Metode Bahasa Inggris 468 x 60

Kawih - Kania


Rumpaka:  Nano S.
Wanda:  Degung-Kawih
Juru Kawih: Nining Meida & Barman Sahyana


Ngangkleung tineung ngawang-ngawang
Bongan keukeuh bongan melang

Rumasa diri kabandang duh
Kalebuh geter kadeudeuh
Kapentang gandrung

Hayang kuring nyaritakeun
Mamanis dina melodi
Hayang kuring nguniangkeun
Antebna dina kacapi

Jadi lagu nu abadi
Wawakil titipan ati
Nu tetep imut kareueut
Najan asih samar sepi

Kania duh kania
Lindung asih lindung wulan
Liuh teuteup katresna

Nya ti anjeun kuring metik
Rasmik na hariring
Nya ti anjeun ieu lagu
Ngawujud tamper katineung

Kania duh kania
Deukeutkeun kuring keur nyanding
Dina ati anu wening

Nya ti anjeun kuring
Nyangga kabagjaan
Sumalanding dina lagu kahirupan

    Mairan ku Google
    Mairan ku Facebook