Metode Bahasa Inggris 468 x 60

Kecap Rundayan Jeung Rarangken


KECAP rundayan dina Basa Sunda nyaéta kecap asal anu geus dirarangkénan. Ku ayana rarangkén ieu, hiji kecap asal bisa ngajanggélék jadi ratusan kecap.

Aturan rarangkén basa Sunda jeung kumaha conto cara ngalarapkeunana, bisa ditoong dina Poesaka Soenda (PS) No.4-6 Oct-Dec 1924. Tétéla ku cara ngarundaykeun, hiji kecap dasar bisa jadi puluhan kecap. Komo deui upamana digabungkeun jeung ngarajék.

Rupa-rupa Rarangkén

Dina basa Sunda, aya opat rupa rarangkén :

    Rarangkén hareup
    Rarangkén tengah
    Rarangkén tukang
    Rarangkén barung

Rarangkén hareup (afix)Nyaéta rarangkén anu ngantét dihareupeun kecap dasarna.

    N-
    di-
    ka-
    pa-
    pi-
    barang-
    silih-
    pang-
    ti-
    ba-
    ting-
    pada-
    para-
    per-
    sang-
    si-

Rarangkén tengah (infix)Nyaéta rarangkén anu nyalusup ditengaheun kecap dasarna.

    -in-
    -ar-

Rarangkén tukang (suffix)Nyaéta rarangkén anu ngantét ditukangeun kecap dasarna.

    -an
    -eun
    -keun
    -na

Rarangkén barung (confix)Nyaéta leuwih ti hiji rarangkén anu dipakéna babarengan, anu upama dileungitkeun salah sahiji, éta kecap jadi euweuh hartina.

    ka--an
    pa--an
    pang--keun
    pi--eun
    pika-
    pika--eun
    sa--eun

Dicutat ti Kang Andi
    Mairan ku Google
    Mairan ku Facebook