Metode Bahasa Inggris 468 x 60

Jurig Pocong


Kintunan Kang Reza Aditya

Malem Jumaah, sakitar jam 11 peutingan, si Udin keur lalajo TV di ruang tamu.

Keur ngeungeunahna lalajo tv, panto imahna aya nu ngetrok. Gewat si Udin mukakeun panto imahna.  Barang panto dibuka si Udin kacida reuwasna, soalna nu bieu ngetrok teh tetela jurig Pocong jeung baladna, aya kana 20 pocong mah.

Ku lantaran si Udin lain jelema borangan, manehna tuluy macakeun ayat kursi. Bakating ku sieun, orokaya eta pocong kabeh ting kalabur rurusuhan. Malah aya nu labuh sagala.

Tapi aya hiji pocong nu teu kabur, malah eta pocong ngajega hareupeun si Udin.

Si Udin tuluy macakeun deui ayat kursi, tapi eta pocong ngadon cicing we bari culang cileung siga nu linglung.

Si udin macakeun deui ayat kursi nu ka 3x na, tapi angger eta pocong teu ingkah-ingkah.

Teu kungsi lila, 19 pocong nu tadi kalabur teh baralik deui, bari pok ngomong:

"Hampura pisan kang Udin, abi mah bade ngajemput babaturan abi, maklum we da baturan abi nu ieu mah TOREK, punten nya kang", cenah bari ngabenyeng baturanna.
    Mairan ku Google
    Mairan ku Facebook