Metode Bahasa Inggris 468 x 60

Sajarah Sumedang Ti Jaman Kumpeni Tug Nepi Ka Kiwari (13)

Ku bisluit tanggal 25 April 1825, patih Sumedang Raden Demang Mangkoepradja (Mangkupraja) ku Pamarentah kaidinan ngecagkeun kapangkatanana, digentos ku Raden Demang Natanagara, putra kaponakan Pangeran Koesoemah Adinata.

Ku bisluit tanggal 31 October 1825, Raden Demang Tanoewangsa (Tanuwangsa), saderek Bupati pansiun Sukapura Raden Tumenggung Wiradadaha nampi kurnia gelaran Aria, jadi Raden Aria Danoeningrat (Danuningrat).

Dina tanggal 24 Juli 1825 tuan Besar Gupernur-Jendral G.A.G.Ph. Baron  van der Capellen di Batawi nampi warti nu samasakali teu disangka-sangka, di Jokyakarta timbul karusuhan nu pohara pisan,lantaran nu jadi Residen tuan Smissaert dina damelna kacida tambelarna, henteu telik dina sagala rupa kajadian, nepi ka aya karaman teu kanyahoan ti tadina,tur ari deg geus tohaga pisan, nu diluluguan ku putra Sultan Hamangkoe Boewono (Hamangku Buwono) III, Pangeran Ario Diponegoro, sarta nu jadi senapatina nu kamashurkeun Sentot Alibasah Prawiradirdja (Prawiradirja), nomoman yuswa 18 taun putra Raden Rangga anu baha ka Gupernemen dina jaman tuan Besar Maarschalk Mr.H.W.Daendels. Katambah nujadi senapatina teh Pangeran Mangkoeboemi (Mangkubumi) jeung Kyai Madja (Maja) ngaragkep jadi guru agama Islam dina peperangan.

Perangna  antara balad Gupernemen jeung balad Pangeran Aria Diponegoro nepi ka tanggal 28 Maart 1830, harita P.Diponegoro ka Magelang nepangan tuan Besar Leknan Gupernur-Jendrall Generaal  H.M. de Kock, terus dipiwarang ditangkep, dikirimkeun ka Samarang, terus diiangkeun ka Batawi, ti dinya dikendangkeun ka Manado dugi ka pupusna di ditu. (nb.PangeranDiponegoro, Pahlawan Nasional, pupusna sareng dipendemna di Makassar, Sulawesi Selatan.)

Tanah Priangan, henteu pisan kabaud kana ieu karusuhan, tapi sanajan euweuh karaman nu asup ka wewengkon Priangan, nguruskeun soldadu-soldadu jeung pangagung-pangagung Eropa nu lalar liwat arek ka pangperangan, estu pagawean lain lumayan, jaba ti nyadiakeun rupa-rupa jagaan nu ku pangagung Nagara dijalankeun kalawan tohaga pisan.

Harita Residen Priangan teh saderek tuan Besar Luitenant-Kolonel R.L.J. Baronvan der Capellen (sok disebut oge Jhr.R.L.J. van der Capellen), dina tanggal 31 Juli 1825 oge geus burber ngintunan serat ka sakabeh Bupati tanah Priangan, waktu eta Bupati Priangan ngan aya opat nyaeta:

1.  Bupati Sumedang Pangeran Koesoemah Adinata
2.  Bupati Limbangan-Garut Raden Adipati Adiwidjaja
3.  Bupati Bandung Raden Adipati Wira Nata Koesoema (Dalem Kaum)
4.  Bupati Cianjur Raden Adipati Prawiradiredja (Dalem Kaum keneh nelahna)
da apan Sukapura mah geus diburak, nyarioskeun di Jogjakarta aya karusuhan sarta marentah supaya dijaga taki-taki bisi aya karaman asup ka wewengkon karesidenan Priangan.

Dina jero bulan October jeung November 1825 di Indihiang aya jagaan Bupati Cianjur nu nyandak kurang leuwih 400 prajurit jeung pamatang (prajurit nu tumpak kuda).
    Mairan ku Google
    Mairan ku Facebook