Metode Bahasa Inggris 468 x 60

Genti Pingping


IEU mah ceuk kang Didin, saurang gegedug LSM di Bandung. Harita, duka keur dina riungan naon, kuring, kang Didin jeung sababaraha urang deui guntreng ngarobrol. Tina urusan lingkungan, duka saha nu ngamimitian, der jejer catur teh los-los kana masalah ‘kejantanan.’

“Di BIB (Balai Inseminasi Buatan) Lembang mah, sapi teh sok diparaban jukut kiurat,” ceuk kuring. “Nu matak jaluna teh kuat dikawinkeun unggal poe ge.”

“Lamun ka jelema kumaha tah?” salah saurang nanya.

“Ceuk urang dinya mah cenah alus. Harita ge peserta studi banding teh nu geus karolot mah loba nu panasaran marawa sakeupeul sewang,” ceuk kuring deui.

“Lah, hayang sumanget deui mah gampang atuh,” tempas kang Didin, ujug-ujug.

“Kumaha carana?” nu sejen reang.

“Tinggal genti pingping,” cenah bari tuluy ngabarakatak.
    Mairan ku Google
    Mairan ku Facebook