Metode Bahasa Inggris 468 x 60

Sunda jeung Jawa Barat

PIKEUN kiwari mah Sunda teh teu bisa dibedakeun jeung Jawa Barat, ngan lamun ditoong tina sajarah katimuna beda. Kulantaran boh Sunda boh Jawa Barat teh boga kasang tukang sewang-sewangan.

“Kunaon sababna aya istilah Sunda jeung kunaon sababna aya istilah Jawa Barat” sakapeung mah meni sok pabaliut. Pangpangna mah Sunda osok digantelkeun kana konotasi politis, dianggap sukuisme, jeung sajabana. Ku sab eta kapaksa weh istilah Sunda dina ajen inajen sosial-budaya kudu diganti sesebutan, mecenghul istilah Sunda teh jadi JAWA BARAT nepi ka kiwari.

Anu kacatet ku para pupuhu mah, Sunda teh kawasan (Sunda besar jeung Sunda kecil). Sunda Besar nyaeta himpunan nusa anu kawilang luas jeung gede (Sumatra, Jawa, Madura, Kalimantan); sedeng Sunda Kecil nyaeta nusa2 leutik anu aya di sawetaneun nusa Jawa (nusa Bali nu di kulon nepi ka nusa Timor di beulah wetanna kaasup ngaleng nusa2 lianna: Lombok, Flores, Sumbawa, Sumba, Roti jsst).

R.W.van Bemmelen (1949) kungsi nyatet yen Sunda teh istilah anu nunjukkeun dataran bagian kulon-kaler (barat laut) wilayah India wetan; dataran beulah wetan-kidul (tenggara) diaranan sahul. Sunda teh dikurilingan ku Sistim Gunung Sunda anu ngarengkol nyaeta “circum Sunda Mountain System” panjangnya kurang leuwih 7.000 km.

Dina prasasti jeung karyasastra mah, Sunda teh pakait kana wates budaya jeung karajaan anu puseurna di Nusa Jawa beulah kulon (Jawa Kulwon).  Lain hungkul ukur wates yuridiksi pamarentahan tatapi semet ka “Tungtung Sunda” (anu dicatet ku Bujangga Manik) (ampir satengah nusa Jawa). Ieu penting pikeun wawuh Sunda banjar karang pamidangan urang sarerea teh nyaeta istilah Sunda anu dipiharti wilayah di beulah kulon Nusa Jawa sapuratina katut kahuripan jeung kahirupan budayana.

Sunda mitembeyan kanyahoan (data anu kapuluk) dina Prasasti Kebon Kopi (Bogor)- ilahar para sajarahwan mah, prasasti ieu the sok disebut Prasasti Juru Pangambat. Kieu unina:

ini sabdakalanda juru pangambat i kawihaji panyca pasagi marsandeca barpulihkan haji su – nda


Prasasti Juru Pangambat teh totonden anu jadi tangara yen aya karajaan nu diaran karajaan Sunda diadegkeun ku Tarusbawa. Nya ti harita aran SUNDA kacatet mimiti pisan sacara tertulis, resmi deuih da nu ngaluarkeun teh pangawasa anu jadi RAJA SUNDA harita.

Bewara yen aya Karajaan Sunda dipingpin ku Tarusbawa oge dicatet dina Carita Parahiyangan (Tarusbawa ‘Tohaan di Sunda”); jeung dina pustaka Nagarakretabhumi yen raja Tarusbawa marentah ti tahun 591 nepi ka tahun 645 Saka, (669/670 - 723/724 Masehi).

Satuluyna Sunda sabage istilah anu nunjuk kana wilayah, kawasan, karajaan turta aya pamingpina disebut dina Pustaka Jawadwipa I sarga 3:

“Telas karuhun wus hana ngaran deca Sunda tathapi ri sawaka ning rajya Taruma. Tekwan ring usana kangken ngaran kitha Sundapura


Ekadjati nyatet kieu:

… Tanah Sunda perenahna di beulah kulon hiji pulo anu ayeuna jenenganana Pulo Jawa. Ku kituna eta wewengkon disebut oge Jawa Kulon. Ceuk urang Walanda mah West Java. Sacara formal istilah West Java digunakeun ti mimiti taun 1925, nalika pamarentah kolonial ngadegkeun pamarentah daerah anu statusna otonom sarta make ngaran Provincie West Java. Ti mimiti zaman Republik Indonesia (1945) eta ngaran propinsi anu make basa Walanda teh diganti ku basa Indonesia jadi Propinsi Jawa Barat’

Kenging  Richadiana Kartakusuma di Pustaka Sunda
    Mairan ku Google
    Mairan ku Facebook