Metode Bahasa Inggris 468 x 60

Istilah Tanah Jeung Kaayaanna


Di handap cuang tataan istilah-istilah tanah jeung kaayaanna:

1. Sawah guludug = sawah tadah hujan

2. Sawah titirasa = sawah kakayaan desa

3. Sawah kacacahan =sawah milik tapi kudu keridan desa

4. Sawah Iyasa = sawah milik

5. Tanah darat = pakebonan, pakarangan

6. Tanah egendom = tanah milik nagara

7. Tanah wakap = tanah anu dibikeun keur ibadah

8. Tanah warisan = tanah bagian ti kolot

9. Tanah erpah = tanah sewaan turun tumurun

10. Tanah Bengkok = tanah hak pamong desa salila jeneng

11. Sawah = tanah anu bisa dipelakan pare

12. Huma = tanah darat anu isa dipelakan pare

13. Pasir = gunung leutik

14. Leuweung geledegan = leuweung anu pinuh ku tatangkalan galede

15. Bubulak = tegalen dina lamping gunung

16. Tegalan = tanah datar

17. Reuma = tanah urut huma

18. Tetelar = tanah datar ditengah sawah (pangangonan)

19. Lamping = tanah antara puncak jeung tutugan

20. Gigili = tanah anu tadina urut walungan

21. Oro oro = tanah nagara (pangangonan)

22. Lengkob = tampat anu legok diantara dua lamping

23. Sempalan = tegalan di tengah leuweung

24. Embel = ranca jero anu pinuh ku jukut

25. Gupitan = jalan satapak anu di gepi ku pasir

26. Mumunggang = puncak gunung, puncak pasir

27. Tutugan = landeuh gunung/pasir

28. Tanah ranca = tanah anu ngandung cai

29. Tanah carik = sarua jeung bengkok

30. Hunyur : Imah rinyuh atawa taneuh nu mucunghul, pasir leutik

31. Huma : Sawah darat, kebon nu dipake melake par tur tara dikocoran cai

32. Jalan Huni : Lolongkrang tincakkeun antara pepelakan di kebon

33. Jalan Jajahan : Jalan gedenu bisa dipaké ngaliwat kandaraan

34. Jalan Satapak : Jalan nu ngan bisa diliwatan ku jelema

35. Jontor : Taneuh anu nyodor ka laut

36. Jungkrang : Legok anu jero sarta gurawes

37. Kubangan : Tempat nu ledok (biasana di sawah atawa di balong) paranti mandi munding

38. Kamalir: Jalan cai leutik

39. Kobakan : Lobang di tegalan anu aya caian

40. Kerees : Tempat di sisi walungan anu réa keusikan

41. Kebon : Taneuh darat nu dipake melak rupa-rupa pepelakan

42. Landeuh : Taneuh atawa tempat nu leuwih handap ti tempat urang cicing

43. Lebak : Tempat nu leuwih handap

44. Lengkong : Tempat legok jeung jero di antara dua lamping

Sumber: FB Grup SALAKA
    Mairan ku Google
    Mairan ku Facebook

0 comments:

Post a Comment