Karasa telebna. Nu ngahaleuang téh lain ngan sakadar ngagalindeng sorana. Batinna gé bangun milu ngahariring. Siga nu keur cumarita ngeunaan dirina. Dalit ngahiji jeung rumpaka.
//Sagagang kembang ros
tawis pangbakti ka diri
sulur waléh ti jungjunan
ieung asih nu wening//
Hadéna teu dipersabenan, manéhna ngagerentes.
Kungsi aya nu requés lagu séjén. Girimis Kasorénakeun. Tibelat. Kalangkang. Teu sageugeut cara Sagagang Kembang Ros.
Dédéngéeun. Deungdeuleueun. Asa hayang Jumaah wungkul poé téh. Ambéh geura amprok jeung Itu Nu Ngahaleuang. Resep nempo pamuluna. Manis. Resep ngabandungan sorana. Ogo kawas nu hayang dicombo.
Matak sakumaha riweuhna ogé, manéhna sok maksakeun balik. Bada jumaahan kudu geus aya di kamar kostna. Sok sagawé-gawé ari nungguan téh. Nyapu. Meresihan kaca nako. Tetep asa lila. Teu kalis.
Itu siga nu saruana. Angger sok wayah kitu nyimpangna téh.
"Kagungan carita nya sareng Sagagang Kembang Ros?" ceuk Itu basa manéhna keur sakitu kalina ménta dipangnembangkeun lagu éta.
"Tétéh panginten," manéhna imut.
Jumaah deui. Itu mawa pot eusi kembang ros. Beureum ati. Meujeuhna mangkak.
"Kanggo di dieu," cénah. Imutna teu kateguh.
Manéhna mencrong nanya.
Nu ditanya ukur gideug. Terus émok. Jentréng kacapi ngébréhkeun haté. Haté manéhna. Duka Itu mah.
//Sarining kembang
jatining asih
jadi angkeuhan
deuh urang duaan//
Pleng. Tinggal kembang dina pot.
0 comments:
Post a Comment