing pareumeun obor, mopohokeun nu geus kaliwat. Sabab eta teh jati diri urang. Nu geus ngabentuk urang jadi hiji bangsa anu mandiri. Nu beda ti nu lian. Sanes kitu?

Nu matak mangga geura parilarian tah buku!
    Mairan ku Google
    Mairan ku Facebook