Metode Bahasa Inggris 468 x 60

Kembang Tanjung Panineungan



Anaking jimat awaking...
basa ema mulung tanjung rebun rebun..
di pakarangan nu reumis keneh..

Harita keur kakandungan ku hidep...
nu opat taun katukang
ema nyipta mulung bentang..
nu marurag peuting tadi
bentang seungit ditiiran
pangangguran...

Anaking jimat awaking...
basa ema mulung tanjung
rebun rebun....

Bet henteu sangka aya nu datang
ti gunung rek ngabejakeun bapa hidep...
nu opat poe teu mulang
ngepung gunung pager bitis
cenah tiwas peuting tadi
layona keur kadieukeun
di pulangkeun....

Harita waktu layona geus datang...
ema ceurik ieuh balilihan....
ras ka hidep ieuh na kandungan...
utun inji budak yatim
deudeuh teuing...

Harita waktu layon geus digotong...
ema inget ieuh kana tanjung...
dikalungkeun na pasaran...
kembang asih panganggeusan ieuh...
ti duaan

Anaking jimat awaking...
lamun ema mulung tanjung reujeung hidep..
kasuat suat nya pipikiran...
tapina kedalna teh ku hariring...

Hariring eling ku eling
kana tanjung nu di pulung
eeh kembang tanjung
nu nyeungitan pakarangan
nu nyeungitan hate urang
panineungan.....


    Mairan ku Google
    Mairan ku Facebook