Metode Bahasa Inggris 468 x 60

Stadion Siliwangi Keur Mieling Bandung Lautan Api


STADION Siliwangi nu perenahna di Jln. Lombok, Kota Bandung, keur mimiti ngadeg mah leuwih diancokeun pikeun pembinaan jasmani anggota Kodam III/Siliwangi. Pangna kitu, alatan eta stadion teh dipimilik ku Kodam III/Siliwangi.

Tapi ku sabab di Kota Bandung can aya stadion nu leuwih representatif pikeun ngagelar kagiatan olahraga, utamana nu sok dilalajoanan ku rebuan warga, mangka eta stadion nu mampuh ngawadahan kira 25.000 penonton teh meh identik jeung kandang Persib Bandung. Bentang-bentang Persib, saperti Adeng Hudaya, Adjat Sudradjat, Robby Darwis, Eka Ramdani, jeung nu sejenna entragan kiwari, sempet ngalakonan proses candradimuka di Stadion Siliwangi. Teu salah mun aya paribasa kieu, pajah can afdol jadi bobotoh Persib mun can kungsi lalajo langsung Persib tanding di Stadion Siliwangi.

Saenyana mah ieu stadion kareueus warga Kota Bandung teh diwangun pikeun mieling peristiwa Bandung Lautan Api (BLA) tanggal 24 Maret 1946. Stadion Siliwangi didedikasikeun pikeun 200.000 warga Bandung nu geus rela tur ngorbankeun harta bandana nu ludes dina eta peristiwa BLA. Sanggeus dalapan taun peristiwa BLA, kalawan dipokalan ku Panglima Tentara dan Teritorium III, Kolonel Inf A.E. Kawilarang, dimimitian pangwangunan stadion keur kagiatan olahraga warga Kota Bandung, jeung pikeun latihan paratentara Siliwangi.

Diwangun dina lahan milik Kodam Siliwangi, waragad pangwangunan kakumpul tina potongan gajih paratentara katut karyawan Kodam salila dua taun. Harita, sababaraha minggu mah dua kompi tentara ngakut taneuh ti Lembang. Dibarung ku sumanget Siliwangi, antukna dina jero dua taun pangwangunan stadion rengse. Harita mah ukur aya tribun utama nu dijieun tina kai.

Tanggal 1 Januari 1956 stadion diresmikeun ku Panglima Kawilarang, direuah-reuah ku pertandingan persahabatan antara Persib Bandung ngalawan Persija Jakarta. Taun 1961, Stadion Siliwangi dipake kagiatan Pekan Olahraga Nasional (PON) V nu dibuka ku Presiden Soekarno.

Satuluyuna, Desember 1975, Stadion Siliwangi direnovasi, ngalibetkeun 300 pagawe, tur anggeus dina jero genep bulan, lengkep jeung tribun di sakuriling lapangan sarta nyumponan standar internasional. Jukutna nyaeta jenis green carpet, meunang ngimpor ti Ustrali. Meneran jeung poean Mieling 30 Taun Kodam III/Siliwangi, 20 Mei 1976, tanda rengse renovasi dilakukeun ku Mayjen TNI Himawan Sutanto, Pangdam Siliwangi harita.

Dicutat tina postingan Kang Rameli Agam dina Grup FB Pustaka Sunda
    Mairan ku Google
    Mairan ku Facebook