LOBA keneh urang Sunda nu teu bisa ngabedakeun e, é jeung eu. Conto nu panggampangna: loba keneh nu nulis "punten" jadi "punteun". "Bener" jadi "beuneur". Padahal hartina jadi beda.
Di handap aya tulisan nu hade jang diajar ngabedakeun e, é jeung eu. Mangga ditengetan:
Caritana basa taun 1980-an.
Di Sérang jéger-jéger anu biasa mangkal di terminal poé Rebo rébo ku botol téa diserang ku pulisi Sérang, jéger-jéger ditémbakan jegér...jegér. Jéger ngababatang di sisi sérang. sawaréh berebet... ngaberebet lalumpatan. Bérébét-bérébét sora bedil ngabérébét. Jéger-jéger dibérébét ku pulisi. Kapaksa kuring milu ngaberebet ngajleng ka sisi sérang na galengan.
"perang euy…… perang euy!" ceuk hiji jalma anu buukna pérang.
Kuring nyérangkeun anu nyerang jiga jalma anu keur sedeng sédéng. Tingali jukut jeung tutuwuhan séjénna pérang kaidek ku nu ngaberebet. Bari ngadepong ras kuring inget ka kérak di imah… moal paéh kitu……. da kamari téh diparaban kerak!
Kuring jeung Néng Méli anu meuli rujak, teras diuk di téras dahar rujak bebek bari ningali bébék nyatu huut. Bébék kagegelan ti mitoha tara gugal-gégél, tapi sok lolodok. Éta bébék sukuna sok dicirian kubenang beunang ngawarnaan ngarah teu patukeur jeung anu tatangga.
Mitoha lalaki téh kacida resepna ngaracik resép pikeun nguseup. Ceuk jejer tukang nguseup, jeujeur téh ulah sok dijéjérkeun bisi kaléngkahan. Mitoha awéwé anu pagawéanna jadi tukang dedel sok ngadeudeul bebekelan pikeun nguseup nepi kadédél korang teh ku lauk. (Ssst ulah guyur nya, mitoha awéwé pernah rék diserahkeun lantaran dina sangu sok aya sérah. Bakat ku ambek, éta sérah digélang, laju geulang mitoha awéwé digéléng).
Eupan tara dikerokan da bisi kérok. Eupan anu peungkeur sok disimpen di pengker. Biasana méméh indit nguseup. Mitoha lalaki sok diémutan ku mitoha awéwé kieu (Ssst mitoha awéwé anu hideng téh kulitna hideung).
“Abah kadé eupan téh ulah diemutanku Abah bisi pundung laukna.”
Lamun diémutan kitu, si Abah sok ngajawab,
“Baé, baeu eupan téh kadieukeun.”
Dasar teureuh tukang nguseup, si Abah sok téréh beubeunangan lauk. Balik nguseup biasana pakéan Abah dibébér-bébér dianginkeun, mastaka Abah sok dibeber ku saputangan supaya teu rieut. Abah ogé sok ngalaan beubeur tina cangkéngna lantaran eungap cenah.

Tapak beubeur ku Abah sok digosok ku cangkang jeruk peres nepi kapeureus, terus dibalur ku minyak séréh, tapi panangan Abah diwasuh ku cai seureuh ngarah teu jaram cenah. (Sssst lamun nguseupna teu beubeunangan, si Abah sok leuleus jeung hayang balik ka Lélés Garut, cenah).
Mairan ku Google
Mairan ku Facebook