Ku Usep Romli HM
Teu asa-asa deui Aki Omod, ngagorowok dina lagam adan nu memang can anggeus :
“Ayya gorommbolan dattaaaaaang.......Ayya gorommbolan datttaaaang.....”
Atuh saeusi masjid ngadadak ribut. Para pamuda paheula-heula lalumpatan ka luar.Mama Kamja jeung Mama Kamji nu harita umur dua puluhan, ngagarajleng ngaluncatan jandéla paimbaran.
Mun teu kitu, para pamuda bakal dikerid ka leuweung. Diculik.Dipaksa jadi anggota gorombolan. Untung dibéjaan ku “adan” Aki Omod. Nepi ka bisa salamet.
Masjid jami téh geus sababaraha kali dioméan. Nungtut digedéan. Tanah Juragan Kanékér nu aya di gigireun masjid, ampir tujuh puluh tumbak, diwakapkeun.
“Muga-muga wakap tanah ti bapa urang, sing jadi amal jariyah nu mangpaat keur anjeunna, jeung keur sakabéh nu hirup, nu ngagunakeun éta masjid. Kaasup urang duaan, Kamji,”sora Mama Kamja semu peura.Ras ka bapana nu bageur, béréhan, sopan ka sasama, tapi tara salat. Tong boro ka masjid.Di imah gé tara.
“Nu penting mah, hadé ka sasama manusa. Getol salat gé percumah ari gawé papaséaan jeung tatangga. Mumusuhan jeung batur,”cék Juragan Kanékér basa keur jumenengna.
“Tapi maranéhna mah sing garetol salat ka dituh.Ulah nurutan bapa.”
Taya nu wani ngadebat kana pamanggih Juragan Kanékér téh. Kateuteuari. Kuriak jadi matak. Cukup ku tinggeremet di tukangeun. Kaasup Mama Ajengan Hudori, nu ukur wani nyindiran pamanggih Juragan Kanékér dina pangajian mingguan.
“Jalma nu hadé téh lain hadé ka sasama jalma wungkul. Tapi kudu hadé ka Alloh deuih Apan dina Quran gé diparéntahkeun kudu nyekel pageuh hubungan jeung Alloh katut hubungan jeung sasama manusa. Hablum minallohi wa hablum minannasi,”Mama Ajengan Hudori nyutat ayat 112 Surat Ali Imron.
Tapi basa maot mah, Juragan Kanékér disalatkeun di masjid.
“Mungguh kaagungan Alloh, mikanyaah mahlukNa teu panta-panta,”Mama Kamja neuteup lalangit garduh.
“Ari kitu ?”Mama Kamji nanya.
“Heueuh bapa urang. Keur hirupna tara salat. Tara asup ka masjid. Témpo maot mah, asup ka masjid. Malah aya di jajaran panghareupna. Dihareupan ku imam, jeung jamaah salat mayit”Mama Kamja seuri leutik.
“Heueuh disalatkeun !”Mama Kamji nyenghél. “Sakitu gé uyuhan. Apan di lembur peuntas mah, kungsi kabéjakeun. Pasaran dieusi mayit, sereg dina panto masjid. Lapur teu bisa asup. Kapaksa disalatkeun di buruan. Duméh keur hirupna cadu asup ka masjid”
“Bapa urang mah, Alhamdulillah, logor. Éta meureun, méré wakap keur lahan masjid. Najan tara salat ka masjid gé, teu hésé asup. Muga-muga jadi pertanda, jariyahna ditarima jeunmg dosana dihampura, “Mama Kamja namprakkeun deui leungeun. Maca fatihah, hadiah ka almarhum bapana.
“Amin,amin,amin ya Robbal Alamin,”dihaminan ku Mama Kamji.
Basa ngaréhab masjid ka sakitu kali, taun 2005, Mama Kamja jeung Mama Kamji milu singkil mangnéangankeun waragad. Di antarana, ngajukeun proposal ka pamaréntah provinsi. Kabeneran aya sobatna jadi anggota DPRD. Nyanggupan ngusahakeun dana bansos.
“Muga-muga wé atuh lancar tur hasil badag,”cék Mama Kamja basa nitipkeun éta proposal ka sobatna anggota DPRD téa. “Sabab salian ti hayang ngalegaan, hayang nambahan rohangan keur ngaji barudak jeung rohangan husus tempat ngamandian mayit.”
“Insya Alloh, tau bérés,”cék anggota DPRD, matak gedé haté.
Jeung enyana, sataun ti tas nitipkeun proposal, bansos turun. Saratus juta. Tapi nu napel ka masjid mah, ukur satengahna.
“Asa dosa nya, mikeun duit lima puluh juta ka anggota DPRD, tina duit bansos keur masjid,”Mama Kamji ngagerendeng.
“Ah, keun wé da lain dosa urang. Urang mah teu pipilueun ngadahar. Milu nombokan malah urut angkas-ongkos ka ditu ka dieu,”Mama Kamja némpas.
“His, ulah sok nginget-nginget kahadéan,”Mama Kamji ngahuit. “Keun wé kahadéan mah da geus aya dina catetan malaikat. Nu kudu diinget-inget mah dosa. Naha geus katobatan atawa acan?”
Duanana jempé .Baralem. Sora adan nu ngung-ngong ti ditu ti dieu, geus lila jempé. Panas beuki nongtoréng. Panonpoé geus mimiti ngagilir ka kulon.

Tapi nu dariuk dina golodog garduh, tacan aringkah. ***
(TAMAT)
Tina Grup Pustaka Sunda
0 comments:
Post a Comment