Metode Bahasa Inggris 468 x 60

Huap Lingkung

HUAP Lingkung teh salahsahiji acara dina upacara pernikahan adat Sunda. Dua pangantén silih huapan disaksian ku kulawarga, baraya jeung babaturanana.

Acara huap lingkung biasana dipingpin ku juru rias dibarengan ku panatacalagara. Kalengkepan nu disadiakeun nyaéta sangu penget sapiring, bakakak hayam hiji, jeung cai dua gelas/cangkir.

Penget téh sangu konéng biasana béas ketan, dibuleud-buleud leutik sahuapeun. Numutkeun kabiasaan disadiakeuna téh ku pangantén istri, simbol asakan munggaran ti pamajikan pikeun salakina.

Runtuyan acara huap lingkung kira-kira saperti kieu.
  1. Pangantén dihuapan ku kolotna séwang-séwangan. Ieu simbol huap panungtung ti kolot kanu jadi anak, yén tisemet ieu moal diuruskeun deui kunu jadi kolot sabab geus rumah tangga.
  2. Pangantén dihuapan ku mitoha. Huap munggaran simbol pangbagéa kanu jadi minantu.
  3. Pangantén silih huapan. Sasarina mah bari silih kaléng kana beuheung. Tujuanana supaya pangantén henteu ragab atawa ngarasa éra sabada diistrenan jadi salaki jeung pamajikan.
  4. Pangantén babarengan ngabetot bakakak, tuluy dagingna dituang babarengan ku pangantén. Simbol usaha salaki jeung pamajikan babarengan sauyunan nyiar rejeki. Rejeki téh bisa gedé bisa leutik, éta rejeki duaan. Kudu bisa silih béré silih lengkepan antara salaki jeung pamajikan.
  5. Pangantén silih inuman. Tah nu ieu mah maksudna pangantén atos taruang, piraku henteu ngaleueut bilih kabuhulan.

Acara huap lingkung téh bisa “nyairkeun” suasana sabada acara akad nikah nu sakral tur matak tegang. Komo panata calagara biasana sok ngagonjak ka pangantén, pangantén seuri kitu deui ger hadirin ogé milu seuri.

Ti: Grup FB Pustaka Sunda
    Mairan ku Google
    Mairan ku Facebook