Ngaranna panjang oge: Dr. Ernest Franςois Eugène Douwes Dekker, ngaran pribumina mah Danudirdja Setiabudi. Dibabarkeun di Pasuruan tanggal 8 Oktober 1879, wafat di Bandung 28 Agustus 1950. Inyana teh hiji tokoh pajoang jeung pahlawan nasional Indonesia nu kamashur. Inyana putra katilu ti pasangan Auguste Henri Edouard Douwes Dekker (Walanda asli), jeung Louisa Margaretha Neumann (blasteran, bapa Jerman ibu ti Jawa). Auguste teh broker bursa efek jeung agen bank, jadi pangasilanana kaitung gede. Ernest anu nenehna Nes atawa dilandi DD ku babaturan saperjoanganana, masih baraya jeung pangarang buku Max Havelaar, nyaeta Eduard Douwes Dekker atawa Multatuli, anu sabenerna adi ti akina. Sedengkeun Olaf Douwes ekker, incu ti dulurna, jadi panyajak nu kakoncara di Breda, Walanda.
Mangsa ngora
Nes mimiti sakola tingkat dasar di Pasuruan. Sakola lanjutanana di HBS Surabaya. Tuluy pindah ka Gymnasium Willem III, hiji sakola elit di Batavia. Rengse sakola inyana digawe di kebon kopi “Soember Doeren” Malang, Jawa Timur. Di eta tempat inyana nyaksian kasawenang-wenangan anu tumiba ka pagawe kebon, jadi mindeng ngabela maranehna. Ku lantaran kitu Nes henteu dipikaresep ku babaturana bangsa Walanda, tapi diarajenan ku bangsa pribumi bawahanana. Lantaran aya konflik jeung manajer kebon, inyana dipindahkeun ka kebon tiwu “Padjarakan” di Kraksaan jadi laboran. Sakali deui Nes konflik jeung manajer alatan ngabagi cai (irigasi) antara kebon tiwu jeung sawah patani. Tungtungna, inyana dipecat.
Perang Boer
Lantaran nganggur jeung maotna indung, akhirna Nes indit ka Afrika Selatan taun 1899 pikeun milu dina perang Boer II ngalawan Inggris. Ahirna inyana jadi warganagara Republik Transvaal. Sababaraha bulan ti harita dulurna anu lalaki, Julius jeung Guido, nyusul ka Afrika. Nes katangkep ku pasukan Inggris sarta jadi tawanan perang di hiji kamp di Ceylon. Nya di eta tempat inyana wawuh jeung sastra India. Saeutik saeutik lalangse pamikiranana mimiti muka sarta kakara nangenan perlakuan henteu adil pamarentah kolonial Hindia Walanda ka bangsa pribumi.
Jadi radikal
Inyana mulang ka Hindia Walanda taun 1902 sarta kawin dina taun 1903 jeung Clara Charlotte Deije (1885-1968), putri dokter asal Jerman anu mukim di Hindia Walanda. Tina perkawinanana lahir lima budak, tapi dua diantarana maot waktu masih leutik. Jadi Nes ngan boga tilu putri anu gareulis tur tegep. Nes kacida mikanyaah ka putri-putrina, malah kungsi nulis sabaraha dongeng waktu inyana kapaksa kudu ninggalkeun putri-putrina.
Ti barang balik ti Ceylon inyana boga pamikiran kritis kana kawijakan kolonial, lantaran pangalamanana di kebon jeung kasus kalaparan di Indramayu. Inyana tuluy asup kana jajaran redaksi suratkabar sarta mimiti nuliskeun gagasan-gagasanana anu beuki seukeut. Misilna dina hal “nenangkeun” Aceh. Inyana mimiti nulis di De Locomotief (di Semarang) tuluy pindah ka Bataviaasche Nieuwsblad (di Batavia, kiwari: Jakarta). Waktu inyana nulis di suratkabar Jerman “Das Freie Wort” meunang tuduhan sabage penghianat, anu balukarna asup kana radar intelijen panguasa harita. Bulan mei 1908 inyana nulis artikel “Hoe kan Holland het spoedigst zijn koloniën verliesen?” (Kumaha carana Walanda bisa gancang kaleungitan koloni-kolonina?) di Nieuwe Arnhemsche Courant, anu ngiritik bebeakan politik etis. Imahna nu deukeut Stovia dijadikeun tempat kumpul para perintis gerakan kebangkitan nasional, keur diajar jeung diskusi. Budi Utomo organisasi anu jadi organisasi nasional munggaran, lahir lantaran bantuanana.
