Metode Bahasa Inggris 468 x 60

Sajarah Sumedang Ti Jaman Kumpeni Tug Nepi Ka Kiwari (9)

Dina surat tanggal 9 Januari 1812, tuan Besar Raffles nimbalan tuan Couperus, Komisaris di Cianjur, supaya ngumpulkeun 500 prajurit ti kabupaten Cianjur nu diluluguan ku Bupatina, iangkeuneun ka Krawang pikeun nempuh barandal nu diluluguan ku Bagus Rangin. Amtenar Eropa anu jadi Kapala di Krawang harita, tuan Tency jeung tuan Offers. Komisaris jeung Landdrost pangkatna.

Sajaba ti anu 500 prajurit urang Cianjur nu nempuh balad Bagus Rangin teh, nya barisan (soldadu) Pangeran Prangwadana (Mangkunegara) Solo, anu dikumendir ku dua pangeran, nyaeta Pangeran Majoor (Mayor) Soerianagara jeung Soeriadipoera.

Bupati Krawang oge nu disebut Regen Kandanghaur, nya Dalem Adipati Soerialaga sabaladna kacida gede jasana sarta oge kungsi prung tarung di tetelar Bantarjati keneh bae dina tanggal 16 nepi ka tanggal 29 Februari 1812 jeung balad Bagus Rangin, sarta harita perangna Bagus kateter, ngan manehna henteu katangkep ku Dalem Adipati Soerialaga, bisa keneh ngejat ka bawahan Cirebon. Batur Bagus Rangin anu kasambut dina ieu perang aya 87 jiwa, dua kapalana jeung anu kaboyong aya 227 tia ntarana aya 30 jalma anu biluk pisan ka Bagus Rangin. Katambah ku 776 awewe jeung budak anu katewak, nu salakina jeung bapa barudak nu milu ngaraman. Pakarang anu beunang 23 bedil, 19 tumbak, 27 kolewang atawa bedog jeung 3 keris, ti dinya Payung-agung Bagus Rangin jeung parabot wayang sapuratina nu milu karampas teh. Kulantaran jasana sarta wawanen Dalem Adipati Soerialaga, ti pamarentah Inggris diganjar hiji bedil pamoroan anu alus pisan, beunang nyieun urang Inggris ku maneh.

Nurutkeun daptar papariksaan, Bagus Rangin dina proceedings tanggal 22 Juli 1812, pangakuanana sorangan, katangkepna Bagus Rangin teh di kampung Panongan (di jero kabupaten Majalengka) bawahan Tumenggung Rajagaluh-Sindangkasih, ditewakna ku Bupati (patih) eta kabupaten nu kakasihna Raksajoeda (Raksayuda), dibantuan ku mantri Sultan Kanoman Djajagana (Jayagana) jeung saurang pagawe pulisi wasta Ranadewangoe (Ranadewangu).

Ceuk pangakuan Bagus Rangin, manehanana leuwih ti 6 1/2 taun jadi kapala barandal nepi kana waktu katangkep di Panongan dina tanggal 27 Juni 1812. Malah waktu perang di Panongan jeung Bantarjati oge dina taun jeung prajurit Bupati Sumedang jeung Cirebon, nya Bagus rangin gegdugna, baladna aya kira-kira 280 atawa 300 jalma lalaki nu barisa perang, pakarangna jaba titumbak, gobang, bedog jeung keris teh, bedil sarta nepi ka mawa mariem kalangtaka. Prajurit Sumedang jeung Cirebon nu harita (1806) kaboyong aya 25 jalma. Kabehanana ku Bagus Rangin dititah ditugel sirahna ku si Kadim urang Sumedang jeung si Rawu urang Sukawana.

Kampung-kampung nu ngabayuan Bagus Rangin mere tedana baladna, nyaeta Benawangkulon, Malandang, Tonggeang, Cililin, Depok, Selaawi, Sukasari jst. Ari kuwu –kuwu anu biluk keneh ka Bagus Rangin ti kampung Batununggal, Tegal, Bentang, Gerudu, Cinaka, Tanggulun, Tambal, Ayer jst. Nu ku balad Bagus Rangin diruksak jeung diranjah nya Cibingbin, 80 munding nu dipaling, kapalana dipaehan. Waktu katangkep, kapala barandal keneh ka Bagus Rangin aya 11 urang, nu ngabogaan pakarang 170 bedil jeung 52 kati obat.

Ku pamarentah Inggris, wewengkon-wewengkon kabupaten Krawang, Cianjur, Bandung, Sumedang, Limbangan, Sukapura, Parakanmuncang jeung Galuh ku bisluit tanggal 16 Februari 1813 diatur deui. Tanah kabupaten Krawang, lantaran rek dijual dijieun tanah partikulir, ku Pamarentah kaanggap teu perlu diayaan Regen.

Bupati Krawang Raden Adipati Soerialaga II dialihkeun ka Sukapura, ari Bupati di dinya Raden Tumenggung Wiradadaha dipansiun. Kabupaten Parakanmuncang diburak, dileungitkeun sama sakali.  Bupatina Raden Tumenggung Adiwidjaja dialihkeun ka Limbangan, dayeuh Garut, nu kakarapisan diadegkeun, pernahna di cutak Suci, nu satadina kabawah ku Sukapura; Bupati Limbangan Tumenggung Wangsakoesoemah dipansiun.

Regen nu dilirenkeun, nu katiluna Bupati Galuh Raden Tumenggung Djajengpati(Jayengpati), saurangna 600 real sataun, ieu pansiun kudu dibayar ku Bupati Sukapura jeung Bupati Sumedang 800 real, jadi 400 real sewang; ku Bupati Limbangan jeung Bupati Bandung 1000 real, saurangna kapapancenan 500 real. Cutak Pagerageung kabawahna ku Sumedang ti semet taun 1813.

Bupati Cianjur Dalem Adipati Wira Tanoe Datar (Dalem Enoh), nu dina buku-buku babad Sumedang kamashurkeun pisan, miasih ka Dalem Sumedang Adipati Soerianagara, nalika mantenna di Cianjur, dina poe Jumaah tanggal 2 April 1813 pupus, nilar tilu putra pameget. Nu pangsepuhna Raden Aria Wiranagara, kakoncara gangas, nelahna mah Aria Cikalong; ari nu panengah Raden Aria Natanagara, nu sabada munggah haji jeneganana Haji Muhamad Tabri. Ari nu pangbureyna putra Dalem Dipati Enoh teh Aom Abas, waktu ditilar ku rama murangkalih yuswa lima taun.
    Mairan ku Google
    Mairan ku Facebook