Imah katempo barérés. Keramik tapak ngepél. Seungit. Kembang anyelir, suplir, kuping gajah rapih. Taya régang garing atawa daun kolot konéng. Korsi, meja jeung taplakna merenah. Baju, calana, kaméja, kaos ngéntép dina méja setrika. Jandéla ngageblag. Kai jeung kacana ngagenclang hérang. Ema rajin, ceuk haté.
"Aya Wulan," saur Ema, "nawarkeun samping kebat. Ngadon bébérés teu beunang dicarék."
Kuring ngudar sapatu.
"Goréng milik budak téh. Keur meujeuhna reugreug pageuh rumah tangga ditinggalkeun salaki," saur Ema deui.
Wulan adi kelas béda dua taun. Béntang sakola.
Ema norowéco. Pikiran asa kabawa palid. Jadi ngabayangkeun anu nawarkeun samping.
"Tihothat néangan kasab bari ngabangbrangkeun pikir meureunan. Rumahuh ka Ema, cénah sok réa lalaki cunihin keketrok kana jandéla peuting-peuting. Rék saheureuyeun. Susuganan dilayanan."
Kuring ngoléséd. Ema sok katutuluyan. Nanya rék nepi ka iraha kuring lalagasan. Meungpeung Ema aya kénéh, paribasa éta téh. Bingung kumaha ngajawabna.
"Badé ka Pa Rahmat," kuring amitan. Wulan anu lungguh ngalangkang. Hanjakal. Randa téa ngaranna gé sok loba kacaritakeunana.
Di Pa Rahmat teu lila. Ukur ngainstal léptop. Balikna dibahanan bedog Ciomas jeung calana panjang batik.
"Mun ka dieu deui bawa ondanganana, nya!" Kuring ngahéhéh.
"Tara aya nu beunghar bubujangan."
Tumpak motor dilaunkeun. Angin tarik siga rék hujan. Bedog nyolégréng. Panasaran hayang nyobaan seukeutna. Turun ngadeukeutan ki asahan sisi jalan.
Kuring curinghak. Tina rungkun awi beulah ditu asa kadéngé nu ngajerit semu dibekem. Berebet gajleng bréh!
"Kurang ajar, siah! Leupaskeun!"
Anu papuket luhur jukut kagebah. Lalakina nguniang. Awéwéna ngagurinjal. Wulan! Biwirna getihan. Erokna soéh nengah pingping. Leungeunna ngopépang memener. Ditutup luhur ngaliglag handap. Calana batik diasongkeun.
Mun teu keur tagiwur mah kana seuri meureun nempo manéhna maké calana. Nya landung nya gombrang.
"Silaing saha?" Si Lalaki mélétét némbongkeun sima.
"Déwék pisalakieunana. Rék naon, siah? Hah!" pérah bedog digilirkeun. Nu mélétét humar-hemir. Undur-unduran. Becir lumpat tipaparétot.
Kuring ngarénghap. Wulan dirérét. Manéhna tungkul. Ngomé tali kolor calana batik. Kuring nyikikik.
"Naha gumujeng?" Wulan rungah-ringeuh.
"Henteu. Lucu wé. Cobi mapah, pasti beresih jalan," kuring nyéréngéh nempo tungtung calana ngagapuy. Wulan imut. Pipina bareubeu.
"Hayu uih!"
Wulan semu asa-asa. Ngaboncéngna teu wani nangkeup. Ngan karasa sirahna mah rada nyarandé kana tonggong bangun nu ménta panyalindungan. Kuring ngarénghap sieun katohyan aya nu ratug tutunggulan.
Mun Ema nanya iraha kuring mungkas léléngohan, moal bingung ayeuna mah. Geus boga pijawabeun. Moal ukur ngahéhéh deuih mun Pa Rahmat nyindiran soal surat ondangan téh.
Girimis mimiti pras-pris.
0 comments:
Post a Comment