R.I. Bratawidjaja, Volksalmanak, 1923
Éling-éling masing éling,
Rumingkang di bumi alam,
Darma wawayangan waé,
Raga taya pangawasa,
Lamun kasasar nya lampah,
Napsu numatak kaduhung,
Badan anu katempuhan.
Jisim nu ngarasa nyeri,
Raga nu ngarasa lara,
Haté nu ngarasa capé
Hareudang nyandang wiwirang,
Purwa perbawa hawa,
Ujub sumaah takabur,
Ria ku panggoda setan
Ulah sirik ka pangampih,
Ulah nyacad ka nu lian,
Deungeun pikeun eunteung waé,
Nu lian pikeun tuladan,
Hadé goréng kasawang,
Ukur kutangtung sakujur,
Sasaran ti badan urang.
Sing tapis ngawisik diri,
Awas ngaraksa salira,
Totondén hadé jeung goréng,
Mun peryoga hég turutan,
Nu nista disingkahan,
Anu rukun ka umum,
Nyorang lemah kalumbrahan.
Anu mangpaat ka diri,
Taya batan kahadéan,
Hadé ucap hadé haté,
Haténa sabar tawekal,
Pinuji kinasihan,
Teu unjuk luhur adigung,
Nya éta jalma budiman.
Wani ngalaipkeun diri,
Asor omong lumbrah tingkah,
Saréséh mahér nya haté,
Daék éléh sungkan meunang,
Karunya ka sasama,
Nyandang sabar ngandung sukur,
Nyingkiran kasusukeran.
Geus ngalahir dina dalil,
Mangké dinten panungtungan,
Taya mangpaat sapésér,
Rupa dunya kabeungharan,
Lir putra wayah kadang,
Anging salim galih mulus,
Nu dianggap ku Pangéran.
Ulah seuri pedah mukti,
ulah bungah sabab kaya,
ulah beréd duméh kasép,
karana bangsa kawula,
ka purbaka wisésa,
perlu émut ka nu tangtu,
nyawang kana papacangan
Sugih papacangan miskin,
Boros papacangan lebar,
Hadé papacangan goréng
Bagja pacangan cilaka,
Suka pacangan duka,
Ngariung bakal pahatu,
Kasukan bakal midangdam.
Isuk deui soré deui,
ti peuting datang ka beurang,
wawangsalan gopés jawér,
tansah dicangéhgar karang,
kokotak wayah pajar,
manuk huut anu jalu,
ngirab jangjang di buruan.
Nu tapis ngawih janari,
tegesna bagja kawula,
salawasna ngadadago,
ngadago lapar jeung dahar,
saré sartana hudang,
ngadago bungah jeung mesum,
samantara nunggu ajal.
Sawisik pasti kapanggih,
nguntun tipung nambang béas,
ngan kudu laksana baé,
henteu béda jeung nu leumpang,
dongkap ka nu diseja,
nya cunduk ka nu dijugjug,
susuker nu panganggeusan.
kai teu kalis ku angin,
lebak nadahan cileungcang,
geus témbong bakal kalakon,
geus terang kudu kasorang,
ku pangawak manusa,
perlu ngaub kana payung,
saméméhna kahujanan.
Éstu nu hirup di lahir,
salawasna ngajamanan,
leuwih gedé hésé capé,
jembar nyorang kasusahan,
tinimbang kabungahan,
lamun suhud nya tapakur,
kawayang saméméh datang.
Nu becik tangtu katitik,
nu ala tangtu katara,
nu hadé tangtu kapaké,
pangagung moal kewuhan,
mun welas ka abdina,
karsa rék masihan tulung,
awal ahir kajadian.
Yakti lamunna dipikir,
Kantenan henteu sapira,
Enggon urang ngalalakon,
Lalakon di alam dunya,
Éstu sakedap nétra,
Miskin sugih leutik agung,
Sarupa wekasanana.
Pasti nu hirup di lahir,
Nadahan suka jeung duka,
Nawiskeun tanghi jeung saré,
Ngagelar dahar jeung lapar,
Peuting ngantosan beurang,
Teu sanésa nu disuhun,
Muga ajal mawa iman
0 comments:
Post a Comment