Ku Usép Romli HM
“Inget ka Nyi Unéh,” Mama Kamja ngalangeu. Neuteup jauh ka gunung nu ngalamuk paul.Ka sésa pasawahan nu geus digegekan ku wangunan-wangunan. Kaasup urut sawah titnggal kolotna baheula nu ayeuna geus diadegan kompléks paimahan mewah.
“Nyi Unéh pamajikan manéh nu kagenep ?”Mama Kamji neuteup teleb ka lanceukna.”Naha maké inget.Geus lain-lainna deui. Jaba geus lila maot, apanan.”
“Inget téh basa mimiti roy bogoh,”Mama Kamji ngarahuh. “Manéhna parawan jekékan kénéh. Urang keur lalagasan tas nyerahkeun Nyi Amah......”
“Heueuh, naha make inget ?”Mama Kamji nyigeung peupeuteuyan lanceukna.
“Teuing, da ujug inget,”Mama Kamja semu ngaheruk.”Apan tadi urang keur nyaritakeun hayam ku tétélo. Terus inget kana dahar ngeunah . Kana usum nguyang. Tah, harita usum nguyang, datang Mang Juha, nganjuk ségon. Dituturkeun ku anakna, Nyi Unéh téa. Poé éta bapana dibéré nganjuk ségon sakintal, minggu hareupna Nyi Unéh dikawin ku urang. Hanjakal teu lila. Lima bulan asana. Pepegatan wéh. Ku urang diragragan talak jeung dibahanan sawah sakotak di lebak. Deukeut sawah manéh nu dibikeun ka Nyi Soya téa.”
“Heueuh, Nyi Soya,” ayeuna Mama Kamji nu rada ngaheruk téh. Inget ka Nyi Soya meureun. Awéwé meunang hayang. Meunang marebutkeun di pakalangan ketuk tilu. Geus dua bulan ngaduda. Manggih awéwé hégar, bérag gumbira. Puguh baé dibélaan adu jajatén jeung nu séjén. Nepi ka kabandangna. Gancang dikawin.Tapi karék saminggu geus diserahkeun deui.
“Naha make inget ka Soya? Apan ku manéh ukur dikawin saminggu,”Mama Kamja mencrong.
“Nyéta asa kabelejog.....”Mama Kamji ngarahuh.
“Ah, siah, make kudu kabelejog. Pikeun urang mah nu tukang crukcrek kawin, tong aya basa kabelejog. Resep, gugulung terus. Bosen, serahkeun,”sora Mama Kamja rada heuras.
“Nya kabelejog atuh. Geura pikir ku manéh. Urang kataji ku Nyi Soya, ku geolna. Ku gutak-gitek bujurna. Mani motah ari keur ngigel téh. Nepi ka tukang kendang sok ripuheun mirig géol gitek Nyi Soya nu katelah “kolécer muter”.Na ari ku urang dikawin, témpo ngagolér dina ranjang, ih, teu béda ti gebog. Jaba tiis caméwék. Bororaah “kolécér muter”.Teu oyag-oyag acan. Camcauh Mang Karta onaman, ngagibleg semu teuas gé teu beku-beku teuing kitu.Cék pikir urang, na da lain kawin ka gebog cau. Nya diserahkeun wé kajeun kawin karék saminggu jeung kudu ucul sawah sakotak di béh lebak,”panon Mama Kamji nu geus semu pétét dina kongkolakna nu karenyod , semu buringas.
Sakedapan duanana ngahareneng. Tapi Mama Kamja nyakakak. Mama Kamji ge milu nyakakak. Asa kaudal rasa lucu ku pangalaman maranéhna dina soal kawin.

Japati nu keur tingtéléndén di buruan jeung pipir garduh, buriak hiber.Kagebah ku sora seuri éta dua aki-aki.
Ngong adan lohor di jauhna. Hawar-hawar sorana tina sepiker nu lawongna kawasna sina nompo ka ditu. Nambag ka lebah pasir.
“Ari di masjid urang tacan aya nu adan?”Mama Kamja kawas nanya ka dirina sorangan.
“Acan meureun,”témbal Mama Kamji. Terus nyikikik.
“Naha seuri?”Mama Kamja kerung. Neuteup adina.
“Inget ka Aki Omod, tukang adan baheula,”Mama Kamji masih kénéh cicikikikan.
“Heueuh, alus sorana tah aki-aki téh. Cacak can aya sepiker, ari adan teh sok kadéngé salelembur. Urang kahutangan budi ku manéhna. Lamun harita manéhna teu ngabéjaan, aya gorombolan datang, teuing kumaha nasib urang katut para pamuda séjénna. Apan harita urang ngagarajleng ti masjid. Mubus ka nu jauh. Nyumput buni.Dibélaan teu salat Jumaah,”Mama Kamji namprakkeun leungeun. Maca fatihah. Ngadu’akeun Aki Omod sing meunang rohmat kubur.
“Bener alus sora. Da teu jiga-jiga ngabéjaan aya musuh atuh. Sada adan biasa wé,”Mama Kamji nyikikik deui. Inget kana kajadian harita. Masjid geus pinuh ku nu rék salat jumaah. Aki Omod tas nakol bedug, naék ka munara. Ngong adan awal. Barang nepi kana “hayya alash solah”, katénjoeun ku manehna, di tengah pasawahan, aya abringan jalma maranggul bedil. Disaloléndang samping . Geus moal salah. Pasukan gorombolan rék ka lembur. Naha rék milu salat jumaah, atawa rék ngarampog, wallohu alam.
(aya sambungananana)
Dimuat di Rubrik Carpon SK Tribun Jabar Rebo, 1 April 2015
0 comments:
Post a Comment