Metode Bahasa Inggris 468 x 60

Gunung Padang

Ku H Usep Romli HM

Gunung Padang geus kaceluk ka mana-mana. Mimiti kagawar-gawar, taun 1800-an. Disabit-sabit k JP Krom dina sawatara tulisanana ngeunaan situs-situs kuno di Tatar Sunda. Tapi karĕk kapanggih jugrugna, taun 1979, sabada Udin sabatur-batur para patani Gunung Padang, manggihan sesemplĕkan artĕfak. Sanggeus dilaporkeun ka pihak pamarĕntah, laju diayakeun panalungtikan ku Balai Arkĕologi Nasional. Nepi ka ngawujud situs nu diwangun ku undakan-undakan batu jeung tempat pamujaan. Saterusna, Situs Gunung Padang aya dina panalingaan Kantor Arkĕlogi & Tempat-Tempat Bersejarah Wilayah Jawa Barat-Banten.

Pikeun ngurus kaayaan sapopoĕ Gunung Padang, dipercayakeun ka Juru Pelihara (Jupel) Anang nu nyangking status PNS.

Malah beuki dieu beuki sohor sabada taun 2011, aya kagiatan ngagali situs nu digarap ku Tim Terpadu Risĕt Mandiri (TTRM). Sanajan nimbulkeun kontrovĕrsi di kalangan para elmuwan arkĕlogi jeung gĕologi, malah ngaharib-harib pacĕngkadan,TTRM teu gedag kaanginan. Terus nalungtik situs Gunung Padang. Ceuk pamanggih TTM, Gunung Padang ngandung fakta jeung data sajarah urang Sunda, nu umurna geus kolot pisan, ti jaman 23.000 taun samĕmĕh Masehi. Sarta geus mampuh ngahasilkeun karya-karya linuhung, samodĕl piramid, nu bukti-bukti pisikna keur ditĕangan jeung ditalungtik ku TTRM.

Hanjakal kagiatan TTRM teu jucung. Mungkin akibat parobahan pamarĕntahan. Nepi ka meubeut meulit kana soal waragad jeung kawijakan hukum, jsb.

Apan TTRM tĕh disokong ku Andi Arief, staf husus Presidĕn Susilo Bambang Yudhoyono. Ayeuna,dina jaman Presidĕn Joko Widodo, Andi Arief teu jadi nanaon. Atuh institusi-institusi nu barĕto rempeg ngarojong, kayaning Kementrian Pendidikan & Kebudayaan, Kementrian Pariwisata, ayeuna mah papaharĕ. Antukna kagiatan TTRM bantut.

Malah liang-liang urut ngagali kapaksa disaeuran deui ku urang dieu. Gotong royong.  Sabab lamun diantep paur kaasupan cai hujan, heug baĕ longsor.

Ari barang-barang nu geus hasil dikali ku TTRM ayeuna di mana? Taya nu terang.

Salah sahiji kauntungan tina kagiatan TTRM Gunung Padang, ayeuna aya jalan alternatif. Rada nguriling, mayat. Henteu nugteg teuing kawas lamun ngaliwatan umpakan-umpakan sĕngkĕdan. Eta hasil garapan Disparbud Jabar, dina raraga ngamajukeun wisata Jabar ngaliwatan situs-situs purbakala, hususna Gunung Padang, sakumaha ditĕtĕlakeun Kepala Museum Sri Baduga, Drs.Sajidin Aries.

Hasil sĕjĕnna, nyaeta – sakuduna – mangrupa kasadaran masarakat, kaasup kaum ĕlmuwan, dina ngajen titinggal budaya karuhun. Kudu bener-bener nyoko kana patokan-patokan nu merenah. Ulah dimomotan ku kapentingan pulitik. Komo dicampur “mistik”.

Kaayaan situs Gunung Padang kudu jadi conto. Sanggeus diburak diubrak abrik, cul baĕ. Lantaran kagiatan “ilmiah” nu kungsi lumangsung di dinya, leuwih condong kana kaperluan praktis jeung pragmatis rĕzim nu keur kumawasa. Naha hayang “milu sohor” lamun enya Gunung Padang kabuktian ngandung data jeung fakta karya budaya nu umurna 23.000 taun Samĕmĕh Masĕhi. Mun diitung nepi ka danget ieu, meureun 25.000 taunan. Kolot kacida. Ngaleuwihan jaman Nabi Adam Alaihssaalam nu dianggap manusa munggaran di alam dunya. Naha aya kapentingan sĕjĕn nu sipatna “mistikal-spiritual” ? Wallohu alam.

Kabuktian, sanggeus taya nu ngamodalan ti jalma nu boga aksĕs kana puseur kakawasaan, kagiatan ngali situs Gunung Padang teu hulu teu buntut. Hanas geus nimbulkeun korban. Sajaba ti katenangan lingkungan kaganggu, apan aya nu kudu unggah balĕ watangan nanaon. Tilu jalma urang dinya kudu nandangan dibui lantaran teu panuju, terus ngaruksak “properti” TTM.

Padahal, geus aya conto samĕmĕhna. Taun 2002, Menteri Agama Said Agil al Munawar, ujug-ujug ngali situs Batutulis di Bogor. Atuh matak geunjleung saalam dunya. Sabab situs Batutulis mangrupa “warisan” arkĕologi pangpentingna , nu patula patali jeung sajarah buhun Tatar Sunda, ti jaman Tarumanagara (abad 8) nepi ka Pajajaran (abad 16).

Kabuktian, taya beubeunangan nanaon tina pangalian “arkĕologis” Said Agil al Munawar nu cenah meunang rĕstu ti Presiden Megawati jeung carogĕna, Taufik Kemas. Malah, sawatara waktu ti harita, Said Agil divonis hukum panjara opat taun, lantaran kabuktian korupsi dana haji taun 2001-2002.

Untung TTRM pugag. Lamun nuluy, lain baĕ Gunung Padang nu bakal jadi korban. Gunung Sadahurip (Kab.Garut) jeung Gunung Lalakon (Kab.Bandung) bakal milu kagiridig. Sabab cenah, di ĕta dua gunung, aya piramid deuih, nu umurna pakokolot supa jeung Gunung Padang.

Hanjakal, di urang mah, sagala gĕ sok gumantung kana kakawasaan. Komo – ceuk tadi ogĕ – aya muatan saluareun kapentingan ilmiah murni.

Situs Gunung Padang kudu jadi korban pamungkas, sabada situs Batutulis.

Kungsi dimuat di SKM Galura Minggu III Mei 2015. Dicutat tina postingan Kang Usep di Grup FB Pustaka Sunda.
    Mairan ku Google
    Mairan ku Facebook

1 comments:

  1. Seueur nya seratanna Pa Haji anu dimuat didieu. Wah hebat :D

    ReplyDelete