Metode Bahasa Inggris 468 x 60

Rd. Haji Muhammad Musa Mapay Atlas Sunda

CIELA téh pernahna di kawedanaan Panémbong (ayeuna mah disebutna Bayongbong). Eta lembur téh teu pati gedé, harita mah ukur diwangun ka 12 - 15 suhunan. Imah-imahna basajan pisan, ngajajar kénca katuhueun Jalan satapak. Nu dijugjug teh hiji imah anu pakaranganana dipelakan hanjuang, imah panggung ti na awi, hateupna tina eurih ukuranana kira2 8 x 5 meter.

Eta imah téh dieusian ka Nyi Agem katut anak incuna. Teu kacaturkeun ari salakina mah. Ngan cenah Nyi Agem téh jadi "kokolot" di éta lembur. Ku saréréa diajenan, malah nya tatangga2na pisan anu nyumponan sagala pangabutuh sapopoe Nyi Agem teh. Kituna téh lantaran Nyi Agem sasatna jadi kuncén anu meunang kapercayaan ngampihan barang2 "titinggal karuhun” anu dianggap karamat tea. Nurutkeun laporan Lammers, cenah paparabotan di imah Nyi Agem teh kaitung sagala nyampak, jeung bareresih deuih sakumaha ilaharna imah2 urang Sunda harita. Sisi bilik beulah kulon aya salon rada gedé.

Eta pepetén teh eusina mariem miniatur tina kuningan, ditambah ku keris opat, mata tumbak tina beusi,  sababaraha alat anu sok dipaké "nyisit" kulit kai "saé" anu sok jieun keretas. Salian ti éta téh aya deui eusina anu séjén, nyaeta baju anu geus lusuh pisan jeung bandera leutik anu teu kacaturkeun kumaha warnana.

Tapi barang anu dianggap pangkaramatna mah nya eta seratan anu disimpen dina jero kandaga téa, nya eta seratan ana ditulis dina boéh rarang, ukuranana kira2 2 x 1 meter. Katémbongna mah geus lusuh naker, malahan tanda2 anu aya dina eta boeh rarang teh taya hiji oge anu pikahartieun urang Ciela.

Unggal malem Jumaah, éta barang titinggal karuhun téh ku Nyi Agem  sok dlkaluarkeun tina wadahna, terus dibeberkeun di hareupeun tatangga2na anu ngagimbung di buruan.  Sabot kitu Nyi Agem ngagerendengk mapatkeun jampe pamake baru ngebul ngukus. Nu ngagimbung saregep naker ngabandungan nu digerendengkeun ku Nyi Agem, bari jongjon neuteup kana tulisan tea.

Barang ditaliti ku Panghulu R. H Muhammad Musa jeung kontrolir Lammers nu dianggap karamat teh horeng atlas Tatar Sunda anu beda pisan tina atlase sejenna anu buatan urang Asing.  Ari ngaran2 nu aya dina eta atlas kabeh ditulis dina aksara Jawa jeung aksara Sunda.

Kontrolir Lammers ngeukeuhan hayang bisa nginjeum eta atas ti Nyi Agem.  Ku lantaran harita aya Panghulu Kapala di dinya, nya Nyi Agem ge teu bisa ngoretkeun.

Nya ku Lammers eta atlas teh dijieun salinanna nepi ka dua.  Lantaran disalin kitu bae, tangtu we moal persis sakumaha aslina, henteu saperti lamun difoto kopi.  Ku Residen Priangan, van der Wijck, sahasahiji tina eta salinan teh dikirimkeun ka Bataviaaseh Genootschap van Kunsten en Wetenschappen di Jakarta dibarengan ku nota ti Bupati Bandung jeung nota ti Lammers-na sorangan.

