Metode Bahasa Inggris 468 x 60

Santri

Ku Asép Salahudin

Kecap santri dina emprona copelna ngandung tilu harti. Kahiji, sebut we téologis. Sabangsaning jalma anu keur nyuprih elmu pangaweruh utamana bag-bagan kaagamaan (tafaqquh fid din) di pasantrén-pasantrén. Boh anu netep di kobong, idek liher didinya sapopoe. Atawa nu ngan ukur ngilu ngaji peuting wungkul anu katelahna di urang mah nya santri kalong tea.

Kadua, kultural. Pernah masantren mah henteu. Ngan lahir ti kulawarga agamis, dalit jeung napas pasantren. Beh dituna pileukeunan maca buku-buku agama jeung tepi ka ngamalkeunana sagala babakuna (anu katara) anu patali jeung pikih-parukunan. Lebah pikih parakununan mah apan kendat jadi bahan papasean sagala.

Katilu, politis. Santri samodel kieu dina rohangan pulitik minangka anititesa tina priyayi (menak) jeung abangan. Biasana dinisbahkeun ka pulitisi Islam atawa aktivis partai nasionalis anu kasangtukangna miang tina organisasi kaislaman kayaning NU, Muhamadiyah, Persis, PUI, IMM, PMII, HMI jeung lian ti eta.

Trikotomi santri, priyayi, abangan mun dijujut mah nya minangka hasil panaluntikan antropolog Clifford Geertz di Mojokuto (Jawa Timur) anu meh loba dipake tepi ka kiwari dina enggoning noong dinamika pulitik Islam sok sanajan geus loba anu ngiritik. Orientasi pulitikna baheula taun lima pulu limaan mun santri ka Masyumi atawa partey NU, abangan ka PKI atuh priyayi ka PNI atawa PSI.

Ngindung ka waktu, tangtu mun baheula santri (utamana santri teologis) teh sering disakompetdaunkeun jeung cara mikir nu tradisional, kolot, jumud, kiwari lain deui caritana. Malah mun nilik kadieunakeun apan wacana islam liberal, lokomotipna teh ti kelompok santri anu meh geus hotam macaan kitab konengna, geus kabaheum ngalogatan literasi warisan para ulama heubeulna. Mun baheula santri ukur ulukutek ngurus Taqrib, Fathul Mu’in jeung Alfiyah kiwari apan loba santri anu ngulik elmu sosial. Islam tradisional diadumaniskeun jeung sosiologi, antropologi katut filsafat. Ilmu-ilmu sosial dijadikeun peso pikeun ngabedah peelmuan Islam kaitana jeung kahirupan sapopoe umat Islam.

Mun baheula jejer anu dipikawanoh teh sabudureun fikih khilafiyah ayeuna mah gening harus nyaritakeun demokrasi, hak asasi manusia, emansipasi, gender, liberalisme, hak hak warga negara, ruang publik, jeung lian ti eta. Sarengsena “masantren” di IAIN/UIN teu ieuh nareruskeun S2, S3 di UIN deui tapi nyokot elmu-elmu sosial program magister jeung doktoral di universitas umum boh dalam negeri atawa luar negerina. Jigana matak kitu oge geus bosen terus-terusan ngobet elmu-elmu agama. Naha teu S1-na langsung di universitas umum? Pimanaeun. Jalaran kaluaran Aliyah ti lembur (pasantren lolobana di lembur) aranglangka anu bisa nembus SNMPTN. SNMPTN mah biasana hancengan urang kota, da di urang mah pendidikan oge lain masih keneh diskriminatif?

Pulitik santri Pascareformasi atawa Orde Baru katompornakeun kaciri aya mobilisasi vertikal ti kalangan santri. Umat Islam loba anu nempatan pos-pos kakawasaan anu strategis. Boh bupatina, gubernurna malah kabiruyungan presidena sagala, Abdrurahman Wahid. Ngageser tina Islam kultural kana Islam struktural. Tina dakwah budaya kana pulitik. Sok komo jaman reformasi apan sing pucunghul partey-partey anu diparajian ku kelompok santri. Sebut we anu masih hirup kumelenang tepi ka ayeuna sabangsa PKB, PKS, PAN, PBB jeung PPP (partey diadegeun nu ieu mah jaman Ordeu Baru).

Tangtuna urang nenden harepan ka partey-partey jiga kitu. Sok komo ningali visi jeung misina anu sakitu raketna dipatilikeun jeung pasualan religiositas-moral. Malahan mah tina sawatara partey eta aya anu nyata-nyata nandeskeun identitas dirina minangka partey Islam, asasna oge atuh ngajeblag qur’an sagala. Udaganana apan sakitu sieupna dina raraga ngawujudkeun baldatun thoyyibatun wa robbun ghafur. Nagara anu bersih sarta aya dina panangtayungan rido Gusti.

Tapi mun seug ningali seuh-seuhana dina sapuluh taun kaayeunakeun matak ngurut dada, di tingali-tingali teh asa euweuh bedana antara “partey islam” jeung “partey sekuler”. Asa euweuh nu sahulueun. Malah moal boa herepan teh kari lamunan. Gegeden parteyna kitu hiji hiji ditewakan ku KPK sapedah lampah basilat. Aya nu kajiret ku urusan sapi, katalimbeng soal haji, tenaga kerja atawa karetana. Eta geura ngerakeunana teh hasil basilatna dibagi-bagi ka bangsaning artis, ka awewe bahenol nerkom. Kecap fustun apan jadi kacapangan. Matak kitu oge ceuk anggeuhanana ngukut pamajikan leuwih ti hiji teh dina raraga naratas jalan sunnah Kanjeng Nabi. Sok sanajan tina ladang korupsi. Singhoreng dina lebah pulitik mah sakumna oge mibanda sahwat anu sarua: korup!

MANGLE, edisi 2-8 Oktober 2014
    Mairan ku Google
    Mairan ku Facebook