Metode Bahasa Inggris 468 x 60

Mohamad Toha, Pahlawan Bandung Lautan Api (I)

Mohamad Toha téh pituin urang Bandung, dilahirkeun di Bandung, taun 1926. Gedé di Bandung deuih. Ramana, Ganda, pagawé béngkél De Unie. Maot waktu Mohamad Toha budak kénéh. Ari ibuna, Nariah, jadi tukang ngaput pikeun ngabanjel-banjel pangabutuh sapopoéna.

Mohamad Toha sakola di Bandung. Satamatna ti Sakola Rayat, neruskeun ka jurusan téhnik mesin. Dina jaman Jepang, kungsi jadi montir kendaraan militer Jepang. Sanggeus Indonésia merdéka, Mohamad Toha milu bajoang pikeun mertahankeun kamerdékaan.

Perjoangan Mohamad Toha, henteu bisa dileupaskeun tina peristiwa sajarah, anu katelah Peristiwa Bandung Lautan Api. Kajadianana dina mangsa révolusi, nyaéta mangsa tacan lila bangsa urang merdéka. Merdéka tina penjajahan Walanda jeung tina penjajahan Jepang.

Harita téh Perang Dunya II geus réngsé. Perang Dunya II téh nyaéta perang antara Sekutu ngalawan Jepang, Jerman, jeung Itali. Ari anu asup ka nagara urang nyaéta Jepang. Harita Jepang geus éléh ku Sekutu, sanggeus dua kotana, Nagasaki jeung Hiroshima, diragragan bom atum ku Amérika Serikat.

Jepang serah bongkokan, sakur nagara cangkinganana di Asia-Pasifik, kudu dipasrahkeun ka tentara Sekutu. Ari anu kaasup Sekutu téh, di antarana baé: Amérika Serikat, Inggris, Perancis, jeung Australia. Malah Walanda ogé kaasup pihak Sekutu. Milu ngirimkeun tentarana kana Perang Dunya II, pangpangna mah ka wewengkon Asia-Pasifik.

Walanda anu kungsi ngajajah urang, henteu sukaeun ningali bangsa urang merdéka. Walanda henteu weléh néangan akal pikeun nyuparkeun kamerdékaan bangsa urang. Kitu deui basa aya kasempetan ngirim tentarana, tentara Walanda milu dikirimkeun ka nagara urang, ngaboncéng ka tentara Inggris, anu mangrupa bagian tina tentara Sekutu.

Bangsa urang anu geus merdéka, tangtu baé teu réla upama nagarana dijajah deui. Kamerdékaan anu geus dibayar mahal, ku cimata jeung getih parapahlawan bangsa, satékah polah kudu dipertahankeun. Bangsa urang ogé henteu cicingeun. Ngayakeun perlawanan ka tentara asing, anu geus méngpar tina tujuan asalna, lantaran katumpangan ku karep Walanda téa.

Muncul baé pasukan tentara perlawanan rayat, saperti Pasukan Banténg, Laskar Hizbullah, Tentara Pelajar, jeung réa-réa deui. Anu jaradi anggotana lolobana mah parapamuda, pamuda anu keur meujeuhna belekesenteng. Muhamad Toha ogé harita jadi tentara rayat, ngagabung jeung Pasukan Banténg.

Najan umurna kakara 19 taun, tapi Mohamad Toha geus jadi pamingpin, mingpin Seksi I Barisan Banténg bagian Penggempur. Malah kaasup pamingpin anu katotol gedé wawanén. Dipikasérab, boh ku anak buahna boh ku sasamana. Anu matak pantes upama meunang paniten husus ti sakumna pamingpin pasukan panggempur téh. Markas Barisan Banténg téh di Cikapundung.

Kaayaan Bandung harita jadi harénghéng. Tentara urang mindeng bantrok jeung tentara Sekutu, der baé perang di sawatara tempat. Antukna Kota Bandung téh dibagi dua. Beulah kalér dicangking ku Pasukan Sekutu, beulah kidul dicangking ku pasukan republik. Ari anu jadi watesna nyaéta jalan karéta, anu ngembat ti Cikudapateuh ka Andir.

Sanajan Kota Bandung geus dibagi dua, kaayaan angger baé taya mendingna. Tentara urang anu keur ngaroris wates, mindeng bantrok jeung tentara musuh. Malah aya leuwihna ti éta, Pasukan Sekutu anu senjatana leuwih lengkep, mindeng némbakan ku mortir jeung bom, ka daérah anu dicangking ku tentara urang.

Tentara urang ogé henteu cicingeun, males éta serangan ku cara perang gerilya. Perang gerilya di tengah kota, anu matak ngaripuhkeun ka tentara Sekutu. Antukna pingpinan tentara Sekutu méré ultimatum, tentara urang kudu ninggalkeun Kota Bandung. Lamun henteu, baris digempur ku tentara Sekutu.

Nyambung ka bagean II


    Mairan ku Google
    Mairan ku Facebook