Eta atlas teh diwangun ku gurat-gurat anu basajan anu ngagambarkeun tatar Sunda ti semet Palabuhan Ratu nepi ka Sagara Anakan jeung Nusa Kambangan.  Laut atawa cai digambarna teh winangun sisit lauk.  Nu rada rea digambarkeun teh walungan jeung gunung.  Di antarana Gunung Tangkuban Parahu digambarkeun ku parahu nu nangkub.  Kabeh disebutan ngaran2na.  Di tempat pernahna Jakarta ayeuna, aya tulisan Nusa (atawa Sunda) Kalapa.  Mapay2 Cihaliwung ka kidul jog we anjog ka Nagara Pajajaran.  Di peuntasen Cisadane, nya di dinya pernahna Lawang Aji.  Ari Bakasih pernahna teh di sisi laut.  Kitu deu Dermayu anu pernahna di kuloneun walungan Cimanuk (di tempat eta teh ayeuna aya desa Dermayu anu paeunteung2 jeung Indramayu).  Ari tulisan punika nagara Cirebon pernahna teh di kiduleun Gunung Agung.  Bisa jadi anu disebut Gunung Agung teh Gunung Jati.

Ari Timbanganten, digambarkeunana teh teuing ku lega.  Wates2 daerahna teh digambarkeun ku gurat2 lempeng.  Tapi dina tapel wates mah digambarkeyn gunung, tatangkalan, batu, tegalan, jsb lengkep katut ngaran masing-masing.  Di kidul-kulon, Timbangenten teh diwatesan ku Loa condong (digambar mangrupa tangkal loa anu doyong).  Ari ka tebeh wetanna ngaliwatan Tegalpasung, Gunung HAruman, muara Cibudug, Gunung Bitung Sigartiga, Kali Sasi (Ciwulan), ngaliwatan Haurgede jeung Batununggal terus ka walungan Cimawate, mengkol deui ka kulon meuntasan Gunung Licin (ayeuna mah kabawah ka Tasikmalaya deukeut tapel wates jeung Garut) terus ngaliwatan daerah pagunungan nepi ka Gunung Karamat, mengkol ka Papandayan, Gunung Puntang tepung deui di lebah Loacondong.

Jadi ceuk eta peta mah wilayah Timbanganten harita teh ngawengku kabupaten Garut ayeuna iwal ti kacamatan2 Balubur Limbangan, Malangbong jeung CIbatu katut Pameungpeuk jeung Bungbulang.  Jadi wates2 Timbanganten harita teh di kalerna Limbangan ti kulonna Tanah Ukur, ti Kulon-Kalerna tepung wates jeung Cidamar, di Wetan-Kidul aya di Kandangwesi, ari di Kaler-Wetan aya Galunggung.

Eta lalampahan R. H Muhammad Musa jeung Lammers teh ditulis ku F. K Holle (Administratur perkebunan enteh Waspada) dina bulan Agustus taun 1876.  Ceuk Holle cenah eta peta teh umurna kira2 geus aya 300 taunna.  Tapi ari Dr. G de Haan anu jadi Kapala Arsip negeri jakarta mah dina tulisanana taun 1911 neybutkeun pajar eta peta teh dijieun dina abad ka-18 dumasar kana peta jieunan Walanda.

Nurutkeun Holle dina tulisanna cenah 18 taun sabada nganjang H Muhammad Musa jeung Lammers tea, Cieala teh geus kawilang rea robahna.  Preangerstelsel dieureunkeun nepi ka waktu pikeun tatanen enggoning nyumponan kaperluanana pribadi beuki laluasa malah sabada dibukana perkebunan enteh Waspada mah Ciela teh tepung wates jeung eta perkebunan nepi ka cenah nya harita pisan Ciela "wawuhna" jeung minyak tanah teh. 

Dina hiji poe, aya minyak tanah sakaleng bitu nepi ka ngalantarankeun kahuruan.  Dina eta kajadian, 30 suhunan jadi lebu.  Anu tiwas aya kana limana.  Ngan teu kacaturkeun kumaha nasibna Nyi Agem harita, naha aya keneh, salamet atawa milu jadi korban?

Mangle No. 398 Nopember 1973




    Mairan ku Google
    Mairan ku Facebook