Aya Dina Kumis Deui
Aya kutu teuing ku mahiwal. Manehna hayang nyayang jeung bumetah dina bubuluan sakur artis jeung tokoh-tokoh kawentar. Sanajan hese beleke, ahirna eta kutu teh bisa nyayang dina ...kelek Mike Tyson.
Tapi sabada sababarahan poe manehna nyayang dina kelek Mike Tyson, eta kutu teh ngarasa teu betah, lantaran kelek Mike Tyson mah pohara bauna. Saterusna eta kutu gura-giru pindah, sarta ku sumanget keung akalna, eta kutu teh ahirna nyayang dina ... kumis Charles Bronson.
Ngan edas we, abong Charles Bronson mah bentang film kasohor jeung loba kabogohna, eta kutu teh ngalaman tibabaranting sababaraha kali, lantaran Charles Bronson mindeng pisan silih cium jeung bentang-bentang film awewe sejenna. Ahirna eta kutu teh ngarasa teu betah, sarta manehna usaha satekah polah hayang pindah tina kumis Charles Bronson kana ... “taeun” Madonna.
Tapi orokaya, sanggeus eta kutu bisa nyayang dina “taeun” Madonna, hiji mangsa manehna nundutan nepi ka sarena. Dina mangsa manehna keur sare, Madonna teh tepung jeung Charles Bronson lantaran maranehna boga jangji rek sare bareng.
Ari kutu tea, manehna pohara kagetna waktu hudang sare horeng manehna jadi aya deui dina ... kumis Charles Bronson?

Eta guguyon-guguyon teh kenging ngabeundeulkeun tina rubrik nu judulna sami nu unggal Minggu midang dina koran Galamedia. Ceuk kang Opik dina Panganteurna, basa buku Sabulangbentor kahiji medal teh saleresna mah bade langsung disusul ku jilid ka-2na. Ngan cenah, bundelan naskahna teh ujug-ujug leungit duka kamana. Anyar-anyar, eta bundelan naskah teh kapendak deui basa edisi rubrik Sabulangbentor nincak kana nomer 300. Atuh mokaha basa diranjing-ranjing teh cukup jang 7 jilideun. Nya sakalian we cenah.
Ari diterbitkeunna angger keneh ku Geger Sunten. Tiap jilid dipasihan judul nu mandiri. Jilid kadua dijudulan “Tabib India”. Jilid katilu “Ngeunah Keneh Inem.” Jilid kaopat “Festival Dosol”. Jilid kalima “Humor Persib jeung Homur Mengbal Sejenna”. Jilid kagenep “Humor-Homor Politik”. Nu katujuh mah “Kumpulan Tarucing jeung SMS lucu”. Jilid kadua jeung katilu medal bulan Januari 2007. Pami ti jilid kaopat depi katujuh mah duka tos medal duka teu acan, dan can katingali di Gramedia.
Eusina tangtos pikalucueun. Aya nu ukur matak mesem, aya oge nu nepi ka matak nyeri kulit beuteung. Gayana angger gaya heureuy khas kang Opik, anu basajan, sakarep-karep (ngaranna ge sabulangbentor), sakapeung cerdas, tur rada-rada cawokah, model nu ditulis di luhur. Buku jilid kadua midangkeun 178 guguyon sedengkeun jilid katilu meungkeut 122 guguyon. Jejerna rupa-rupa. Aya heureuy ngeunaan urang-urang Sunda (nu ti kampung tangtuna ge) nu sok pabaliut palebah ngomong mamalayuan (nu kieu mah ku nu nulis ge remen kaalaman). Aya oge heureuy-heureuy ‘santri,’ model naon cenah bedana telepisi jeung pangajian. Jawabna telepisi mah “Dunia dalam Berita” ari pangajian mah “Aherat dalam berita”, jeung sababaraha hiji deui. Ari humor-humor cawokah mah biasa diteundeun di bagian panungtung.
Lah pokona mah cobian we geura pilari ku nyalira. Pami tos kenging, hayu cuang sasarengan nyabu ... langbentor!
Mairan ku Google
Mairan ku Facebook