Metode Bahasa Inggris 468 x 60

Sesebutan ka Mojang Geulis


Kageulisan mojang sok diibaratkeun kana rupa-rupa kaayaan anu alus sarta diluyukeun atawa disusurup jeung babagian badan anu disawang alus. 

Mangga, urang gambarkeun kegeulisan hiji mojang. Biasana ha lieu the sok diucapkeun dina pantun :

Mojang geulis camperenik, geulisna kawanti-wanti, endahna kabina-bina. Rea lalaki kataji, jajaka anu kagoda, nempo kageulisanana.

Awakna sampulur,bandanna mulus taya kuciwa, montok bahenol pikabitaeun.
Nempo kulitna hejo carulang, panon cureuleuk, halisna ngajeler paeh, estu pikauruyeun, matak moho anu nenjo.

Pangambungna bangir kuwung-kuwungan, tarangna teja mentrangan,pipina ngadaun seureuh, matak deungdeuleueun.

Rambutna galing muntang,panjang ngarumbay, gadona endog sapotong. 

Lambeyna ngadodol cina,beureum asli bawa ngajadi, lain beureum pupulasan, sok hayang paadu teuteup.

Upami pareng gumujeng, katingal waosna gula gumantung. Taktakna taraju emas, pananganana bentik ngagondewa.

Pinareupna ngeusi, saperti cangkir gading.

Jarijina mucuk eurih. Upami keupat sapertos macan teunangan, katingal gublay-geblayna.

Bitisna jaksi sajantung, imbit dempok, kacipta guplak-giplekna.

Soantenna mani halimpu, nurub cupu ka lambeyna anu ngadodol cina, estu matak dedengeeun.

Seuri nambahan panyari,imutna jadi pangirut. Sok komo dina dilakna bari dibarengan keom matak nineung sungkan balik
    Mairan ku Google
    Mairan ku Facebook

0 comments:

Post a Comment