Metode Bahasa Inggris 468 x 60

Onta, Urang Arab jeung Nyi Dokter


Onta teh keur masyarakat Arab mah sato nu kacida pentingna. Ngan aya hiji pangadatanana nu goreng. Mun ngambek, sok mogok, ngedeprek embung nangtung. 

Kacaritakeun di Jalan di nagri Arab (duka nagri Arab nu mana), aya lalaki keur ngusahakeun onta jaluna nu mogok, ngedeprek di tengah jalan, embung nangtung. Atuh jalan jadi macet, klakson mobil mani reang. Tapi si Onta keukeuh embung hudang. Teu kungsi lila tina mobil nu kahalangan turun wanoja geulis, nyampeurkeun, bari terus nanya: "Kunaon Pa?"

"Aduh Eneng, ieu onta teh teu daekkeun wae nangtung, nyusahkeun pisan!"

Si Wanoja geulis unggeuk-unggeukan: "Kabeneran kuring dokter hewan, cik urang pariksa", bari terus si Onta dipariksa, dirarampa mimiti tonggongna, terus beuteungna, terus katukang .....jerete teh onta ngejerte, terus nangtung ...serebet weh lumpat tarik pisan. Jalan nu tadina macet, jadi lancar deui, si nu boga onta nyampeurkeun ka Wanoja geulis: "Walah Si Eneng mani hebat, dikumahakeun eta teh Neng?"

"Ah gampang, dipencet we etana", ceuk si Eneng dokter teh daria, bari terus ngaleos ninggalkeun, nuju kana mobilna. Si nu boga Onta ngahuleng sakeudeung, tapi terus nuturkeun si Eneng Dokter.

"Rek naon Pa, bet nunutur, hayang naon deui?" Ceuk Si Eneng dokter teh judes.

"Tadi saur Eneng, onta bapa teh dipencet etanana, tepi ka lumpat tarik pisan, kitu sanes?"

"Enya, terus?", ceuk Neng dokter.

"Tah upami kitu, punten pisan, pencet oge gaduh Bapa, ngarah Bapa oge tiasa lumpat tarik, tiasa ngudag onta nu mabur tadi", ceuk si Bapa teh ngalengis .....

Kenging Kang Usep Romli HM
    Mairan ku Google
    Mairan ku Facebook