Indische Partij
Lantaran nganggap Budi Utomo kawatesanan ku masalah kabudayaan (Jawa) Danudirdja Setiabudi henteu loba kalibet di jerona. Lantaran manehna mah Indo jadi weh meunang diskriminasi ku Walanda asli (Walanda totok atawa trekkers). Contona, Indo mah teu bisa nempatan posisi-posisi utama di pamarentahan. Memang maranehna bisa nempatan kalungguhan luhur jeung gajih lumayan. Pikeun kalungguhan anu sarua, gajihna leuwih gede batan pribumi. Tapi ku ayana politik etis, kalungguhan Indo mimiti dijieun susah ku pamarentah kolonial. Pamarentah malahan mikeun kalungguhan anu biasa dieusian ku bangsa Indo ka bangsa pribumi, kalawan bayaran anu leuwih leutik. Kaprihatinan bangsa Indo dimangpaatkeun Nes ku jalan nembreskeun idena pikeun pamarentahan sorangan Hindia Walanda ku bangsa pribumi (Indiërs) anu inklusif jeung ngaleungitkeun perbedaan suku. Ieu gagasan bisa disebutkeun asli lantaran harita sakabeh bangsa pribumi leuwih aktif pikeun ras atawa suku bangsana sewang-sewangan.
Ngaliwatan organisasi kaum Indo nyaeta “Indische Bond” jeung “Insulinde” inyana nepikeun gagasanana pikeun hiji “Indie” (Hindia) anyar anu dipingpin ku wargana sorangan, lain ku pendatang (bangsa Walanda). Ironisna ieu gagasan di kalangan kaum Indo ngan meunang sambutan saeutik, lantaran sabagian gede kaum Indo leuwih milih status quo (cicing-cicing bae), sanajan kaum Indo direndahkeun ku bangsa Eropah “murni”, apan masih meunang layanan ti kaom pribumi.
Henteu puas lantaran Indische Bond jeung Insulinde teu bisa ngahiji, taun 1912 Danudirdja jeung Tjipto Mangunkusumo sarta Soewardi Soerjaningrat ngadegkeun partai haluan nasionalis nya eta Indsiche Partij (Partey Hindia). Kampaye ka sababaraha kota ngahasilkeun anggota kurang leuwih 5000 urang. Semarang jumlah anggota pangreana, disusul Bandung. Ieu partey popiler di kalangan kaum Indo sarta meunang pangajen di kalangan Tionghoa jeung pribumi, sanajan tetep dicuriga lantaran gagasanana radikal. Partey anu anti- kolonial jeung tujuan ahirna kamerdekaan Indonesia teh dibubarkeun ku pamarentah Hindia Walanda taun 1913, lantaran dianggap nyebarkeun rasa sebel ka pamarentah. Tokohna anu tilu (Douwes Dekker, Cipto jeung Suwardi) dibuang ka nagri Walanda.
Mangsa-mangsa jadi jalma buangan di Eropah dimangpaatkeun ku Danudirdja pikeun nyokot program Doktor di Universitas Zűrich dina widang ekonomi. Di dinya DD bareng jeung kulawargana. Meunang gelar Doktor rada kontroversial, lantaran peunteunna kacida handap, dihaja ku pangujina anu rereana bangsa Walanda. Tapi ditarima kalawan prihatin. Lantaran di Swiss kalibet konspirasi jeung kaum revolusioner India, inyana ditewak di Hong Kong tuluy dipenjara di Singapura taun 1918. sanggeus dua taun inyana mulang ka Hindia Walanda.
Samulangna ka Batavia inyana ninggalkeun kagiatan jurnalistik lantaran resep miara anjing angon Jerman. Kagiatanana miara anjing dituluykeun kana widang pendidikan ku jalan ngadegkeun sakola “Ksatrian Institute”. Inyana mere materi pangajaran anu instruksina dina basa Walanda. Ksatrian Institute sakola pendidikan bisnis tapi aya oge pangajaran ngeunaan sajarah Indonesia jeung sajarah dunya anu materina ditulis ku Danudirdja sorangan.
Danudirja Setiabudi pupus taun 1950 sarta dikurebkeun di TMP Ckutra, Bandung. Sarta inyana meunang gelar pahlawan nasional ti pamarentah RI.
Sumber: Salaka
0 comments:
Post a Comment