Metode Bahasa Inggris 468 x 60

Sajarah Sumedang Ti Jaman Kumpeni Tug Nepi Ka Kiwari (10)

Para putra Dalem Wira Tanoe Datar (Enoh) teu aya anu kamanah ku Pamarentah Inggris, kusabab eta nu diangkatkana Bupati Cianjur ngagentos Dalem Dipati Enoh, Patih Cianjur, Raden Wiradiredja kalawan nampi gelaran Tumenggung, ku bisluit Pamarentah tanggal 18 April 1813. Satampina surat angkatan, mantenna gentos jenengan jadi Raden Tumenggung Prawiradiredja.

Ku bisluit Pamarentah Inggris (Proceedings) tanggal 28 October 1814, Bupati Sukapura Raden Adipati Soerialaga II, mundut liren lantaran rugel tina ngepak ngala remis, neangan mutiara di Sagara Anakan deukeut Nusa Kambangan, terus anjeunna mulih ka Sumedang, ka bali geusan ngajadi, kalawan dipaparin ti Pamarentah, panukang 100 kuren sarta kaidinan miara gulang-gulang keur upacara nu jadi Bupati pansiun, ti kabupaten Sumedang, laju anjeunna bumen-bumen di kampung Talun, nu matak nelah “Dalem Talun” nepi ka kiwari.

Raden Tumenggung Wiradadaha, Bupati Sukapura pansiun, ku bisluit tanggal 28 October 1814 diangkat deui kana Bupati Sukapura sarta tetep ngagem jenengan jeung gelaran Raden Tumenggung Wiradadaha.

Tanah Priangan jeung Galuh dibawah ku Karesidenan Bogor, harita Residenna tuan Macqoid, nu dina tanggal 10 October 1815 di Bogor, ngalih ka Wanayasa. Ari para Regen nu kaparentah Bupati Bogor (Kampungbaru): Raden Adipati Wiranata, Bupati Cianjur: Raden Tumenggung Prawiradiredja, Bupati Bandung: Raden Adipati Wira Nata Koesoema, Bupati Sumedang: Raden Adipati Soerianagara; Bupati Galuh (Ciamis): Raden Tumenggung Wiradikoesoemah, Bupati Sukapura: Raden Tumenggung Wiradadaha, Bupati Limbangan: Raden Tumenggung Adiwidjaja, di Krawang acan aya Bupati, ngan Patih apdeling bae Raden Sastradipoera (Sastradipura).

Dina taun 1816 tuan Besar Raffles nampi warti bakal digentos ku tuan Besar John Fendall jadi Leknan Gupernur pulo Jawa, nya teras ngabagikeun rupa-rupa gelaran ka para menak pribumi, ku maparin surat akte dina tanggal 1 Maart 1816, kayaning ka Bupati Limbangan Tumenggung Adiwidjaja gelaran Adipati, ka kapala Cutak Cipicung Raden Aria Somanagara gelaran Tumenggung. Putra Bupati Sumedang pameget nu ngan dua-duana teh, duanana ku tuan Besar Raflles diganjar.  Bupati Cianjur Tumenggung Prawiradiredja nampi gelaran Adipati; Kapala Cutak Wanayasa Raden Anggadikoesoema (Anggadikusuma) diganjar gelaran  Aria jadi Raden Aria Soeriadikara (Suriadikara), kabeh titimangsa angkatan tanggal 1 Maart 1816 bae.

Perjangjian tanggal 13 Augustus 1814 di kota London tea, Inggris bakal mulangkeun bawahan walanda, kakara kacumponan dina 19 Augustus 1816. Nya harita bandera Walanda, nu tilu warna teh ngelebet deui di kota Batawi sanggeus ieu dayeuh tanah Hindia jeung kakawasaan Pamarentah Inggris ku tuan Besar Leknan-Gupernur pulo Jawa John Fendall dipasrahkeun ka Commissarissen-Generaalti Nagara Walanda, nya eta tuan Besar Mr.C.Th.Elout; G.A.G.Ph. Baron van der Capellen jeung tuan Besar A.A.Buisjkes, nu sarumping kadieu dina tanggal 26 April jeung 11 Mei 1816. Ari tuan Besar Raffles nilar pulo Jawa dina tanggal 8 Maart 1816, terus jadi Gupernur di Bangkaulu (Benkoelen).

Sanajan kakawasaan C.C.G.G. tacan katampi oge, Residen Priangan tuan P.W.L. van Motmanenggeus diangkat ku bisluit tanggal 3 Augustus 1816, sarta dina tanggal 25 October 1816 ti Wanayasa tuan Residen van Motman nyanggakeun laporan ka Pamarentah Walanda nu anyar, tina hal kaayaan Karesidenan Priangan jeung Krawang di bawah parentahan Inggris sarta tina perkara kabupaten Sumedang, kieu unjukanana :

"Kabupaten Sumedang cangkinganana aya 15 distrik nyaeta: Balubur, Andawadak, Depok, Malandang, Conggeang, Darmaraja, Darmawangi, Pawenang, Malangbong, Ciawi, Pagerageung, Rajapolah, Indihiang, Cicariang jeung Singaparna diparentah ku Bupati Adipati Soerianagara, nu waktu ieu pangsepuhna sarta pangluhurna dina kapangkatanana sawewengkon karesidenan Priangan, anjeunna teh luar biasa pinterna sarta kacida satia tuhuna ka Gupernemen Walanda. Ieu kabupaten  diurusna kalawan geten tulaten pisan meh beunang disebutkeun pangamanna jeung meh euweuh panjahat, ku lantaran anjeunna sering ngeprik kapala leutik, sangkan getol digawena nohonan kawajibanana.  Anjeunna teh hiji Bupati nu sae manah, sareh sarta adil, bengis dina dines Gupernemen, abdi-abdi pada wedi asih lantaran tara nyusahkeun ka somah, kersana pamarentah kudu
diturut nu hade pikeun maranehanana."

Kagungan putra pameget dua, nu pangsepuhna geus jumeneng Bupati di Limbangan, putra nu anom jadi wawakil ramadi Sumedang, gelaranana Tumenggung, nya eta Raden Tumenggung Somanagara. Ari putra pangsepuhna tea jenengan Raden Adipati Adiwidjaja, Bupati Limbangan nungabawah 6 distrik, nyaeta: Wanakerta, Wanaraja, Suci,  Panembong, Sudalarang jeung  Pasanggrahan.
    Mairan ku Google
    Mairan ku Facebook