Metode Bahasa Inggris 468 x 60

Sajarah Sumedang Ti Jaman Kumpeni Tug Nepi Ka Kiwari (12)

Sajero taun 1817, repeh euweuh karusuhan barandal; barang mancat kana taun 1818 dina tanggal 29 Januari der desa Rajagaluh, Palimanan jeung Banjaran dihuru ku barandal nu diluluguan ku Bagus Serit, baraya Bagus Sidung jeung Bagus Rangin keneh. Asisten Residen tuan Heidenreichjeung Bupati Bangawan-wetan anu harita geus 70 taun yuswana Adipati Nitidiningrat, anu kakocapkeun dina waktu perang di Lobener tea taun 1816; ngabujeng kanu aya rusuh, tapi teu nyangga pulia, kasambut dina medan perang. Ieu karusuhan anu timbul deui anyar, ditumpesna ku nu jadi babaku nya ku militer bae, ngan kawasna bae Bupati Sumedang Adipati Soerianagara oge ngiring ngarepehkeun ieu huru-hara. Ti semet 1818 tug ka kiwari euweuh kajadian deui kaributan, rusuh, huru-hara anu sakitu poharana.

Ku bisluit Commissarissen-Generaal tanggal 13 Maart 1818 no.21 kalawan namina Sri Maha  Raja Nederlan, Bupati Sumedang Raden Adipati Soerianagara diganjar gelaran Pangeran, tina jalaran jasana parantos numpes huru-hara barandal dina mimiti taun 1817 jeung bulan Februari 1818. Ku taksiran, nya waktu eta keneh, mantenna dipaparin ku pamarentah Agung C.C.G.G. Bintang Emasnu gedena meh satampah make kangkalung sarta ditulisan ku kecap ieu: “Voor betoonde moed en trouw”, anu kubasa Sunda kieu pikecapeunana sugan: “Hiji tanda wawanen jeung kasatiaan anugeus ditembongkeun”. Tug nepi ka ayeuna eta Bintang digantungkeun dina jero lolomarian kaca di kamar panyeratan para Bupati nu ngageugeuh kabupaten Sumedang, di gedong padaleman (bisluitna ieu ganjaran ku anu nulis ieu karangan teu kapanggih).

Ku bisluit C.C.G.G. tanggal 14 April 1818 no.24 kaidinan mantenna gentos jenengan jadi Pangeran Koesoemah Adinata (Kusumah Adinata).

Dina tanggal 16 Januari 1819, tuan G.A.G.P. Baron van der Capellen dijungjung jumeneng tuan besar Gupernur Jendral marentah jajahan Hindia-Wetan, ari nu dua deui tuan Besar C.C.G.G.. Mr.C.Th.Elout sareng Jendral-laut A.A.Buijskes marulih bae ka nagara Walanda.

Ku Bisluit tanggal 1 Februari 1820 paraBupati sa tanah-Jawa nu diparentah ku Gupernemen Hindia-Nederlan mah nampi deui akte katetepan jumeneng Regen.  Ku bisluit Pamarentah (resolutie) tanggal 19 April 1821 Kabupaten Sukapura, lantaran kurang ngaluarkeun hasil Nagara, diburak, Bupatina Raden Tumenggung Wiradadaha dipansiun deui, sarta distrik-distrik bawahan ieu kabupaten dibagikeun ka tilu kabupaten, nyaeta:
a.  Sumedang kabagean distrik-distrik: Pasirpanjang, Janggala, Kewasen,Cikembulan jeung Mandala.
b. Nu katarik ka wewengkon Limbangan distrik: Balubur, Taraju, Selacau,Batuwangi, Parung, Karang jeung Nagara.
c.  Nu diasupkeun ka wewengkon kabupaten Cianjur: distrik Kandangwesijeung Cidamar.

Bupati-pansiun Bogor-Krawang-Sukapura Raden Adipati Soerialaga (Dalem Talun) di Sumedang, nampi pansiun artos f.100,- saban bulan sarta dibantukeun damel, nampi piwarangan Residen Priangan dimana Nagara perlu make, nurutkeun bisluit tanggal 21 Augustus 1822, Dalem Talun nampi ieu ganjaran lantaran enggeus dipiwarang ngumisi Sukabumi jeung irig-irig tanah walungan Citarum dina taun 1821.

Ku bisluit 11 Januari 1823 tanah partikulir Sukabumi ku Gupernemen digaleuh ku arta f.800.000,- sarta tanah Cikalong dicandak deui ku Pamarentah nurutkeun bisluit tanggal 25 Februari 1823 ti ahli waris Bupati Cianjur nu pupus dina taun 1813 Raden Adipati Wira Tanu Datar.

Dina taun 1824 euweuh kajadian nu kudu dicaturkeun.
    Mairan ku Google
    Mairan ku Facebook