Metode Bahasa Inggris 468 x 60

Lalab: Leunca

LALAB ieu jigana lalaban wajib di restoran-restoran Sunda, salian ti saladah bokor, surawung jeung terong (marukan).  Neanganna ge teu hese.  Di pasar loba, di supermarket ge aya

Leunca atawa Ranti (basa Indonesia) ngaran ilmiahna Solanum ningrum.  Kaasup tutuwuhan nu gampang dipelakna sarta gancang kaalana. Malah dipelak dina taneuh angar (nu kurang subur) gé bisa jadi.  Biasana tumuwuhna di kebon nu teu kahieuman.

Asal muasalna mah cenah ti Asia Kulon nu sumebar kamana-mana.  Bisa nepi ka Indonesia jigana kusabab leunca mah teu gampang buruk, kuat nepi ka saminggu wae mah.

Tangkal Leunca teu pati jangkung.  Pangjangkungna kira-kira sameteran. Daunna teu pati rubak, antara 5 – 7 cm, rada kesrak semu buluan.  Kembangna ngaranggeuy bodas sesemu héjo.  Ari buahna upama ngora kénéh mah rupana héjo.  Beuki kolot beuki ray-rayan hideung.

Leunca biasana dikonsumsi atah bae buahna.  Pucukna oge dipaké enak ketang.  Dicoél sambel tarasi.  Rasana semu-semu pait, tapi nikmat.

Bisa ogé dikarédok. Diréndos samarana céngék, gula, uyah, jeung tarasi.  Rék dibawang bodasan maké cikur jeung surawung leuwih hadé.

Leunca bisa ogé dipasak dijieun ulukutek samarana maké oncom leuwih pédo. Malah Leunca ogé aya khasiatna pikeun nambah vitalitas keur kaom lalaki.
    Mairan ku Google
    Mairan ku Facebook