Metode Bahasa Inggris 468 x 60

Jurig Jeung Kasajahtraan


DINA elmu kapamarentahan, ciri-ciri masarakat sajahtra teh sok dumasar kana Indeks Pembangunan Masyarakat (IPM), nya eta disawang tina atikan, kasehatan, jeung kasempetan gawe.

Ari dina dunya humor mah, kasajahtraan masarakat teh disawangna tina kaayaan jurigna. Lamun urang nempo kaayaan dracula anu bajuna sarwa perlente, dijas jeung didasi, disapatu, buuk salawasna lucir, hirupna di kastil, geus nuduhkeun yen masarakat tempat dumukna dracula (nagara-nagara Eropah) pohara geus sajahtrana. Kitu deui lamun urang nempo kaayaan vampir anu bajuna sing sarwa hurung-herang, hirup ngahunang ngahening di kuil-kuil, sacara teu langsung geus mere gambaran yen masarakat Cina kiwari tingkat kahirupanana geus sajahtra pisan.

Kumaha ari rahayat Indonesia geus sajahtra ? Nya tinggal nempo papakean anu biasa dipake ku jurigna we. Ti mimiti pakean kunti, sundel bolong, suster ngesot, jeung pocong, apan kaayaanana teh mungguh matak pikasediheun. Keur mah warnana ukur sabodas-bodasna, katambah geus saroeh deuih. Komo tuyul mah, apan buligir teu kabeuli baju-baju acan. Nempo kana eta kanyataan, nu disebut kasajahtraan pikeun masarakat di nagara urang mah masih keneh jauh tanah ka langit.
Karakter Jurig

SALIAN ti bisa dipake dasar pikeun nangtukeun kasajahtraan masarakatna, oge jurig teh miboga karakter sewang-sewangan, anu bisa dijadikeun eunteung pikeun kahirupan manusa. Geura urang tataan hiji-hijina.

1. Tuyul

Aya nu nyebutkeun, cenah urang Sunda mah teu boga bakat kana dagang, da anu cahakna pinter kana dagang mah urang Padang. Sanajan aya anu ngaenyakeun jeung aya anu nolak kana eta pamadegan, urang kudu ngarasa yakin yen pagawean dagang teh lain pagawean enteng. Lian ti kudu leukeun jeung boga bakat teh, oge kudu apal kana prilaku nu meuli.

Tina sakitu jenis jurig, sigana ngan tuyul anu pinter usaha mah. Cindekna, sanajan tuyul leutik keneh, tapi geus pinter ngala duit.

2. Pocong

Kahirupan kiwari nu sarwa konsumtif jeung kompetitif, geus ngalantarankeun sabagian warga masarakat kabongbroy ku hal-hal nu aya patalina jeung kamewahan. Pikeun ngahontal eta kamewahan, aya kalana wani ngahalalkeun sagala cara. Ahirna tukang tipu pabalatak, ahli korupsi ngabadeg jumlahna, jeung tindak kriminal beuki ningkat. Ngabandungan eta kanyataan, urang kudu era ku pocong. Sanajan mode pakean loba rupana, pocong mah jejem dina model nu eta-eta keneh, baju warna bodas, nu dibeungkeut tilu tea geuning.

Cindekna, kasaderhanaan pocong teh kudu dijadikeun eunteung ku manusa pikeun nyingkahan tina hal-hal nu sarwa konsumtif tea.

3. Kuntilanak

Kaayaan kiwari dimana elit pulitik katembong mindeng parasea, geus ngalantarankeun kahirupan nu sarwa harengheng. Lantaran kitu, urang arang langka manggihan beungeut-beungeut nu someah darehdeh, sabab karereaanana mah nu pagiling gisik di sabudeureun urang teh beungeut-beungeut cakueum haseum.

Ari kuntilanak mah, dina situasi kukumaha oge, angger we pagaweanana teh seuseurian. Cindekna, balungbang hate jauh tina sirik pidik jail kaniaya nu nyampak dina diri kuntilanak, aya hadena lamun ku urang diconto.

4. Suster Ngesot

Saperti kuntilanak, suster ngesot ge kawentar ku kasaderhanaanana, sarta kudu diconto ku urang. Sanajan boga duit, acan kabejakeun aya suster ngesot tumpak ojeg. Angger we ka mamana teh sok ngesot wae.

5. Genderewo

Ari genderewo mah kawentar ku tartib, leukeun, jeung tekunna. Migawe nanaon teh genderewo mah sok rengse wae tur hasilna alus kacida. Sabage conto tekunna genderewo, apan maca ieu tulisan ge nepi ka tamatna.
    Mairan ku Google
    Mairan ku Facebook

0 comments:

Post a Comment