Teuing tas ngadahar naon, si E teh ti isuk-isuk geus ngacaprak. Ti barang datang ka kelas, teu eureun-eureun manehna ngan ngacacang wae. Bari nu diomongkeuna teh teu puguh alang-ujurna.
Mabok sugan? Tapi sidik henteu. Panonna biasa wae, teu beureum teu sing. Malah cenghar pisan. Teu jiga jalma keur teler. Ongkoh deuih, da sanajan kaceluk jalma tukang jail ge, tara manehna mah kana unam – inum teh, ari lain nginum cikopi kabeukina mah. Atawa kasambet? Henteu deuih. Sorana angger sora manehna. Teu ngadadak ngagerem atawa cicirihilan, jiga sora-sora jurig di tipi. Leumpangna oge sabihara-bihari, teu jaregjreg.
Estu euweuh nu beda tina sareat mah.
Tapi naha kunaon bet kalakukanna jadi jiga nu kurang saeundan kitu. Boa-boa.... Ih bit ketang. Teu hade ngadoakeun goreng babaturan teh. Dosa ceuk aki Udin ge, inget keneh kuring mah. Kunaon atuh maneh teh E?
Ari nu diomongkeunana titatadi teh ngan dua kecap. Enya ngan dua kecap-dua kecapna. Bari jeung rada saru deuih. Punten we da kitu kanyataannana, rek di genti da bisi teu nyambung. Arek teu disebutkeun da eta nu masalahnya. Euh maksud teh, nu diomongkeunana teh kecap: “Kulan, Bobos?”, cenah. Ti isuk-isuk nepi ka arek bubar ngan eta-jeung eta we. Bari terus cakakak-cakakak seuri nempo batur ngahuleng teu ngarti teh.
Nu karunya mah Neng A, anu nanya sabener-bener, “E, ari maneh Padaherangna dimana?” kalah dijawab “Kulan, bobos?” cenah. Atuh, jelema anu sakitu seriusna dijawab teu nyambung kitu, nya bek we ambek. Beungeutna baeud nepi ka bubaran. Padahal satadina mah maneh na teh nanya teh nembongkeun aya perhatian. Karunya meureun, pedah geus tilu taun di indit ti Padaherang sakola ka Ciamis, si monyong teh can kungsi kabejakeun aya awewe anu resepeun. Kari-kari aya anu nanya sabageur-bageur kalah dijawab kitu. Nya aruh saha nu teu nyeri hate. Ongkoh deuih da manehna mah teu rumasa tas bobos. Enya ge tadi sakali, pan ngahaja nyumput heula ka tukang, nguliwed. Atawa apaleun kitu?
Aya deui, jang Ab. Jigana manehna keur pararusing pedah motorna tas ditilang pulisi. Mangkaning engke teh geus jangjian rek ulin jeung nyi M ka Tasik, beuh .. pastina ge bakal ngambek tah si kumpay teh. Teu aneh mun ti barang datang teh manehna ngan jamedud we di bangku tukang. Euweuh nu daek ngabaturan ka manehna mah da sok ngahegak mun keur kitu teh. Atuh basa si E jol ngadeukeutan bari ngomong nu dua kecap teh langsung we rumpu-rampa neangan jang babukeun. Untungna we si E kaburu lumpat, jadi teu kungsi terjadi “perang saudara”.
Tah anu lucu mah jam terahir. Basa pas pelajaran pisika. Guruna pa S katelah tukang heureuy. Harita teh keur nincak bahasan teori ‘atom.’
“Jadi,” terang pa S, “atom teh berasal dari kata atomos. Ditemukan pertama kali oleh orang Yunani bernama Demokritos. Tapi da teu sawios-wios. Teu nuju nyeri waos. Mung memang teu gaduh artos. Kumaha kahartos?” cenah. Heureuy ti dituna mah.
Ana celengkeung teh si E ti tukang (bari jeung rada dipengkek, da apal sanajan resep heureuy ge pa guru teh katelah rada galak).
”Kulan, bobos?” cenah. Aya ku nyambung.
Atuh ger sarerea sareuri. Kuring sorangan nu ti tatadi ngabandungan kalakuan eta budak tangka cireumbayan tah.
Ari pa S kalah rungah-ringeuh. Jigana teu pati kadangueun tah caritaan si E teh. Ongkoh teu terangeun ti mimitina deuih.
: Panineungan waktos SMA di Ciamis. Ieu carios teh, sanajan rada diropea deui, leres-leres kantos kaalaman. Hapunten kanu namina kasebat. Sanes bade nanaon, ieu mah estu ukur kanggo ’nostalgia.’ Mudah-mudahan kamanah. Hehe.
Kanggo E, ”dimana maneh ayeuna euy?”
Mairan ku Google
Mairan ku Facebook