Metode Bahasa Inggris 468 x 60

Babad Situ Léngkong Désa Panjalu Kabupatén Ciamis

Situ Lengkong Panjalu
Situ Lengkong Panjalu
JAMAN baheula désa Panjalu waktu jadi nagara, nu mangku karajaan namina Prabu Cakradéwa. Éta Prabu Cakradéwa kagungan tilu putra pameget, nu kahiji namina Sanghiyang Borosngora, nu kadua Lembu Sampulur, nu katilu Panji Barani.

Prabu Cakradéwa tatapa di Gunung bitung bawahan désa Rinduwangi onderdistrict Panjalu maksudna tatapa mumuja nyuhunkeun ka Déwa, pédah anjeuna kagungan putra nu kahiji teu kinten gagahna jadi melang sieun dilindih karajaan atawa maéhan ka bapa.

henteu antara lila tatapana dikabul ku Déwa, aya suara tampa rupa, ceuk soara tatapa manéh ditarima, pakarepan manéh éta anak manéh kudu dititah ngala cai ieu wawadahna rupa hiji canting beunang ku aji-aji kabudaan, lamun tacan pinuh ku cai éta canting ulah meunang balik.

Tidinya Prabu Cakradéwa mulih ka kraton nyandak éta canting, sarawuhna lajeng nyaur putra nu kahiji nami Sanghiyang Boros ngora sasumpingna éta Sanghiyang Boros ngora lajeng ditimbalan ngala cai, ngadawuh kieu: manéh Sanghiyang Boros ngora kudu leumpang indit ti nagara ngala cai sapinuhna ieu canting, lamun tacan pinuh ulah waka balik.

Tuluy Sanghiyang Boros ngora haturan ka rama unjuk sumangga bari narima canting.

Ti dinya Sanghiyang Boros ngora mangkat ngajajah nagara, saban manggih cai éta canting henteu bisa pinuh, kacida susaheunana Sanghiyang Boros ngora lantaran geus meunang 32 pulo tacan bisa pinuh kantun nu teu acan di ambah téh nusa Mekkah, tulus éta Sanghiyang Boros ngora mangkat ka pulo nagara Mekkah, bareng dongkap ka nagara Mekkah pependak jeung hiji sahabatna Kangjeng nabi Muhammad rosulullah, namina éta sahabat Sayidina Ali bin Abdul Muttalib, Sayidina Ali mariksa ka Sanghiyang Boros ngora: manéh urang mana rék kamana anu diseja pang datang ka dieu? walon Sanghiyang Boros ngora: kuring urang Pulo Jawa nagara Panjalu, maksud kuring pang datang ka dieu néangan cai. Ceuk Sayidina: cai téh cai naon? kapan di Pulo Jawa ogé loba cai tapi manéh datang ka dieu. 

Jawabna Sanghiyang Boros ngora: leres loba téa mah nanging ieu canting disiukkeun teu bisa caian, jeung timbalanana rama kuring: lamun ieu canting tacan eusian cai, manéh teu beunang balik. Dawuhna Sayidina Ali: manéh tunggu baé heula didieu kaula rék haturan heula ka gusti Kangjeng nabi Muhamad. Lajeng Sayidina Ali unjukan ka Kangjeng nabi Muhamad, hatur uninga di luar (latar) aya tatamu ti Pulo Jawa maksudna badé ngilari cai. Lajeng Kangjeng nabi lungsur mendakan éta sémah, dongkap ka luar pependak jeung éta sémah, lajeng Kangjeng nabi mariksa, sakumaha pariksaan Sayidina Ali ogé; jawabna Sanghiyang Boros ngora sakumaha tadi.

Lajeng éta Sanghiyang Boros ngora ku Kangjeng nabi dicandak ka Sumur Zamzam; tuluy éta canting disiukkeun kana cai Zamzam. Éta canting jadi pinuh ku cai, teras di candak ka bumina kangjeng Nabi; sasumping ka bumi lajeng Sanghiyang Boros ngora diwuruk kalimah dua (sahadat) masup Agama Islam, teras mulih ka Pulo Jawa, nyampak ramana geus teu aya dibumi (ngahiyang): éta cai nu dina canting nétés di gunung Cipanjalu, kabuktian ayeuna jadi kulah panadranan, ragrag deui satengahna di situ Léngkong, lajeng angkat deui ka gunung Sawal; éta cai jeung cantingna dipiceun ka buktian; ayeuna jadi kulah dina punclut Gunung Sawal, jadi panadranan, tuluy Sang hiyang Boros ngora mulih ka kraton ngaganti jadi rada di Panjalu ngagentos ramana.

