Metode Bahasa Inggris 468 x 60

Pupuh Maskumambang

Pupuh Maskumambang boga watek ngagambarkeun kanalangsaan. Sedih bari ngenes haté.  Pupuh ieu diwangun ku opat padalisan.

Guru lagu jeung guru wilangan pupuh Maskumambang:
Padalisan ka – 1 --> 12 – i
Padalisan ka – 2 --> 6 – a
Padalisan ka – 3 --> 8 – i
Padalisan ka – 4 --> 8 – a

Conto rumpaka pupuh Maskumambang jeung panambihna:

Itu kusir bangun ambek-ambek teuing,
turun tina délman,
kuda dipecutan tarik,
teu aya pisan ras-rasan.

Teu ngaraskeun bong kena ka sato laip,
padahal mogokna,
lantaran geus capé teuing,
hayang ngaso eureun heula.

Coba lamun aya nu neunggeul ka kusir,
pasti nyeuri karasana,
sato ogé tangtu leumpeuh,
pada-pada boga rasa.

Naha abong abong teuing,
nasib abdi jadi héwan,
digawékeun beurang peting,
dirangkét taya rasrasan.

Abong kéna abdi sato,
teu ngarasken kanu capé,
sadidinten paéh poso,
mogok sotéh awak lungsé.

Coba kusir mun dipeupeuh,
pasti nyeri karasana,
sato oge tangtu leumpeuh,
pada-pada boga rasa.


Rumpaka pupuh téh nyaéta kekecapan dina pupuh. Dina basa Indonésia mah sok ilahar disebut lirik atawa syair.

Salian ti rumpaka, aya ogé nu nyebutkeun dangding atanapi guguritan. Biasana wangunan basa dina rumpaka mah béda jeung wangunan prosa (basa lancaran), tapi leuwih ngawirahma jeung leuwih anteb. Ku ayana rumpaka, nu mireng leuwih kaanteur dina neuleuman eusi lagu, ngaliwatan basa/kekecapan anu disusun dina rumpaka éta pupuh.



Sumber: Pustaka Sunda
    Mairan ku Google
    Mairan ku Facebook