Metode Bahasa Inggris 468 x 60

Rangining



Rangining bèda jeung ranginang. Ranginang mah dijieunna tina bèas ketan, ari rangining mah dijieunna tina tipung bèas.  Ieu olahan has Garut. Biasana warnana bodas, beureum, hèjo jeung konèng.

Cara nyieunna kira-kira kieu:

Tipung bèas diseupan dicampur aci sampeu jeung samara, galohkeun terus dicitak. Dicitakna diperejelkeun siga kurupuk aci. Citakanana tèh tina kalèng urut susu, dibolongan makè paku. Adonan nu geus dicitak diseupan, terus dipoè. Nyieun rangining rada bangga, kukituna harga rangining leuwih mahal tibatan ranginang.

Rangining digorèngna tèh beukah siga kurupuk aci, rasana gurih. Lian ti rangining tipung bèas, aya ogè rangining sampeu.
    Mairan ku Google
    Mairan ku Facebook