Lami-lami Sanghiyang Boros ngora kagungan putra dua pameget, namina nu kahiji Ariya Kuning, nu kadua Ariya Kancana; saparantos ageung éta putra lajeng karajaan dipasrahkeun ka putra nu kahiji, saparantos karajaan ditami ku putra nu kahiji nyaéta Ariya Kuning, lajeng Sanghiyang Boros ngora pindah ka tanah Jampang afd. Cianjur Nyandak hiji putra nu kadua nami Ariya Kancana. Kocapkeun énggalna carios Situ Léngkong ku Raja Ariya Kuning dibedahkeun, lepat teu haturan heula ka ramana; keur dina tengah-tengah ngabedahkeun tuluy émut ka rama, tuluy miwarang hiji ponggawa nami Kiai Buni Sakti unjukan ka rama di Jampang, énggalna baé ramana teu tiasa angkat ka Panjalu mung ngutus hiji putra nu kadua nyaéta Ariya Kancana, lajeng mangkat ka Panjalu.

Barang sumping ka Panjalu éta Situ Léngkong keur dibedahkeun; sareng ningal rakana keur sidéyang ngabébérkeun tangan kana hawu, dimanah ku Ariya Kancana sarua pada diwaris ramo sapuluh, jadi kahartosna ngajak perang.

Lajeng Ariya Kancana henteu tata pasini deui, éta situ téh dipendet tina pangbedahanana, jadi caina pinuh deui. Ariya Kuning mariksa ka jalma-jalma nu keur ngala lauk, naon sababna nu matak cai jadi pinuh deui? aya hiji jalma nu nerangkeun: dipendet ku tuang rai. Énggal carios lajeng Ariya Kuning sareng Ariya Kancana perang.

Keur dina tengah-tengah perang kauninga ku kokolot dinya nami Kiai Buni Sakti, lajeng nu perang disapih, nanging teu kenging, lajeng Kiai Buni Sakti unjukan ka ramana ka Jampang nyarioskeun Ariya Kancana jeung Ariya Kuning di Panjalu kur perang lantaran parebut situ. Lajeng ramana nimbalan hiji kokolot nami Kiai Guru Aji nyapih putrana nu keur perang, lajeng Kiai Guru Aji mangkat ka Panjalu bareng jeung Kiai Bumi Sakti; bareng kasampak masih kénéh perang lajeng ku Kiai Guru Aji dipisah sareng omongan éta nu dua putra kieu dawuhna, nu éléh Ariya Kuning sabab taman kalaput ku situ, numawi disebatkeun taman kalaput ku situ, éta Léngkong asalna leutik pendetanana asalna sirik (?) kampung Obol ka kidul, bareng dipendetna ku Ariya Kancana di gunung, kampung Hanjatan sahilireun pendetan tadi.

Ariya Kuning badé dicandak ku Guru Aji ka Jampang, teu kersaeun aluk angkat sakersa anjeunna baé ka kampung Maruyung afd. Sukapura.

Ariya Kancana jadi Ratu (Bupati) di Panjalu nuluykeun rakana ngadamel kraton di Pulo Léngkong, nu dinamian Nusa Gedé; sampé ayeuna éta Léngkong tacan leungit; nu kagungan Léngkong nyaéta Ariya Kancana dikuburna di Nusa Gedé.

Ariya Kancana puputra Dalem Cilanglung nami Ariya Teko, puputra Dalem Sareupeun nami Ariya Kadali, puputra Dalem Hujungwinangun nami Mertabaya, puputra Dalem Sumalah puputra Ariya Sancana.

Copas ti seratan teh Ima di Grup Pustaka Sunda
    Mairan ku Google
    Mairan ku Facebook

0 comments:

Post a Comment