Metode Bahasa Inggris 468 x 60

Cikopi Pasosoré


Cikopi anyar ninyuh ngabudah sepat. Wadahna cangkir bungur, kameumeut. Haseupna ngebul. Seungitna nyambuang, ka ambung. Panyinglar kacapé bati ngantor. Sakapeung mah sok kabita ku batur, samulangna ti kantor téh dibagéakeun ku récokna budak. Kuring mah cukup ku cikopi sagelas bari anteng ngobrol paduduaan jeung nu nyieunna. Karasa aya nu kosong jeroeun dada, najan henteu ngurangan kabagja. Pamajikan gigireun, ngaléndéan. Nu geulis. Nu ngancik mang taun-taun dina ati. Hanjakal, kaayeunakeun kapeungpeukkan halimun nu nyamuni jeroeun ati. Kalindih ku kaasih nu bisa kawasna bisa méré leuwih. Angin soré ngadalingding nebak awak, niisan haté nu dirobéda ku mangrupa rasa.

“Kamana apélna atuh maké kudu dianteur sagala?” ceuk kuring ka Adi, babaturan salembur, sanggeus manéhna tihothat nerangkeun pamaksudanana datang ka imah.

“Lain masalah kamana-kamanana, tapi éra mun nyorangan mah,” témbalna bari ngisedkeun diuk, ngadeukeutan. “Sayah can kungsi panggih, karék apal potona wé tina pésbuk. 

Geulis. Cenah mah manéhna kungsi kawin ngan teu lila, boga budak hiji. Ayeuna rék panggihan munggaran.”

“Wawuh tina pésbuk nyah?” pok téh rada panasaran ogé.

“Lain. Wawuh mimitina mah tina telepon nyasar, tuluy méré akun fb. Nya kitulah tuluyna mah. Kawas nu can kungsi ngora waé ilaing mah.”

Ngomongna téh bari ngaharéwos, ampir-ampiran teu kadéngé, sieun katohian ku pamajikan nu keur nyieun cikopi di dapur tayohna mah.

Obrolan teu kapapanjangan, kaburu datang pamajikan mawa cikopi ngebul dua gelas. Song luhureun méja. Sor goréng sampeu haneut bangun garing naker. Ngobrol téh jadi ngabuntut bangkong, da baham samutut ku goreng sampeu.

Dina waktu nu geus ditangtukeun, nyéta poé Saptu pabeubeurang, Adi tanginas saacan ngong adan lohor geus manco di imah kuring. Jangjian apélna mah jam dua beurang cenah. Pamajikan teu loba tatanya da geus dibéjaan ti anggalna. Sapaparat jalan motor maju alon naker. Nu mawana loba pisan malaweung, méhméhan nubruk angkot sababaraha kali mun teu digarewahkeun mah. Ka Soréangkeun téh karasa leuwih lila batan ti sasari.

Bras ka jalan leutik, motor beuki laun. Tagiwur rarasaan téh cenah. Anjog ka hiji imah nu buruanna lega. Matak pikabeutaheun. Keur mah lega, hegar deuih. Mangrupaning kekembangan keur meujeuhna ligar. Aya anggrék bulan nu bodas nyacas. Kembang ros beureum ngahunyud gigireun bougenville ungu. Jukut nu nutupan sakuliah buruan rata héjo ngémploh. Ngan hareupeun garasi nu teu maké jukut téh, dipavingblok. Lampu taman dipasang di tengah-tengah balong. Matak resep nu nempokeun.

“Bener, Di, ieu imahna?” cuek kuring, tunga-tengo ka pakarangan.

“Heueuh bener, dina alamatna ogé nomer 34. Yeuh tempo,” témbalna bari mikeun kertas sacewir.

Sanggeus uluk salam, bray panto imah aya nu muka. Budak awéwé, pantar kelas 5 atawa 6 SD, laju mukakeun panto pageur. Motor diparkir di tempat nu mernah, luhur pavingblok. Panyeungit ruang tamu mapag kadatangan kuring duaan. Cét héjo toska ngiuhkeun téténjoan nu geus kapanasan sajajalan. Angin ngadalingding nyelesep asup tina sela-sela jandéla, mawa tiis kana awak nu jibrug ku késang. Korsi jati nu diadumaniskeun jeung karpét krém mapaés eusi rohangan. Jol deui budak nu tadi, tayohna ti dapur da bari mawa ciorson campur es, bangun seger naker. Teu diengkékeun deui sanggeus diteundeun luhureun meja hareupeun kuring, leguk diinum ampir béak. Adi mah katémbongna bangun nu teu mirasa, da ngan diregot saeutik.

“Mana, Di, kabogoh téh?” ceuk kuring ngaharéwos, ngaheureuyan sanggeus budak ngaleos deui.

Teu némbalan, kalahka ragamang deui kana ciorson, leguk saeutik, laju diteundeun. Kitu jeung kitu nepi ka béak tilu parapatna, bari sakapeung mah lieuk deui lieuk deui kana panto urut budak tadi datang.

Panto nu ti tadi dipencrong téh ngarekét, bangun aya nu nyurungkeun ti jero. Adi kaleret langsung tungkul, rampang-reumpeung teu puguh cabak. Kuring jongjon nyo’o HP.

“Tos lami, Kang Adi?” sora halimpu ngagareuwahkeun nu keur rampang reumpeung. Rét kuring jeung Adi melong ka nu datang.

Gebeg, haté reuwas kacida. Jajantung dak dumadak asa eureun. Panon mencrong ka nu anyar datang. Dédéh. Naha bet Dédéh geuning nu diapelan ku Adi téh? Naha bet di dieu, apanan lain di Lémbang ceuk béja mah?

