Metode Bahasa Inggris 468 x 60

Sapatu saha?

IEU kajadian teh geus lumayan lila. Kira-kira sapuluh taun katukang. Basa kuring masih keneh diuk di kelas hiji SMA --SMA hiji Ciamis (A keneh baheula mah, can jadi U). Nu matak tong nanya tanggal jeung bulan pastina, dijamin kuring moal inget. Komo nepi ka memenitanna mah, lebeng. Ngan nu sidik mah, harita teh poe Rebo. Nu matak inget, sabab harita teh jam pelajaran olahraga. Ari lamun bagean olahraga kuring mah sok inget wae da kudu disalin ku baju kaos jeung calana trening. Eh, teu nyambung ketang.

Tapi memang, ieu carita teh berhubungan pisan jeung acara salin-menyalin. Maksudna, jeung kawajiban kudu disalin ku baju kaos jeung calana trening tea. Kieu geura:

Harita, jam pelajaran olahraga teh jam kahiji pisan. Nu matak, basa loceng ngeleneng, kuring sabatur-batur langsung siap-siap, rek salin tea. Ari tempatna biasa di mushola bae, hareupeun kelas. SMA hiji Ciamis can bogaeun masjid harita mah.

Aya lima atawa geneplah kira-kira anu bareng jeung kuring teh. Salah sahijina si Asep. Asep we lah urang sebut, tong si Primus, ngarah kaciri Ciamisna.

Ari si Asep, nelah budak rada leder. Nya, ampir balap jeung kuring mah. Gawena ngan popoyok jeung nyeungseurikeun batur. Mun teu kitu, purah nyumput-nyumputkeun sapatu. Bari jeung tuluy akey-akeyan nempo nu bogana kokotetengan. Pondokna mah: pikasebeleun batur.

Tapi teu, ketang. Teu sarua jeung kuring. Ari kuring mah da tara disarebelkeun ku batur. Malah loba nu sok ngarasa kaleungitan, mun kuring euweuh teh. Nya mun teu pulpenna, pasti jidarna atawa tas. He he.

Harita ge Si Asep geus pangheulana muru mushola. Minangka rada segut mun bagean olahraga teh. Beda jeung mun bagean Kimia atawa Pisika, sok loba humandeuar. Pelajaran teu guna, pokna teh. Moal dipake dina barang beuli ieuh.

Tah, barang nepi ka lawang mushola, breh nempo aya sapatu sarampasan di hareupeun panto. Manehna tuluy ulal elol. Tapi da sidik teu kaciri aya jalma di jero. Aman, pikirna. Biasa, uteuk jailna geus mimiti jalan. Ari kuring mah jeung nu lian, teu loba acara deui, langsung we asup bari gesat-gesut salin.

"Lot, aya sapatu euy," cenah bari mimiti nyabakan sapatu. Di lawang panto mushola.

"Enya, bawa balik ku maneh. Lumayan," kuring ngahaminan, bari muka baju.

"Embung ah, goreng euy, sapatu murah," tembalna. Masih di lawang panto.

"Goreng kumaha, sidik alus," ceuk kuring.

"Goreng bel, tuh tempo, sapatu murah kieu. Geus rada bodol, tuh ieu na ge molongo," cenah, bari nembong-nembongkeun eta sapatu.

"Naha masih dipapake nya? Mun mah piceun," sambungna. Kalah beuki semangat tah si bedul.

"Era rek makena ge, butut," pokna deui teu euleum-euleum.

"Ieu pasti boga lanceukna si Nani," cenah deui. Nani teh ngaran babaturan kuring sakelas keneh. Lain ngaran asli nu pasti mah, inggis dianggap pencemaran nama baik.

"Naha meuni apal?" ceuk kuring.

"Apal da sok remen cicing di dieu. Tapi jelemana mana, nya?" cenah. Masih ngalak-ngilik sakadang sapatu.

Cacap ngomong kitu, ana pucunghul teh aya jelema nangtung ti tukangeun mimbar. Horeng, nu boga sapatu. Jigana geus ti tatadi cicing di dinya, duka keur nanahaon. Bener, maneh na teh lanceuk si Nani, budak kelas tilu.

Mushola teh teu sakumaha gede. Paling luasna kana sapuluh kali lima meteran. Jadi tangtuna ge sakabeh omongan tadi teh, nu moyok sapatu, atra kadengeeun pisan ku nu bogana. Mangkaning moyokna teh bebeakan. Hag!

Nyaho nu bogana aya, si Asep gancang ngepeskeun sapatu. Tuluy manehna nyampeurkeun kuring sabatur-batur bari geumpeur. Rampang-reumpeung, manehna nyarita ka kuring, "Lot, trening maneh alus euy," cenah.

Nu boga sapatu teu lemek teu nyarek. Ceg mawa sapatu. Teu ngalieuk-lieuk acan, manehna indit kaluar.

Kuring sabatur-batur akey-akeyan nepi ka nyareri beuteung.

: kantos dimuat di majalah Mangle
    Mairan ku Google
    Mairan ku Facebook

5 comments:

  1. sidify-music-converter-crack-2
    is a free program that can easily convert Spotify songs or playlists into generic formats, which are marked by artist and ID cards.freeprokeys

    ReplyDelete
  2. simlab-composer-crack
    can be refining. The 3D rendering program enables an individual to bring 3D scenes from many 3D CAD formats. This 3DS supports stable operators Colada FBX as well as many more.
    new crack

    ReplyDelete
  3. This article is so innovative and well constructed I got lot of information from this post. Keep writing related to the topics on your site. alterpdf-pro-crack

    ReplyDelete