Metode Bahasa Inggris 468 x 60

Sajarah Sumedang Ti Jaman Kumpeni Tug Nepi Ka Kiwari (11)

Bupati Sukapura Raden Tumenggung Wiradadaha ka Regen Sumedang kapernah mertua sarta distrik-disrik nu katarik ka Kabupaten Sukapura aya 14: Cidamar, Kandangwesi, Nagara, Karang, Parung, Mandala jeung Cikembulan di pakidulan, beulah kaler distrik Batuwangi, Taraju, Balubur, Pasirpanjang, Janggala, Kawasen jeung Selacau.

Kabupaten-kabupaten anu kabawah ku Residen Priangan teh, nyaeta Kabupaten Cianjur anu dibupatian ku Dalem Adipati Prawiradiredja sarta distrikna ngan aya tilu. Balubur (troep atawa kacamatan Cibeureum, Peser, Cipoko, Cikondang, Cilaku, Cibalagung jeung Maleber), da ari Cikalong mah apan tanah partikulir kagungan putra-putra Dalem Adipati  Wira TanoeDatar (Enoh), tanah tuan N. Engelhard jeung tuan A. de Wilde nyaeta distrik Gunungparang, Ciheulang jeung Cicurug. Distrik-distrik Kabupaten Cianjur anu dua deui, nyaeta Jampangkulon jeung Jampangwetan.

Distrik-distrik nu jadi wewengkon Bandung aya 15: Bayabang, Rajamandala, Cilokotot, Balubur, Cicalengka,Limbangan, Cipeujeuh, Manabaya, Leles, Tarogong,  Banjaran, Cisondari, Kopo, Rongga jeung Cihea.

Ayeuna kakocapkeun perang di desa Lobener bawahan Indramayu. Dina tanggal 8 December 1816 nyebar beja yen jalma-jalma urang Krawang, Ciasem jeung Pamanukan reana aya 2500 lalaki anu samakta marawa pakarang, boga niat ka Nagara arek baha, nyieun karusuhan nu diluluguan kubudak ngora ngaran Bagus Jabin umur kira 16 taun, anak Bagus Sanda, dulur misan Bagus Rangin nu neruskeun jadi kapala rampog. Ku jalma-jalma nu niat ngaraman, eta bagus jabin diaranggap sakti.

Kapala-kapala rampog kabeh barayana Bagus Jabin; anu marilu nyaeta Bagus Bulun, Bagus Wangsa, Bagus Asidin, Bagus Brata, Tjandrawidjaja (Candrawijaya) jeung Taluk di dusun Lobener sisi walungan  Cimanuk beulah kulon geus ngumpul sarta taki-taki pisan, arek ngalawan upama ku soldadu jeung pulisi gupernemen ditempuh. Remen barandal nu keur ngumpul di Lobener-kulon didatangan ku utusan ti tuan residen Cirebon nu dijurungkeun mariksa naon sababna pangarek baha ka Nagara, sarta sina meper ulah ngalawan ka Gupernemen make pakarang, leuwih hade sadrah masrahkeun maneh ka pulisi ku jalan babadamian.  Jawaban ti barandal henteu puguh, anu tangtu mah pang baha ka Nagara kulantaran beurat teuing papancen jeung ngarasa diteungteuinganan, sarta loba jepit ku kapala-kapala desa jeung tukang ngepak Tionghoa.

Dina tanggal 9 December 1816, ieu barandalgeus ngaranjah kota Kandanghaur, ngarampasan rajakaya urang dayeuh, jelemanadipahala diusiran sina mabur, rea nu mubus nyingkiran bahla barandal, geus teutolih kana banda.

Anu jadi pangagung Nagara, babakuna tuan Residen Cirebon (tuan Servatius) ngaraos jengkel kabina-bina tina barandal teu beunang dipeper, diajak badami, nya dina tanggal 19 December diparentah deui panganggeusan, supaya nu jadi ulon-ulonna masrahkeun maneh ka pulisi, sarta dimana teu daek nurut, bakal ditangkep make jalan kakerasan. Barandal nanduk teu daekeun taluk, nya  dina tanggal 20 December 1816 mimiti ku militer jeung pulisi ditarajang diperangan, nu daratangna ti opat madhab, nyaeta ti Indramayu, ti Ujung, ti Losarang jeung ti Lobener-wetan.

Militer jeung pulisi anu ngambreg ti Indramayu kurang kuat, kapaksa mundur, atuh barandal teh ngangseg ka beulah kaler-kulon, nuju ka dayeuh Indramayu. Ngan hadena

kaburu burudul balad Priangan nu diluluguan ku tuan residen W.C. van Motman ku anjeun, nu sumpingna ti Wanayasa ka Lobener-kulon, jolna ti Losarang sarta dibantu ku dua Bupati Priangan anu jadi Kapala-perang, nyaeta Bupati Sumedang Adipati Soerianagara sareng putrana anu pangbarepna Bupati Limbangan Adipati Adiwidjaja.

Barang amprok oge jeung musuh, nya eta barandal nu dikapalaan ku Bagus Jabin tea, geus teu antaparah deui, der bae perang campuh pohara pisan. Lila-lila barandal kadeseh ku balad Priangan, terus disedekkeun ka sisi walungan Cimanuk. Barandal anu meuntas ka beulah wetan kapegat ku balad Residen Cirebon, nu dibantu ku 160 soldadu detachement ti Samarang sarta ku balad Bupati Bengawan-wetan Adipati Nitidiningrat. Barandal ku balad Gupernemen ti Priangan jeung ti Cirebon katingker sama sakali, moal aya 25 rampog nu bisa lolos mabur ka kidul.

Barang perang geus bubar, meh kabeh barandal katangkep, anu tatu parna aya 100 jalma, anu kasambut aya 60 barandal nu paraeh di pangperangan, ari anu kaboyong jadi babandan aya 500 jalma, kabeh dikerid peuti dibawa ka Cianjur, baris dipariksa, sarta Gupernemen ngangkat tilu pangagung Walanda anu kapapancenan ngumisi, ngabuktikeun naon anu jadi sabab pang abdi-abdi baha ka nagara, nyaeta pangagung  tuan-tuan P.L. Chasse, Z.  Veekens jeung tuan J.G. van Angelbeck. Iwal ti anu tatu ti militer jeung pulisi Gupernemen, anu kasambut dina perang di Lobener ngan aya 4 soldadu Walanda jeung 11 soldadu bangsa pribumi. Ieu carita beunang nyutat tina serat tuan Besar Gupernur Jendral Baron van der Capellen tanggal 26 December 1816.
    Mairan ku Google
    Mairan ku Facebook