Lain sakur Adi nu loba huleung jentul basa balikna mah, dalah kuring ogé loba pisan ngahulengna. Sagala pangalaman jeung Dédéh bruh bréh mamaksa ajol-ajolan harayang kaluar. Réngkak paripolahna ngelemeng dina kongkolak panon. Peurihna hinis nu ngagerih dina haté, basa bapana nitah kuring megatkeun Dédéh, karasa deui. Harita kuring rumasa can boga gawé nu bener, can bisa ngabagjakeun manehna ku harta banda, ngan boga modal kacinta jeung kanyaah anu leleb. Ku kituna pantes mun bapana nitah pepegatan téh, lantaran ti anggalna geus teu panuju amprok jeung kuring. Pédah wé Dédéhna gedé duriat bisa ngajadi téh.

“Nungguan naon deui, Nang? Enggeus puguh manéh teu bisa méré kabagjaan, rék nyiksa nepi ka kumaha ka anak déwék. Tuh Dédéh mah geus aya nu hayangeun deui, direktur.” Nongtoréng kénéh kumaha basa bapana ngahina jiwa kalalakianan kuring. Rumasa jauh tanah ka langit tina pasualan harta banda mah kolot kuring jeung kolotna téh. Teu bisa majar kumaha, diésék-ésék teuing mah, rido teu rido kapaksa ngaleupaskeun nu dipikacinta tur dipikadeudeuh. Meungpeung ngora kénéh, budak can boga, kitu babasaan bapana téh.

Adi bangun hareugeueun. Sajajalan tatanya ngeunaan kuring bet wawuh jeung Dédéh. Teu diwaro. Sajajalan manéhna ménta saran kumaha pikeun kahareupna, teu pati dipaliré. Nu puguh mah haté tagiwur, rarasaan ngadadak panas tiris.

“Akang, ku naon ngahuleng waé uih ti kantor téh? Nuju aya masalah di kantor?” Pamajikan ngagareuwahkeun antengna lamunan nu keur diumbar. Rumasa geus saminggu ieu pikiran marojéngja. Inget ka Dédéh, ka mangsa silih asih. Inget teuteupna basa kamari papanggih deui. Inget basa amitan ti imahna, sasalaman rada lila. Budakna nu manis, anu nyium tonggong leungeun. Gening geus boga budak Dédéh mah. Ngan karunya budak téh, euweuh bapana.

“Énggal ah ibak heula, aya kabar gembira buatmu,” pokna deui, semu ogo. Leungeunna ngaragamang kana leungeun katuhu kurung, mencétan. Ongkoh nitah mandi tapi kalahka mencétan, ceuk haté da teu wani ari pok mah. Henteu tarik mah mencétanna téh, ngan tina ramo-ramona karasa ngamalir kanyaah.

“Kabar gumbira naon, Geulis? Tos wé atuh wartoskeun ayeuna, maké kedah ibak heula sagala,” témbal téh bari nyawél gadona. Resep ku ogona. Enya ogé hirup duaan, can kaparengkeun boga budak tapi sok ramé ku suka seurina. Ngan angger haté leutik teu beunang dibobodo, angger aya nu kosong, molongpong jeroeun dada.

Mun dibandingkeun jeung Dédéh, duanana ge silih éléhkeun dina sagala rupana, silih beubeutkeun. Nu béda téh iwal ti kolotna.

Ah, Imas, anjeun nu ngajait akang tina katalangsara haté. Naha akang bisa kaleungitan kaanyaah ti anjeun? Nu sakitu anteb telebna, nu sakitu getenna. Acan meumeut ku ogona, ku léndéanana. Naha bisa akang ngalindih kanyaah anjeun ku kanyaah Dédéh? Enya ogé baheula kungsi ngahiji, tapi apanan bapana sakitu tegana. Mun seug ayeuna daék narima téh, nya lain kanyaah sajati ngaranna, tapi pupulasan téa meureun. Ah moal, moal wani-wani Akang moro julang ngaleupaskeun peusing. Rék satia satuhu ka anjeun, Enung, pujaan haté Engkang.

“Akang, dileueut enggal kopina. Imas mau bercerita,” sorana ditompokeun kana ceuli, matak surser saawak-awak. 

Regot, kopi ngebul kénéh diuyup. “Sok, énggal badé bercerita naon?” Pok téh.

“Pegang patuangan Imas.” Leungeun kuring diantelkeun kana beuteungna. “Karaos?”

“Karaos naon?” témbal téh rada kerung, teu ngarti, “Imas, nyeri patuangan?”

“Ih, Akang mah sanés atuh. Ieu geura, pan ayeuna mah aya si Utun di lebet patuangan Imas téh.” Ngomongna bari imut ngagelenyu.

Percaya teu percaya kana pangdéngé. Asa ngimpi. Caang bulan opat belas ngadadak pindah jeroeun dada. Awakna digabrug. Ngok biwir kana tarangna. Haneut cikopi mapay tikoro. Aya nimat nu béda tisasari. Nimat nu nyulusup kana sela-sela haté, ngarembes kana jajantung. Liuh. Linduk. Mawa tingtrim kana batin. Cikopi soré ieu karasa leuwih nimat batan ti sasari.***

Bandung, 28 April 2015

Dimuat di Galura, edisi IV Mei 2015.  Dicutat ti Grup FB Pustaka Sunda.
    Mairan ku Google
    Mairan ku Facebook

0 comments:

Post a Comment