Metode Bahasa Inggris 468 x 60

Jalan Braga


Jalan Braga, salasahiji ngaran jalan nu kasohor di Kota Bandung. Taun 1900-an, Jalan Braga masih mangrupa jalan taneuh kalawan tatangkalan di sisi-sisina sarta imah-imah nu diwangun dina gaya Hindia Timur. Nalika pamaréntahan kolonial Walanda kurang leuwih taun 1910-an mah ieu jalan téh ngaranna jalan Bragaweg. Tuluy diganti jadi jalan Pedati (Pedati Weg), kulantaran mindeng kaliliwatan ku pedati (délman/sado) kuda, sarta robah jadi jalan Braga dina taun 1920-an.

Sababaraha dasawarsa kadieunakeun kurang leuwih taun 1930-an, jalan Braga mekar tur robah jadi komplék toko Eropa nu kawentar di Hindia Walanda. Di éta daérah aya hotel, réstoran, jeung toko-toko lianna nu nyadiakeun rupa-rupa kabutuhan masarakatna. Ti mimiti masarakat Indo-Walanda jeung Walanda nu miboga toko ninggalkeun Braga dina taun 1957, ieu daérah kawilang tiiseun pisan. Tug nepi ka kiwari, kamekaran kota Bandung ngabalukarkeun raména daérah-daérah di Bandung jadi kabagi-bagi. Lobana komplék toko-toko anyar nyababkeun Braga kapopohokeun ku masarakatna, nepi ka taun 2005 mah, 45 persén nu boga usaha di daérah Braga bangkrut.

Ngaran Braga

Ngaran Braga sorangan miboga sababaraha harti. Aya nu nyebutkeun yén Braga asalna tina hiji paguyuban drama Bangsa Walanda nu dijieun tanggal 18 Juni 1882 ku Peter Sijthot, asistén Résidén nu tempatna di salasahiji wangunan di Braga. Ngaran Braga sorangan dicokot tina panulis naskah drama Theotilo Braga (1834-1924) sarta Bragi ngaran dewa puisi dina mitologi Bangsa Jérman. Sedengkeun numutkeun ahli sastra Sunda, Braga asalna tina Baraga, ngaran hiji walungan. Nepi ka aya istilah ngabaraga nu hartina leumpang sapanjang walungan. Luyu jeung kamekaran jalan Braga (nu deukeut jeung walungan Cikapundung), tuluy istilah ngabaraga ieu kasohor ka sakumna Hindia Walanda sarta dijadikeun hiji acara lawungan urang Walanda Istilah ngabaraga robah jadi ngabar raga nu hartina némbongkeun awak. Di jaman saméméh PD II, jalan Braga kasohor pisan lantaran dijadikeun tempat pikeun aksi parade nepi ka aya istilah Bragaderen, nu digabungkeun tina kecap Braga jeung deren nu hartina parade di jalan Braga.

Gedong Titinggal Sajarah

Sawatara gedong nu kiwari masih kénéh aya tur mangrupa titinggal sajarah diantaran waé: Gedong AACC atawa urut Majestic diwangun taun 1925 ku arsitek CP Wolff Schoemaker, Gedong Apoték jeung Gudang Kimia Farma diwangun taun 1902, urut hotel Braga 1928-1931, Sarinah (1937-1940), BPD Jabar-Banten (1935) dirancang ku AF Aalbers, Gedong Dekranasda Jabar (1919), Gedong LKBN ANTARA Biro Jabar di jalan Braga 25 diwangun tahun 1936 ku arsitek A.F.Aalbers, kitu ogé jeung Gedong Lingling (1925), Gedong Gas Negara (1930) ku RLA Schoemaker, Forty Three Furniture (1915), eks Toko Populer (1915), Sibayak (1920) ku GS Bel, jajaran Sinsin, Tiffany"s, Sinar Mas (1935), jajaran toko Kasum (1923), Toko Welcome, Nerth Sea Bar (1937), jajaran Cuero (1928-1931), jajaran toko Elegance (1950), urut Gedong Permorin (1924) ku PJC Van Kleeff BNA, gerbang panto Permorin (1920), jajaran Sentral Biliar (1930), Ega Kineta (1955), jeung Lether Palace (1955).[2] Gedong kuno lainna nu aya di jalan Braga nya éta Centre Point diwangun taun 1925 ku CP Wolff Achoemaker, Bank Indonesia cabang Bandung (1917) ku Edward Cuypers, Landmark Building (1922) sarta urut gedong Polda Jabar (1917) duanana dirarancang ku CP Wolff ShOemaker.

Dicutat ti Grup FB SALAKA
    Mairan ku Google
    Mairan ku Facebook

0 comments:

Post a Comment