Metode Bahasa Inggris 468 x 60

Manuk

MANUK téh sato rorongkongan nu jangjangan, minangka anggahota hareupna. Awakna buluan; ngambekanana ku bayah, kawas sato nyusuan. Ari panas awakna angger.

Rorongkong jeung Daging

Ku sabab manuk téa leuwih beurat manan hawa, nya badanna kudu kuat, supaya bisa ngapung. Ngobahkeun jangjangna kudu bedas, nya dagingna kudu kuat. Éta daging napel kana tulang; tulangna kuat, komo tulang dadana mah; tulang kéngkéranganana dua pasang matak kuat kana tulang peupeuteuyan. Igana ogé pasambung-sambung ku dahan-dahanna.

Jangjang téh nya éta anggahota hareup. Tadi geus dicaritakeun, yén tulang jangjang béda jénng tulang anggahota sato séjén. Kitu deui tulang sukuna béda jeung suku sato nyusuan; tulang dampal suku jeung tulang nadi ngahiji, disebut cokor.

Awak manuk bangunna lonyod kawas buah randu, jadi gampang nyorang hawa; huluna hampang, huntu jeung parabot nyapék teu aya. Kahakananana diteureuyan buleud baé.

Tulang pasagi nyambungkeun tulang cacapék handap jeung tulang palipisan. Awakna hampang, sabab tulangna ngolowong dieusi hawa.

Manuk téh hadé pancadriana. Manuk nyamber jeung kapinis matana seukeut kacida. Panutupna dua lapis, nu di luar biasa, ti handap jeung ti luhur; ari nu béh jero bisa nutup matana sama sakali. Daun ceulina teu aya. Éta manuk seukeut déngéna.

Ngancur Kahakanan 

Pamatuk manuk béda-béda bangunna. Manuk nyamber (manuk galak) pamatukna teuas jeung ngeluk. Caladi bisa nyieun liang dina kai ku pamatukna. Huntu teu aya. Létahna biasana kuat; éta létah sabangsa tanduk. Génggerongna sok meral, bisa neureuy barang-barang nu galedé. Di tengah-tengahna gedé, disebut telih. Anu telihan nya éta: manuk galak, japati, bangsa hayam jeung bangsa ékék. Telih téh paranti ngahipukeun kahakanan.

Kadutna dua, nya éta kadut biasa nu caian paranti ngahipukeun kahakanan jeung paranti ngancurkeun. Boolna gedé pisan. Jalan cikiih jeung jalan endog patepung di dinya. Bool nu sarupa kitu dingaranan kloaka. Jalan gétihna méh sarua jeung sato nyusuan baé.

Napas

Ngambékanana ku bayah. Di jero awakna aya tempat hawa, tulangna molongo dieusi hawa. Ari keur hiber, éta hawa ka luar tina tempatna asup kana bayah; jadi manuk téh napasna tara pegat, najan hiber tarik ogé.

Buluna aya nu lemes aya nu kasar, bulu jangjang nu ti jero lemes, nu ti luar kasar. Bulu kasar aya dua rupa, nya éta bulu jangjang jeung bulu buntut.

Bulu kasar téh aya gagangan, sarupa daun. Kénca katuhueun gagang aya bulu nu paranjang pakait-kait jadi hiji.

Bulu jangjang nu galedéna dingaranan bulu kasar, gunana keur nahan hawa, lamun keur ngapung. Lamun bulu kasarna dilaan, manuk téh moal bisaeun hiber. Ari buntutna, saibarat kamudina. Mun arék turun, buntutna dikulapéskeun; hawa neueul kana buntut, tuluy manuk téh nyirorot.

Ngajengkarkeunanana

Manuk téh endogna hiji atawa leuwih. Éta endog disileungleuman, sanggeus sawatara poé kakara megar.

Naon babagian endog? Babagian endog nya éta: mataholang (pianakeun), bobodasna jeung beubeureumna (hakaneun anakna) jeung kulitna. Mataholangna téh leutik, tapi ari geus disileungleuman sok ngagedéan, lila-lila ngahakan bekel (bobodasna jeung beubeureumna). Hawa nu aya dina lolongkrang hawa diseuseup zuurstofna, dikaluarkeun deui koolzuurna. Éta koolzuur nembus cangkang, terus ka luar, diganti ku hawa bersih arasup.

Sakuriling bobodas endog aya lamad dua lapis, nu dibungkus ku cangkang, nya éta apu. Sanggeus mataholang jadi anak sarta geus gedé, nepi ka minuhan cangkang, pék macok cangkang, kakara megar (ka luar). Biasana anak manuk waktu ka luar tacan buluan, sarta kudu dipakanan (dihuapan) ku indungna, sawatara poé lilana. Aya ogé anu gancang bisa turun tina sayangna, kayaning anak hayam jeung anak meri.

Kénging nyutat tina buku “Élmu Sasatoan jeung Jelema” karangan guru-guru sakola normal (disundakeun ku Satjadibratra), medal taun 1932

Sumber: Pustaka Sunda
    Mairan ku Google
    Mairan ku Facebook