Metode Bahasa Inggris 468 x 60

Pilkada Ku DPRD

Ku H. Usép Romli HM

Kabéh apal jeung pasti masih kénéh aringet, salila rezim Orde Baru kumawasa (1966-1998), wewenang milih Kepala Daérah, boh Bupati/Walikota, boh Gubernur, aya dina leungeun pamaréntah puseur. Ngan proses pamilihanana, disérénkeun ka Déwan Perwakilan satempat. Di dituna mah ambéh katénjo demokratis. Saeutikna “dedemokratisan”
Atuh, pancén katut kagunaan DPRD, nu dipilih langsung ku rayat dina pemilu, teu béda ti “embé congé” (tarjamahan harfiah tina “kambing congék”). Ukur mangrupa gantar kakawasaan jeung ambisi para élit politik puseur dayeuh.

Rayat teu diajak pipileun.Kudu narima saayana wé. Teu anéh, lamun bupati/walikota atawa gubernur, teu dikenal saméméhna. Atuh nu dicalonkeun gé talamba-tolombo, kawas hayam panyambungan. Teu apal médan.Teu nyaho kaayaan.

Malum istilahna “calon droping”. Dikirim ti “luhur”. Lain diusukeun – bororaah dipilih – ku rayat kawas ayeuna.

Ĕta “calon droping” , pasti unggul. Bakal meunang sora pangréana ti anggota DPRD nu geus diatur leuwih ti heula. Sangkan ulah nyolok mata buncelik teuing, calon droping nu baris kapilih téh, sok dibaturan ku “calon pendamping”, saurang atawa duaan.

Saacan prak milih, sora DPRD geus diragemkeun . Calon utama nu bakal jeung kudu meunang, baris dipilih ku sakitu urang . Sésana keur “calon pendamping”. Misalna, anggota DPRD 45 urang. Nu 40 urang kudu mikeun sora ka calon utama nu dikirim teuing ti mana. Pokona, geus disatujuan ku tila jalur “ABG” (ABRI, Birokrasi, Golkar). Sésana, 5 sora, keur “ calon pendamping”.

Acara pamilihan ngahaja sina tegang. Pangpangna waktu ngitung sora. Nu muncul, sina sora keur “calon pendamping”. Disusul sora keur calon utama. Kitu piligenti. Ka dituna mah, nya norolong wé. Pan geus kanyahoan pikitu-kieunana. Mustahil “calon pendamping” bakal meunang. Mun enya téh,tangtu kabeh anggota DPRD di”reccal”. Diganti. Di-PAW ayeuna mah.

Lantaran nu nangtukeun calon nu kudu jadi, ti “luhur”, DPRD tumarima saaya-aya. Malum maranéhna jeneng anggota DPRD gé apan ditugaskeun ku institusi nu keur kumawasa. Anggota DPRD ti Golkar, diseléksi ku jalur “ABG” téa. Anggota DPRD ti ABRI (TNI) ditangtukeun ku komandan masing-masing, kalawan réstu Pangab atawa Panglima Tertinggi (Presiden). Calon anggota DPRD ti partai (PPP jeung PDI) kudu lulus “screening” atawa “litsus” (penelitian khusus) nu diayakeun ku Kopkamtib, katut ésélon-ésélonna di daerah, kayaning Kodam, Korem jeung Kodim.

Dalah DPRD teu bisa nanaon, basa kudu nampa calon bupati nu “dimutasi” ti hiji kabupatén ka kabupatén séjén.Conto nyata di Kab.Garut,Jawa Barat, tahun 1988. Bupati Garut Taufik Hidayat (1983-1988) tukeur tempat jeung Bupati Ciamis, Momon Gandasasmita. Taufik, nu masih kénéh jeneng bupati Garut, nyalon bupati di Kab. Ciamis. Kitu deui Momon, nyalon di Kab. Garut. Duanana meunang sora pangréana di DPRD masing-masing, nu ngayakeun pemilihan bupati “mutasi”.

Mungkin aya DPRD nu wani nolak calon dropping. Tapi langka pisan. Sapanjang sajarah panjang Orde Baru, asana ngan sakali-kalina kajadian kitu. Nyaéta, DPRD Prov.Kalimantan Tengah nolak Karna Suwanda (Wakil Gubernur Jawa Barat), pikeun Cagub Kalimantan Tengah ngaganti Suparmanto (1994). Karna Suwanda, nu dijagokeun ku Yogie SM (Mendagri) gagal jadi cagub , lantaran DPRD Kalteng geus meunang “dropingan” séjén.Nyaéta Warsito Rasman, nu kawasna geus meunang réstu “Cendana” (Presiden Suharto sakulawarga).Nya Warsito Rasman nu jadi Gubernur Kalteng (1994-1999).

Ayeuna Pilkada langsung ku rayat, rék dileungitkeun, lantaran kelompok mayoritas (partai-partai koalisi “Merah Putih”) di DPR RI keukeuh peuteukeuh hayang mulangkeun pilkada ka DPRD deui.

Mun ieu hasil, hartina DPR-RI periode 2009-2014, geus dolim. Ngaragragkeun harkat martabat DPRD, nu ti taun 1999 geus manggihan jatidiri kamulyaan minangka wakil rayat. Lain wakil “ABG” atawa obyék kaulinan pangawasa nu hayang nancebkeun kakawasaan di daérah. Jeung dolim deuih kana hasil perjuangan reformasi, nu geus satékah polah nata sistem pemilu nu bener-bener jujur, adil, langsung, umum , bébas, rahasia.

Seug komo lamun éta UU Pilkada diberlakukeun dumasar kana sahwat dendam, neuteuli, lantaran ngarasa éléh dina pilprés. Tangtu moal baleg, lantaran niatna goréng.
Alesan naon waé ogé, nu diarguméntasikeun ku para panyokong pilkada teu langsung, moal bisa ditarima ku sakur jalma nu boga akal waras.  Nu moal bisa mopohokeun sajarah hideung peteng rezim Orde nu ngagunakeun DPRD kuda umbal kakawasaan jeung “embé congé” ***

Dimuat dina Mangle, No.2495, 2-9 Oktober 2014
    Mairan ku Google
    Mairan ku Facebook